close

Wawacan Jaka Umbaran


 Sami suka miasih ngahegarkeun urang lembur Wawacan Jaka Umbaran
Bubuka Wawacan Jaka Umbaran  


Sinom

1. Pirang-pirang kabingahan, medalna buku surandil, nu geus nyebar sa Pasundan, nerekeb ka distrik-distrik. Sami suka miasih ngahegarkeun urang lembur, nawiskeun gumbirana, rasmi ngageuingkeun pikir. Ngeuyeub-ngeuyeub mapaes tanah Pasundan.

2. Piangkoh taya wangena, henteu weléh itikurih, maksakeun sabisa-bisa, neraskeun layang Surandil, nu iyén nu ditulis, disebatna Indrabahu, lalakon Jaka Umbaran, teu sanés nu jadi bibit, cariosna Ningrum jeung Suria-Ningrat.

3. Najan dongéng pamohalan, kasebat estu tidak mungkin, menggah ceuk nu ayeuna mah, pamohalan liwat saking, manusa weduk sakti, aya nu bisaeun ngapung, sentakna sada gelap, nu nguping matak teu éling. Iyeu kabeh dimisilkeun guguyonna.

4. Éstu anu dipalar mah, agar urang pribumi, resep sering bucu-baca. Senang bari ngahariring, upadi murang kalih, keur mahamkeun kana lagu, abjad sareng basa, kanggé nambih-nambih harti. Malak mandar hasil aya paedahna.

5. Kalihna anu dimaksad, sangkan dongengna, teu leungit, nya’ah kawantu pusaka. Titinggalan nini-aki, ulah disingkir-singkir, sing langgeng turun-tumurun, keur nimbang-nimbang lampah. Keur pangéling-ngéling pikir. Ngemut-ngemut jamana karuhun urang.

6.Menggah pribados nu ngarang ngan wungkul nyisieup dangding. Diajar sabisa-mampu nurutan nu binangkit. Nanging teu mirib-mirib. Dangding masih pabaliut, carios heunteu mayit, basana kirang patitis. Ngan ieu mah estu keur lulumayanan.

7. Tina eta muga-muga, aya sihing pangaksami. Sareng nyuhunkeun sapaat, ka arwahna anu Suci, nu kagungan damel nganggit, ieu layang Indrabahu. Mugi mukti mulia di kalanggengan. hanca … Tina Bubuka Wawacan Jaka Umbaran – nyutat tina wawacan kuna – dipasieup deui ku Bratakoesoemah – Bandung 1921.