![]() |
Pangalengan 27 Desember 1930 |
Dongeng Sunda Sasakala Pangalengan
Ceuk beja, sasakalana ngaran pangalengan teh kieu:
Di eta kawasan, baheula aya guha panyumputan karaman (rampog/ begal). Rahayat sakabupaten Bandung pohara tagiwurna ku talajakna eta karaman teh, sarta pamarentah oge enggeus teter (eleh).
Kacaritakeun, aya nu wani toh pati,mampu ngabasmi eta karaman, nya eta camat majalaya. Estu nyalira pisan anjeunna lebet kana guhana karaman teh, teu nyandak bedog buntung-buntung acan.
Sanggeus sawatara waktu kurumuy anjeunna kaluar deui tina guha, bari nyangkeh gegedug karaman. Panganggona mani rawing tapak bedog reujeung pedang, tapi teu bared-bared acan salirana mah. Di luar geus nyampak Bupati jeung gegeden ti Bandung.
Bawaning ku bingah, Camat Majalaya dikaleng ku Bupati, dipisalin, sarta dipaparin gelar Demang bari dilandi jenenganana jadi Raden Raksanagara.
Tah kitu cenah sasakala ngaran eta daerah teh. Nu matak disebut Pangalengan,nya eta tempat Camat Majalaya dikaleng ku Bupati Bandung. Tina:Kandaga 1957.