close

Sajak Sunda Seuneu Bandung



Seuneu Bandung
Saha anu mampu mareuman seuneu Bandung
geni sakti nu nyebrot ti dapur Cikapundung
najan laaut kidul
ngolétrak dipaké nyiram ?

Seuneu Bandung
Dayang Sumbi gupay pucukna
Tangkuban Parahu jadi suluhna;
sut urang sundur
nyeungeut obor kemerdékaan
bray caang lampu néon yutaan watt

Langit ngempray, leungit harepan
seuneu teuneung, geni kawani
ngaléntab sagara keusik
ngahuru, ngabela-bela
ngaduruk leuweung-ganggong langit-langgong
Afrika-Asia bébas merdéka

Seuneu nyeubrot ti dapur Cikapundung
geni-sakti, cahya Ilahi
hamo bisa dipareuman !
Kenging: Karna Yudibrata. Dicutat tina buku Penuntun Pengajaran Sastra 1974 Karangan: Yus Rusyana

  Rekreasi Ke Bandung Tempo Dulu