close

Sajak Sunda Tangtungan

Tangtungan
Ku: Santi Kania

Di kamar pasagi kuring ngawangun diri
tina poé-poé lawas ilang
jeung mangsa nu bakal datang diri diharudum sepi. 

Kungsi tiba parawan béntang
dina panonna aya sorot katengtreman
dina imut manggih asih sarangkuman.

Tapi diri lain lalaki nu boga tangtungan
kabébasan haté aya dina canggeuman
indung bapa jeung kulawarga
manéhna nu kumawasa.

Di kamar pasagi kuring noropong diri
tina kagagalan nu karandapan
jeung kasureman nu keur disorang
sabab leungit hiji tangtungan.

Bandung 68.

Tina Majalah Sunda manglé no.269. Mei.1971

Geterna Rasa
Ku: R.A.S

Anteng enggoning mumuja
rurumbé kersaning jaya
getering sora anu mulya
awor ing rasa nu enya
wekasan terperinci ka Gusti
ingkah saliring dumadi
lampahna tara pahili
ibarat Gondéwa-paksi
semprungna bersamangahiji.

Panineungan, September ’70 

Tina Majalah Sunda manglé no.269. Mei.1971

  Karya A. Hasmi