Sugriwa Jeung Subali

Sugriwa jeung Subali” width=”640″ />



Walungan Paranti Déwa

Kurang leuwih 2000 taun katukang, sabudeureun suku Gunung Himalaya diparéntah ku Raja Sidaharta Gotama, ari praméswarina katelah Déwi Indrapat. 

Raja téh putrana tilu, cikalna Sugriwa, anu panengah Subali, anu bungsuna nya éta Anjani.

Raja Sidharta téh kacaturkeun gentur tapa, mindeng ninggalkeun nagara. rayatna gé loba nu nurutan raja, resep tapa bari nunda kahirupan keur di dunya. Lila-lila mah nagara téh acak-acakan. Karaton jadi kalotor, pakarangan barala pinuh ku runtah.

Déwi Anjani nu tadina keur geulis téh busuk kebijaksanaan, ngadak-ngadak jadi ogo, teu payaan. Kungsi ceurik ngadingdiut sapeupeuting teu beunang diupah-apéh.

Supaya daékeun répéh, ku praméswari dipaprin cupu jimat pasihan Batara Guru. 
Sanggeus dipaparin cupu, ngadadak ogona cageur.

Sugriwa jeung Subali kabitaeun hayang nyaho cupu téa, lantaran nurutkeun béja, mun ngilikan diluarna bakal awas kana sabéh barang di langit, mun dibuka bakal awas kana sabéh saeusining bumi. Ku karena unggal dicoba rék nginjeum keukeuh teu dibikeun waé, ger baé tiluanana paséa rongkah marebutkeun cupu téa.

Raja kacida benduna, teu panuju marebutkeun hiji cupu nepikeun kaparaséa. Gancang cupu téh direbut, keleweng dialungkeun.

Kalawan nandangan sedih, bral waé tiluanana kalaluar ti karaton, leumpang  sakaparan-paran, nuturkeun indung suku.

Sanggeus meunang lima bulan asruk-asrukan jero leuweung geledegan, bréh manggih walungan. Caina ngagenclang hérang, watu-watu jeung kikisik nu ngampar dasar walungan katarana écés pisan.

Kabita ku cai canembrang hérang, gancang waé Sugriwa jeung Subali téh tuturubun ka walungan, kokojayan teuteuleuman. Ari Déwi Anjani mah ngan ukur sibeungeut hungkul. 

Barang hanjat ti walungan nu duaan silih rérét, pohara kagéteunana duanana pada-pada jadi jadi monyet, awakna pinuh ku bulu. Ari Dewi Anjani mah buluan ukur beungeutna hungkul.

Manahoreng éta téh walungan karamat, paranti Batara Siwa. Nu séjén teu meunang mandi didinya. Kenging : Teruna tina Manglé Alit no.879 .  3-9 Mei 1983.

  Cerita Sunda Sasakala Rancadarah Purwakarta