close

Pidato Bahasa Sunda Multatuli Ajudan Residen Lebak Banten Tahun 1854

Pidato Bahasa Sunda Multatuli Asisten Residen Lebak Banten Tahun  Pidato Bahasa Sunda Multatuli Asisten Residen Lebak Banten Tahun 1854

Waktu Multatuli ngasta padamelan jadi Assisten Residen di Lebak, ngadamel biantara heula ka kapala-kapala di Banten Kidul. maksud anjeunna teu aya deui kajaba ti rék ngajalankeun adil.

Geura kieu dawuhanana :
” Ka kangjeng Adipati, Bupati Lebak : ka para Wadana anu jadi kapala districk di ieu kabupaten : ka Radén Jaksa anu nanggung kasus pengadilan, jeung ka Radén Kaliwon anu nanggung paparéntahan di jero kota. jeung ka para Mantri jeung ka sakabéh kapala-kapala nu séjén di kabupatén Banten Kidul, kaula, ngahaturkeun salam.

Bungah kula ningal sakabéh kapala karumpul di ideu nu baris ngareungeukeun ngahaturkeun salam.

Kaula terang, yén diantara kapala-kapala  ieu nu suci atina sarta réya kanyahona. Paneneda kaula muga-muga, kulantaran kauninga anjeun saréréya, pangarti kaula jadi tambah. Sabab pangarti kaula tacan tepi ka nu dimaksud ku kaula. Kaula resep pisan kana nyieun kahadéan téh jeung hayang pisan jadi jelema hadé, tatapi mindeng pisan ku kaula karasa, yén dina ati kaula réya kakurangan jeung kasalahan anu ngahalang-halang jeung anu megatan kana jadina kahadéan téya. Meureun anjeun pada uninga yén tangkal anu gedé téh sok ngalindih jeung sok matak paéh kana tangkal anu leutik. Ku sabab éta tangtu engké ngawas-ngawas saha diantara anjeun saréréya anu luhung manahna : pibatureun kaula, malakmandar ku karena campur jeung jelema hadé kaula mampu leuwih hadé ti batan ayeuna.

Banget paneda kaula, muga-muga iyeu sakabéh kapala ginanjar kawilujengan.

Bungah tanpa wilangan haté kaula waktu nampa dawuhan ti Kangjeung Tuwan Besar, yén jadi Assistén Résideén di diyeu.

Sakabéh kapala meureun geus pada uninga, yén kaula kara ayeuna pisan nincak Banten Kidul. Ku sabab éta pangheulana anu dipénta ku kaula nya éta surat-surat anu nyaritakeun sagala kaayanana ieu kabupatén. Nurutkeun unggeling vta surat, di Banten Kidul réya perkara anu hadé. Abdi-abdi rvya nu nyawha di legok-legok jeung ngahuma di gunung-gunung. Jeung deui pangharepan anjeun saréréya tangtu taya liyan, ngan hoyong ayem tengtrem reugreug pageuh. Hirup ngahenang-ngahening. Kitu deui tangtu anjeun saréréya mowal pisan-pisan hayang matuh di tanah-tanah séjén anu dicicingan ku deungeun-deungeun. Péndékna tétéla kacida, yén di Banten Kidul téh réya masalah anu hadé pisan.

  Bandung Tempo Dahulu Di Tahun 1950An

Tapi lain tina perkara éta baé, anu matak bungah ka kaula téh. Di séjén tempat ogé mindeng manggih masalah nu hadé mah, Anu ngajadikeun bungah taya wiwilanganana ka kaula, nya éta ku sabab kaula meunangmeunang béja, yén abdi-abdi di idyeu réya nu miskin.

Kaula nyaho yén Gusti Allah téh welas asih ka nu miskin jeung ka nu sangsara. Gusti Allah maparinna kabeungharan ka jelema nu loba dodoja ku anjeunna. Tapi ka nu miskin Gusti Allah ngutus jelema nu ngemban dawuhanana, sangkan nu miskin hatvna teger pangger.

Lain, Gusti Allah téh geus nurunkeun hujan ti langit ? Nyaian tanah anu pepelakanana pérang ? Maparin ibun, pikeun ngahirupkeun kekembangan ?

Lain kabina-bina mulyana urang dipiwarang néyangan jelema anu maropo ku gawé jeung nu kalémpohan di jalan sarta ngagolér di dinya, lantaran teu kuat deui leumpang nenyangan kahirupan.

Lain kabeungharan anu tanpa wilangan keur kaula, lamun kaula mampu nyodorkeun leungeun ngahanjatkeun nu tigugbrag kana balungbang ? Jeung lamun mampu méré iteuk kanu rék nanjak ka gunung ? Bungah teu aya babandingankaula kaselir pikeun nulungan hamba Allah, supaya nu ngarasula kabéh nepi ka daraék nunuhun ka Pangéran nu ceurik kabéh daék maruji sukur ka Nu Kawasa.

Bungah éstu bungah kaula diutus pikeun ngajalankeun adil palamarta di Banten Kidul.

Kaula geus ngomong ka nyonya kaula, anu sakasuka-saka-murung jeungkaula, sarta anu ngawawuwan kabungahan kaula. Kiyeu omong kaula: “Manéh kudu sujud sukur ka Nu Maha Suci, karna anjeunna geus maparin berkah ka anak urang. Anjeunna geus miwarang ka kami cekel gawé di hiji nagara, anu masih kénéh bérésaneun, kawuwuh ngersakeun urang datang ka diyeu saméméh ususm dibuwat duméh manéhna bisa mibuwatan paré pelakna pribadi. Kabungah manusa téh lain ku karena meunang buruhan nu sapantesna.” Jeung deui kaula geus ngomong ka nyonya: “Gusti Allah geus maparin ka urang anak lalaki sasiki. Jaga meureun anak urang nyarita: “Kaula téh bisi aranjeun teu aruninga, anakna MULTATULI téya, anu baheula jadi Assistén Residén di diyeu ! Tangtu meureun réya jelema urang diyeu anu baris ngaku sarta ngajak sasalaman kalawan kacintaan: malah meureun maké aya nu ngusapan sagala, bari ngomong:” Aéh-aéh ! karah tuwan téh putrana MLTATULI téya : mangga calik. Urang tuang leueut saaya-aya. Mangga hoyong naon, mowal burung disayagikeun. Kuring terperinci pisan kana kasaéan rama.”

  Sejarah Gedung Bumi Siliwangi

Para kapala Lebak ! Kaula lain ngomong lalawora, di nagara anjeun téh, réya deui anu perlu dibérésan.

Caritakeun sing tarabasna ! lain di diyeu réya jurutani anu miskin ? Lain mideng pisan kajadian, bet paré anjeun didaharna sok ku nu teu pipilueun hésé capé ? Lain réya pisan perkara nu salah ? lain réya kajahatan di nagara anjeun ? Somahan di désa-désa lain ngan saeutik.

Naha anjeun henteu éra, upama aya nu datang ti Bandung ti nagara ka wétankeun, anu nanyakeun ka anjeun : “Di mana ari pilemburan di diyeu ? Di mana tukang tanina ? Naha bet di diyeu mah teu ngadéngé sora gamelan, nu jadi tanda jalma-jalma keur saruka ati ? Naha bet di diyeu mah teu ngadéngé barudak awéwé nu narutu di lisung ?”

Anjeun henteu ngarasa peurih dina ati, upama anjeun nyaba ka beulah kidul, mireungeuh pagunungan anu lampingna teu aya caian ? Mireungeuh pategalan suwung, teu aya mundingna, teu aya nu migawéna, teu aya ururt-urutna acan ?

Bangét murung haté kaula jeung haté anjeun ogé, sedih anu teu aya babandinganana, mireungeuh kaayaan nu sarupa kitu. Ku sabab éta urang saréréya wajib sujud sukur ka Nu Maha Suci, dumeh urang dikersakeun kudu ngaharjakeun iyeu nagara. Cag. Dicutat tina E. Douwes Dekker. Salinan tina Volksalmanak 1920.