Béntang Lapang
Pangling pisan cenah nénjo Kadir téh. Kitu ceuk hiji batur kuring nu geus lila ningglakeun lembur, pindah ka kota séjén. Pangahirna nénjo Kadir maén téh baréto basa méméh cilaka. Nyaho éta budak ngaringkuk di rumah sakit ogé cenah ukur ceuk béja baé wungkul. Ari ayeuna. Sataun ti sanggeus kadir maén bal deui kalawan enya-enya diasuh ku Basri, manéhna lalajo. Pangling pisan pokna. Geus pohara majuna budak téh. Ayeuna mah enyaan, geus méh asak cenah budak téh.
Lain wungkul dina harti tehnik maén bal, atawa dina widang pangabisa pribadi cenah kaatembongan majuna kadir téh, tetapi jeung dina paningalna kana permaénan sagemblengna di tengah lapangan. Geus mampu nuduhkeun kumaha kuduna. Geus mampu maca permaénan ! Da henteu unggal béntang lapang nyaho kana permaénan sagemblengna. Aya nu ngan ukur nyaho kana maén sorangan wungkul, bari teu boga paningal kana sagemblengna nu kajadian.
Geus bisa kadir téh kana kitu mah. maksud téh kana nénjo sagemblengna ! Ku kituna, manéhna téh lain ngan geus bisa maén mampu berdiri diatas kaki sendiri wungkul, henteu gumantung teuing ka batur, api ogé jeung bangkit geus bisa diandalkan jadi tugu deuih, jadi lulugu pikeun baturna. Dalah pikeun pamaén nu umurna saluhureunana ogé saperti Adang, Arifin atawa Hanafi manéhna jigana geus jadi nu mampu dituturkeun.
Jeung kacida kacirina deuih cenah, tapak latihan Basri téh. Da mani jiga klise Basri atuh maénna ogé. Ngan bédana téh ieu mah, ku lantaran awakna leuwih lampayat, jadi maénna leuwih cepet batan guruna. Dina lebahgerakan-gerakan tipu jeung lebah nyusul kana sela-sela pertahanan lawan nu katénjo leuwih ti Basri téh.
Pangabisa Basri anu henteu, atawa bisa jadi acan kasusul ku kadir téh ngan dina lebah kapastian nyitak gul jeung dina merenahkeun méré bal sodoran wungkul. Bisa jadi ari masalah kapastian nyitak gul mah, bakal téréh-téréh katepi kbisa Basri téh; éta mah diihiaran ku kapercayaan ka diri sorangan nu leuwih gembleng.