close

Sajak Sunda Baheula – Aki Jeung Balon

 boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung Sajak Sunda Baheula - Aki jeung Balon

Aki jeung Balon 

Beurat teuing léngkah aki ngukur jalan
kota Bandung geus lazimku aki mah diléngkahan
dibaturan ku sahabat ngaran rancatan
anu rantuy digantungan barang-barang kaulinan

kakapalan kukudaan tarompét henteu tinggalan
geus lazimunggal poé ka unggal budak nawarkeun
ujang geulis, yeuh tingali barang aki
geura  galeuh keur ameng engké di bumi

aki … !!! abdi mah da hoyong balon
deudeuh teuing kasép di aki mah henteu aya
niupna gé aki mah geus teu kawasa
ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
ari aki sakieu nya kakolotan

mending ogé kasép ieu yeuh kokolécéran
lamun angin mutérna téh aduh ku lelet pisan
resep teuing ngké ameng lulumpatan

Aki … !!! ka dieu … !!! kétang da abdi mah moal meuli
ulah kitu kasép bet abong ka aki-aki
ceuk sepuh mah kasép ngaheureuyan téh pamali

hiji dua léngkah teuing beuratna
aya haté milu lewang paur umurna bret pegat
teuing di mana si aki tetep nya matuh
boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
ngan nu faktual kulitna asak ka poé

aki, mun ngajoprak segi jalan saha teuing nu nulungan
aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
aki, mun pegat di jalan saha anu ngarawatan
aki … !!! aki … !!! rék ka mana lamun panon poé sare … Kénging Ami Raksanagara Dicutat tina Sipatahoenan, November 1960

  Sajak Sunda Sawah