Wawacan Purnama Alam – Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik

Ratna Suminar Nepangan Dewi Pramanik – Kinanti

Ratna Suminar kacatur, sareng Patih Mandrawati, ngalayang di awang-awang, ngarandeg dina wiati, marga aya nu katingal, ku Sang Ajeng Ratna Putri.

Lapat-lapat puncak gunung, sidik aya taman sari, jeung gumebyar cahayana, tingburinyay tingkaretip, tur aya bandéra di tengah banjaransari.

Ratna Suminar seug nyaur, ka Nyi Patih Mandrawati, Bibi kawasan naon eta, mana leuwih teuing rasmi, kaya karang kalanenan, kawasan pelesir narpati.

Mandrawati seug ngawangsul, bilih teu acan ningali, enya ngabujeng ka dinya, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norojol teu pamit.

Gamparan sumangga atuh, di dieu tong lami-lami, énggal ngabujeng ka dinya, Ratna Suminar ngalahir, ah kula mah moal waka, turun norojol teu pamit.

Kula di dieu rék tunggu, Bibi anu kudu gasik, ngadeuheus unjuk uninga, ka kersa Déwi Pramanik, unjukan aya kaula, jin ti nagri puserbumi.

Badé katur sembah sujud, ka kersa pangkonan Déwi, pék ayeuna geuwat-geuwat, Mandrawati, tapi henteu asup kebat, dina lawang baé cicing, deku tedak kahormatan, jeung déhém malar kakuping.

Ngajugjug ka lawang kidul, Nyai Patih Mandrawati, tetapi henteu asup kebat, dina lawang baé cicing, deku tedak kahormatan, jeung déhém malar kakuping.

Gancangna anu dicatur, harita Déwi Pramanik, di beulah kalér lenggahna, ngadéngé nu déhém tarik, sada-sada batuk kuda, teu lami Déwi Pramanik.

Kumaha ngaran téh nimu, coba putra neda warti, Mandrawati wawangsulan, aya hibaring Sang Déwi, kénging miwah salametna, nu mawi dumeuheus deui.

Nyaéta badé miunjuk, wiréhing parantos kénging, anu kacatet Nurjaman, tina lambey Sang Putri Jin, keur matamon di Riskomar, putri Ratu Puserbumi.

  Tokoh Sastra Sunda

Malah ayeuna di luhur, sasarengan sareng Bibi, wiréhing parantos kénging, wiréhing aya kersana, badé nepangan Sang Déwi, lenggahna di jomantara, margi ngantosan paidin.

Sang Déwi Pramanik nyaur, coba atuh sina linggih, ku putra téh diantosan, Mandrawati henteu lami, belesat ka jomantara, ngemban dawuhan Sang Déwi.

Ari Sang Pramanik terus, lebet ka jero masigit, tina badé katamuan, neda sih Gusti Yang Widi, tina sagala teu aya, baris ngahormat nu sumping.

Teu lami Putri ngadangu, soara tan katingali, montong jadi kasusahan, baris ngahormat putri jin, duméh sagala teu aya, ayeuna ku Nyai gasik.

Éta jimat Putra Sunu, Nursajati baé perih, kebutkeun bari péntaan, naon sakahayang Nyai, nu pantes pikeun ngahormat, tangtu baé mampu jadi.

Déwi Pramanik ngadangu, piwurukna sora tadi, Nursajati seug udar, dikebutkeun diperedih, bari disebat ngaranna, aéh jimat Nursajati.

Coba kami menta tulung, réh rék nampi tamu putri, réh rék nampi tamu putri, sémah ti dasaring lemah, ménta, ménta suguh sing utami, ulah aya kakurangan, tuangeun jeung prabot calik.

Kulambu jeung daerah tidur, eukeur kulemna Sang Putri, sing cukup kuma biasa, pangangkeun ka tamu istri, harita dadak sakala, keur pangangken geus sayagi.

Nyi Mandrawati kacatur, geus tepang jeung Ratu Puri, dina kalang méga bodas, Ratna Suminar teu lami, ka patih buta mariksa, coba kula ménta warti.

Kumaha geus aya saur, éta Sang Déwi Pramanik Mandrawati nga wangsalan, ka Sang ratna Ayu Putri, gamparan sumangga lenggah saurna Déwi Pramanik.

Ratna Suminar kalangkung, ngaraos bingah nya galih, henteu aya papadana, dumugi raosing Putri, ngalantung di pawenangan, ngalinjing di alam lahir.

Nembé mendak bingah kitu, lir catur nimat sawargi, ku asa nampi panyambut, angkiran Déwi Pramanik, bawaning ku lintang bingah, teu kendat gumuyu *** Dicutat tina Wawacan Purnama Alam Karangan R. Suriadiredja Halaman 146-147 Jilid 1 Citakan Katilu Penerbit : Balé Pustaka 1956.