Di sadésa Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjuuhna téh. Lain sing angkuh, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi gé. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapi lahangna kos nu atah raru, sok haseum baé.
Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus pérak mah sapoéna éta kawung téh bisa méré, teu hésé-hésé. Lakar daék baé ngaropéana.
Dina enggoning nyadapna harita, éstu sagala élmu Aki paméré ti nini-aki diketrukkeun kabéh boh jangjawokan boh kiat tarékahna sangkan meunang lahang loba tur alus, kabéh dijalankeun. Ieu téh awahing hayang kaanggo ku Ratu baé.
Waktu lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharéwoskeun jangjawokan. Kitu deui waktu geur rumamat. Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu dicitak, lantaran apan rék nyieun gula kerenceng jeung gula sireum téa.
Sajeroning ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, ménta sangkan gulana kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula kerencengna. Taksiran paneda Aki téh diijabah. Éta baé hasilna cék Aki mah éstu nyugemakeun pisan. Tuluy ditorosan, dihadé-hadé, sangkan engké di mana aya nu ti désa, kari sok. Waktu Ki Punduh Cakra tiba rék nyokot gula haturan Kangjeng téa, bari ngasongkeun téh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambéh gulana dipiasih ku Ratu, kamanah ku ménak.
Lila Aki ngadagoan béja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poé Punduh Cakra tiba deui.
Pokna: “Ki Sukarma, gula kerenceng jeung gula sireum téh geus katampi ku Kangjeng Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. Ieu kuring masrahkeun suratna….”
Bari ngadeg seg Aki nampanan éta surat. Aksarana karakter Sunda. Hég ku Aki dibaca. Mun teu salah kieu unina téh:
“Ki Sukarma di Babakan Kiara, Désa Mandalasari. Ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira Tanu Ningrat, méré béja yén gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadéna.
Dina ieu surat kaula méré duit, lumayan pikeun dipaké jimat ….”
Kitu asana éta eusi surat téh. Enya éta surat téh dibarengan ku uang sabénggol. Bener sabénggol, teu kurang teu leuwih.
Upama diitung ku harga gula mah, duit sabénggol téh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi ngingetkeun, yén éta duit téh—sanajan ngan pangaji sabénggol-citresna ti nu jadi ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yén éta uang kudu dijieun jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.
Ti harita kawung anu tadi téh dibéré ngaran Kawung Ratu. Kabéh urang Désa Mandalasari, nepi ka Désa Puspahiang ogé geus nyarahoeun, yén Aki meunang pris. Pris kahiji malah di sa-Salawu ogé.
Dina hiji peuting bet éta kawung téh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita, éta kawung téh bet leungeunna sarta sirahna saperti awéwé, pohara geulisna. Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tetapi kawung. Ngong éta burok kawung téh ngawih anu maksudna ménta ka Aki persénan ti Ratu. Anggeus ngawih, ana koréjat Aki hudang. Bet maké muringkak bulu punduk. Inget harita malem Jumaah kira wanci janari leutik. Kaganggu ku mikiran keinginan, Aki teu saré deui nyileuk baé. Ceuk haté: Enya Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng téh mundut persénan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus dipikir dibulak-balik gilig wé haté téh, yén uang sabénggol nu ti Ratu téa, rék dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu ogé, hakna.
Kacaritakeun isukna, rebun-rebun kénéh, Aki geus indit, bari mawa uang bénggol, rék ngajalankeun niat téa. Tah harita meunang kareuwas nu pohara téh.Ti kajauhan gé geus katémbong, yén di handapeun Kawung Ratu aya jelema. Ana ditelek-telek, geuning éta jelema téh nu rék deleka, da keur ngagedék baé nuar Kawung Ratu. Nataku Aki séwotna, sérépét nyabut bedog panjang bari ngagorowok.
“Sia rék nuar kawung aing, hah?” Hayang dicacag?”
Jelema nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manéhna téh Ki Tasrip téa. Enya Ki Tasrip nu éléh pris téa. Tah barang manéhna neuleu beungeut Aki, gancang manéhna mabur, lumpat tipaparétot. Ku Aki meunang sawatara pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cék ingetan karo-karo burung. Tuluy wé balik deui kana kawung. Diilikan tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu téh, hadéna can pati jero. Leuh diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung téh. Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di Désa, malah julukan Kawung Ratu ogé geus kawangikeun. Piraku wé mun teu mentegeg upama aya nu nuar téh.
Kaharti ku Aki, Ki Tasrip téh sirik, pédah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuhna éléh ku Kawung Ratu. Ari kituna mah, nya sarua waé meureun jeung Aki, manéhna ogé hayang kamanah ku ménak, hayang kaanggo. Tapi nasib hadé aya di Aki. Banget-banget Aki nganuhunkeun ka Pangéran jeung ka para karuhun nu ngawaris jangjawokan jeung élmuning kias tarékah téa.
Éstu jadi udagan Aki, jadi udagan saréréa, hayang jadi somahan anu hadé téh. Da ngarumasakeun hirup digeugeuh ku ménak. Maksud Aki téh di dunya. Makara taya barang kinasihan, upama dipundut atawa dipikapalay ku nu ngaheueyeuk nagara mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan. Katurug-turug Aki percaya pisan, yén dawuh Ratu mah sok saciduh sametu, sabda ménak sok saucap faktual téa. Aki yakin, ku kaanggona gula kerenceng jeung gula sireum, tina Kawung Ratu, bakal aya karasa kana kahirupan Aki. Buktina éta Kawung Ratu téh beuki jugrah baé lahangna.
Tah nya kacaritakeun duit bénggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki diasupkeun kana haté Kawung Ratu. Mimitina mah rék di béh handap baé, kabeneran aya urut kampak téa. Ngan dipikir, bisi aya nu manggihan. Ku lantaran kitu, térékél naék kana sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, hég molongoan tangkalna, bes si bénggol téh diasupkeun bari ngomong: “Ieu Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi…”
Ti harita Kawung Ratu téh dieusi bénggol jimat. Anéh karasana ku Aki asa aya komaraan sanggeus kitu téh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cék haté.
Isukna Aki meunang béja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung manéh dina tangkal Kawung Juuh. Innalillahi, cék haté. Manéhna maot lantaran éléh pris meureun. Éléh berjuang cék basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu. Teu ngabibisani, cacak mun Aki éléh ogé, kana kawas manéhna. Ngan teuing kétang ari kudu ngagantung manéh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somahan nu hadé mah, niscaya aya.
Ujang, Nyai, geuning maranéh téh ngabandungan omongan Aki berdiri pogot kitu? Naha ramé pangalaman Aki téh? Asa teu pira pilakadar ngadongéngkeun kawung! Panjang soténan dipanjangkeun ku Aki. Itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.
Jigana, tangtu Ujang Nyai ogé boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan rayat meureun cék basa ayeuna mah nu hadé. Enya? Piraku baé mun henteu téh. Ari lantaranana apan urang hirup téh éstu kapurba ku ménak. Cék ayeuna mah meureun ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki percaya pisan, yén tangtu sarua, mo béda. Upama geus béda, nya béngkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malungkir ka nu jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!
Ku karena kitu, waktu dina hiji poé Aki kadatangan jurungan ti Kacamatan, yén Juragan, éh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki téh éstu disanggupan pisan. Ras inget ka jaman baheula. Ieuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi ménak téh. Teu pédah jaman baheula teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua baé. Ménak mah ménak baé, sanajan ayeuna geus ganti ngaran ogé, da hakékatna mah moal béda.
Kira dua ahad ka tukang, waktu Aki néang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman anu matak ngajenghok. Nya éta deukeut tangkal kawung geus aya calécér . Beu, cék haté, tangtu ieu téh calécér ti Désa nu rék ngalegaan jalan. Ari disidik-sidik, sihoréng calécér téh ayana béh ditueun kawung. Harita Aki ngaheruk lila pisan, rét kana Kawung Ratu, rét kana calécér.
“Emh, deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun manéh téh bakal dituar da jalan rék digedéan,” cék haté. Nya éta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu téh jadina méh dina kuta pisan, jadi kasipat ku calécér téa. Pohara Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana paréntah ti Désa. Mangkaning kawung Aki téh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul. Kaprikornus pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, Aki satadina mah ngandelkeun ti Kawung Ratu. Tapi harita rék dituar, titahan ti Désa.
Ari nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Désa jeung Kacamatan téh sarua baé kudu diturut paréntahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua ménak nu wajib sinembah téa.
Aya nu matak ngarugikeun Aki téh. Nya éta upama paréntah ti Désa diturut. Atuh meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da éta paréntah nu kudu diturut.
Upama teu diturut, beu aya kudua atuh Aki téh nyontoan ka nu ngarora. Apan tadi ku Aki geus dicaritakeun, yén upama kitu, béngkok sembah téa. Éta aki teu niat, bararaid teuing!
Tapi Aki perlu ku éta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut ti Kacamatan téa. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, namun éta pamundut ti Kacamatan.
Ieuh Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari pakasaban Aki… Ah, nyaéta atuh Ujang, Nyai, sabenerna Aki butuh pisan ku éta kawung téh. Éta téh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh éta kawung meureun Aki beuki kokoro.
Makara sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan boh pikeun kahirupan Aki sorangan.
Beuki dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bersamajeung paréntah ti Désa sangkan Kawung Ratu gancang dituar. Duanana paréntah ti ménak, duanana kudu diturut.
Ari peuting tadi bet éta Kawung Ratu téh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki mah boga fikiran, yén éta kawung téh lain sakawung-kawungna, éstu titisan Nyi Mas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Déwi Sri urang kayangan. Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadap éta kawung, pohara enya-enyana, dipusti-pusti pisan, cara ka jelema baé.
Enya, éta kawung téh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manéhna némbongan ngarupakeun hiji putri nu maké pakéan sing sarwa bodas. Hég ngagupayan ka Aki. Ari disampeurkeun bet kadéngé manéhna ngawih, pokna:
Pileuleuyan, pileuleuyan,
Kuring digupay ku langit,
Pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring ditundung ku bumi.
Kuring digupay ku langit,
Pileuleuyan, pileuleuyan,
Kuring ditundung ku bumi … Ku Wahyu Wibisana Tina Sawidak Carita Pondok