Paribasa Sunda Cikaracak Ninggang Watu


Cikaracak Ninggang Batu  Cikaracak teh cai anu nyakclakan  Paribasa Sunda Cikaracak Ninggang Batu

Cikaracak Ninggang Batu
Cikaracak teh cai anu nyakclakan (leutik tangtuna oge, da lamun gede mah ngaranna ngagolontor) boh tina dangdaunan, tatangkalan, atawa tina naon bae anu sipatna alami, teu ngahaja, teu dijieun-jieun. Mun ditengetan kamana ngeclakanana atawa ragragna, biasana kana lebah nu legok.


Nu legokna teh bisa taneuh, bisa kerikil, bisa naon bae. Ke, ke, ke, legok heula atawa nyakclakan heula? Jawabanana : pasti nyakclakan heula, kakara legok, sabab legok nu muncul teh mengrupa hasil gawe si cikaracak ieu. Ku leukeun jeung teu galideur, najan lila jeung butuh kasabaran, tetapi teu burung aya hasilna, teu burung legok.
Paribasa nu disebut di luhur teh sabenerna mangrupa pepeling, mun lain filosofi kahirupan urang Sunda ge, ti kolot-terbelakang urang, karuhun urang dina enggoning kumelendang di alam dunya. Mun hayang hasil maksud, nya kudu leukeun, wekel, tur sabar, bari jeung angger usaha sangkan naon nu dijalankeun ku urang tetep ajeg (istiqomah), teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Sabar dina harti gres tetep usaha satekah polah sangkan naon rupa nu jadi udagan urang mampu laksana. Kitu saur para sepuh, karuhun urang Sunda.

Najan ieu teh mangrupa paribasa Sunda, niley filosofisna sabenerna universal tur lintas budaya, sabab sok sanajan teu dilembagakeun dina wangun paribasa upamana, hal ieu teh mampu dilarapkeun di mana wae, ku saha wae jeung dina komunitas budaya mana wae.

Komo deui upama hal ieu kabeneran dilembagakeun dina wangun nu seperti-seperti alias memper-memper. Ieu tangtu beuki ngajentrekeun yen memang filosofi cikaracak oge dipuhit dina budaya seler sejen. Dina basa Jawa upamana, pan aya paribasa ‘alon-alon asal kelakon’, anu sok sanajan teu nyeples sarua jeung filosofi cikaracak, tetapi ngakar tina panginditan anu kurang leuwih sarua.

  Babasan Jeung Paribasa Sunda 3

Nu jadi patalekan, naha sipat-sipat saperti cikaracak ieu teh masih diparake ku urang Sunda? Atawa mun ambahanana hayang leuwih lega, naha hal ieu teh masih diparake ku urang Indonesia? Tangtu kuring teu bisa kitu wae nyebutkeun ‘henteu’ atawa ‘masih’. Leuwih hade, hayu urang tengetan ku sarerea.

Dina budaya nu sing sarwa instan, urang biasana leuwih milih hal-hal simpel tibatan kudu ngadeluk dina proses. Contona wae, urang leuwih milih meuli deungeun sangu ka warung tibatan kudu masak di imah. Alesanana, adakala ongkos nu kudu dikaluarkeun leuwih mahal. Jaba cape deuih jeung olok waktu.

Makara, tibatan masak, mending meuli ti warung. Di imah mah cukup nyangu, kitu ge mun kabeneran teu rariweuh. Gejala saperti kieu teh pangpangna mampu ditengetan di tempat urban, nu kahirupanana ngaharib-harib kota gede, dinascope anu leuwih heureut. Cek sakaol, ieu teh kapangaruhan ku budaya luar (baca: barat) anu memang mikaresep hal-hal anu sing sarwa praktus tur instan.


Jelema, pagawe, pejabat pemerintah, anggota legislatif, biasana sok teu tabah hayang geura beunghar. Teu cukup ku gajih nu mayeng unggal bulan, maranehna biasana usaha satekah polah sangkan bisa beunghar dina waktu sagancang-gancangna.

Carana ? Mun geus poekeun ku cara halal, teu saeutik nu ngagunakeun cara-cara sakacamplung, teu ngitung deui persoalan halal-haram. Ieu teh taya lian ku lantaran urang geus poho kana filosofi nu sakuduna jadi padoman dina enggoning hirup kumbuh sapopoe. Kiwari beuki loba jelema nu teu sabaran, babari kapangaruhan ku niley-niley nu tiba ti jauhna, bari jeung euweuh filter pisan, sok komo deui dijejeran ku dadasar agama anu berpengaruh.

Jigana, mun nempo gejalana saperti kieu mah, moal lila deui oge paribasa cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok teh baris musna, leungit tina khasanah budaya nu dianut ku urang, jati kasilih ku junti. Kasilih ku budaya atawa filosofi sejen nu dianggap leuwih nguntungkeun. 

Atawa dina masih ayana oge, ngan saukur papaes lambe, ngan saukur mampu diucapkeun, tetapi keri, garing, leungiteun ruh-na. Persis saperti cikaracak dina harti sajalantrahna anu beuki hese kapanggihna, sabab leuweung tur tatangkalan beak nungtutan ditaluaran.*** Kenging: Tata Danamihardja 


Baca Oge :

  Paribasa Sunda Cikaracak Ninggang Batu