close

Taman Pamekar Jilid 1

Imahna Aman di Cicalengka pinuh kurupa-rupa kekembangan 

Imah Aman segi jalan, katembongna raresik naker.
Bilikna dikapur, jandéla-jandélana jeung panto-pantona di cét héjo, tepasna dikacaan.


Diburuanana aya bunderan, pinuh kurupa-rupa kekembangan nu keur meujeuhna mangkak : aya eros, daliah, hérbras jeung malati susun. Kembang sedep malem ogé aya di segi pager.

Isuk-isuk saméméh indit ka sakola, Isah sok beberesih jeung bébérés heula.
Mimiti tengah imahna disapuan, terus tepas hareupna.

Enggonna ogé tara kendat disapuan jeung dibéresan deuih. Nya kitu deui paparobatan : korsi, méja, lomari jeung bupét teu aya nu kaliwat, diserebétan nepi ka harérang. Nempatkeunana parabot imah éstu bérés jeung merenah, matak betah anu nyémah.

Aman ogé sok mantuan sasapu di buruan. Runtahna dikeduk, tuluy dipiceun kana lombang.
Kamar hareup sok dipaké ngapalkeun ku Isah, da ngarah jongjon cenah, kawantu Isah mah geus kelas 6, ngapalkeunana kudu leuwih getol, diajarna leuwih enyaan, ambéh lulus cobaan ka sakola lanjutan.

Ditukangeun imahna aya balong, dipelakan rupa-rupa lauk, aya : lauk emas, tawés, mujaér, nilem jeung guramé.
Aman jeung adina sok ngaruseup di dinya.
Tambakanana dipelakan kacang panjang, diturusan ku régang awi haur. Buahna laleubeut jeung paranjang mani ngagarebay.

Lain ngan kacang jeung paria-belut baé nu dipelak di dinya teh, taleus bogor oge aya.
Daunna keur parab guramé, ngarah teréh galedé cenah.
Matak betah nya, cicing di imah Aman mah … !!!  Tina : Buku Taman Pamekar ka I bacaan kelas 3 Sakola  Dasar.