close

Kamus Sunda A Hingga W

 Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangaboga Kamus Sunda A Sampai W
  • Adigung : Takabur, boga rasa punjul ti batur.
  • Agul : Resep nyaritakeun atawa nembongkeun kabisa atawa pangaboga
  • Ancad laer : Nyaritana anca pisan atawa laun.
  • Angguklung : Gede hulu, adigung.
  • Ancin : Cemi, daharna saeutik.
  • Aral : Teu sugema ku kayaan.
  • Andalemi : Lungguh timpuh, lemes tingkah lakuna.


  • Balabah : Berehan, daek barang bere kabatur.
  • Bahula : Teu nurut kanu parentah.
  • Basangkal : Budak nu teu nurut ka bodoh.
  • Baragajul : Sesebutan ka jalma anu kalakuanna teu eucreug.
  • Banci : Lalaki anu kalakuanana cara awewe.
  • Baketut : Pasemon nu camberut, goreng kecerdikan, goreng semu.
  • Basilat : Licik, teu jujur, curang.
  • Bakakasikang : Awewe anu kalakuananacara lalaki.
  • Bangor : Nakal, badeur, pikasebeleun, teu nurut kana panyarek.
  • Barangasan : Babarian ambek.
  • Bawel : Cerewed, loba ngomong (awewe)
  • Berewit : Babarian katerap panyakit, mindeng gering, atawa budak nu rea kahayang tur hese dicumponana.
  • Bedang : Wangkelang, begedong, murugul mawaa karep sorangan.
  • Binekas : Perceka, pinter, loba pokal nu aralus, inovatif.
  • Bodo : Belet, kuled uteuk, hese ngarti, hese diajar.
  • Biko : Bodo
  • Binangkit : Cakep, rea kabisa.
  • Boyot : Kendor (leumpang) berdiri barerat awak.
  • Bodo Alewoh : Bodo tetapi daek tatanya.
  • Bodo Katoloyo : Bodo bari tara daek tatanya.
  • Bolon : Can pati nyaho bebeneran, balata-baloto keneh.
  • Borangan : Eweuh kawani


  • Calutak : Saharti jeung caluntang
  • Calakan : Babari ngarti kana pangajaran atawa kana hal nu anyar.
  • Calimud : Daek ceceremed, cocorokot, panjang leungeun.
  • Cakep : Bisa milampah pagawean sakumaha mistina.
  • Caluntang : Teu make bemakrama, teu ngupama ka jalma saluhureun.
  • Campoleh : Lelewodeh, henteu junun, lalawora kana gawe.
  • Canteng : Tegep, gandang pertentang.
  • Careraman : Budak nu kabitaan ku barang nu aya di batur, tuluy mentaaa.
  • Capetang : Pinter tur tanpa hambatan ngomong (biasana di larapkeun kana budak)
  • Celembeng : Loba ngomong (Budak leutik)
  • Cerewed : Awewe nu rewel, loba ngomong
  • Cidra : Teu nohonan jangji, jalir.
  • Cileureun : Balangah, teu nenjo nu ngaganggu barang nu keur dijaga.
  • Cemi : Daharna saeutik.
  • Cilimit 1  :  Budak nu resep ngaheureuyan ka awewe
  • Cilimit  2 : Sok menta kadaharan nu aya di batur.
  • Cirigih : Budak nu resep ngaheureuyan batur.
  • Cologog : Kalakuan nu teu make tatakrama.
  • Cucud : Milampah hiji hal kalawan terus saluran (leukeun) tepi ka jacungna, teu kapalang dina gawe.
  • Codeka : Laku lampang goreng ka batur.
  • Cucungah : Calutak, nyaluntang, ngalawan kana parentah udik.
  • Cuih : Sagala di beja beja, beuki teuing ngomong.
  • Culika : Julir, resep nyusahkeun atawa nyilakakeun batur.
  • Cudek : Tungi, goreng kecerdikan, omonganana teu matak resep.
  • Culanggung : Belegug, teu hormat, teu nyaho tatakrama.
  • Curaling : Sok resep pullang-paling, teu beunang di yakin.
  • Cupet : Bodo, heureut panalar.
  • Cumenos : Budak nyanyahoanan.
  • Curang : Licik, sok ngagunakeun nalar tarekah kotor pikeun kauntungan diri sorangan.
  √ Ngaran Usum atau Nama Musim dan Cuaca Bahasa Sunda


  • Daria : Migawe hiji hal kalawan enya-enya, teu lelewodeh.
  • Dahdahneng :Budak kalakuanana sakapeung ngogo. Sakapeung ngagalakan.
  • Darugian : Teu payaan, babari pundung (budak)
  • Dedegler : Gampang teu teunggeul bari tara asa asa, taya rasasaan.
  • Degig : Apilain ka nu geus wawuh, teu nanya nanya acan, arogan.
  • Deleka : Julig, resep nyusahkeun batur.
  • Delitan : Budak babari pundung, hese kacumponan kahayangna teu kaopan.
  • Dengki : Goreng hate, sok nyilakakeun batur.
  • Deugeul : Kurang ingetan.
  • Doroi : Julig, resep nyilakakeun batur.
  • Dolim : Nempatkeun kasus lain dina hakna, teu adil, bengis.
  • Durjana : Jahat, goreng lampah.
  • Dursila : Goreng lampang, teu ngendahkeun kasusilaan.


  • Elodan : Babari kagoda ku sual sual sejen dina keur ngajalankeun papancen, henteu junun dina gawe atawa di latih.
  • Epesmeer : Babarian ceurik atawa jejeritan mun manggih kanyeri.
  • Eucreug : Bener, beres dina gawe jeung laris lampah.
  • Eusleum : Rada gelo, kurang ingetan.


  • Gagabah : Lalawora, kurang ati ati.
  • Gedebul : Gede bohong, gede wadul.
  • Gelenye : Awewe nu laku lampahna matak pikabitaeun lalaki, sarta biasana teu puguh adatna.
  • Gehgeran : Nurutan omongan batur (bari reuwas)
  • Gebleg/Gelo : Burung, teu waras ingetan.
  • Gentur : Getol ngulik elmu, cucud, leket atawa sudud.
  • Geten : Tulaten, nembongkeun ka jelema ( pangpangsa ka bodoh).
  • Gejul : Kurang ingatan.
  • Getol : Daekan, daek atawa resep digawe.
  • Gujih : Ngarasa punjul ti batur karena boga barang nu eweuh di batur.
  • Gorejag : Babarian hudang.
  • Gumanti : Ati ati, saregep.
  • Gumenak : Memenakan, niron nrion menak sabab hayang disebut menak, adigung.
  • Guranyih : Resep nembong nembongkeun barang kaboga atawa resep nukeur nukeurkeun barang nu anyar keneh dipiboga.


  • Haat : Hade hate, resep migawe kehadean teu karana buruhan atawa pujian.
  • Harak : Gakang, galak, resep ngaganggu, nyusahkeun atawa nyilakakeun batur
  • Handap lanyap : Hormat tetapi matak nyentug kanu hate.
  • Handap Asor : Daek ngahormat ka batur.
  • Haripeut : Gancang narima pamere, kancang nurut kana pangajak.
  • Hariweusweus : Haliwu, nyarita bari rada gugup lantarang manggih kareuwas, kasieun, atawa terkejut .
  • Hasud : Dengki, teu resep nempo batur bahagia.
  • Harung gampung : Sompral, ngomong sangeunahna. Babarian ambek.
  • Hawek : Hayang sagala keur sorangan, sagala rupa hayang, panglobana.
  • Heman : Nyaah bari sok barang bere atawa mindek ngalongokan.
  • Hianat : Cidra, nyalahgunakeun amanat, nyilakakeun, biluk ka lawan.
  • Hideng : Nyaho naon nu kudu dilampahkeun sapopoe dina waktuna, nyaho di tempat sorangan.
  √ 15 Ngaran Ingon-ingon atau Binatang Ternak Bahasa Sunda


  • Jalingeur : Tanginas, cangker
  • Jabat : Goreng lampah, goreng patekadan.
  • Jalingkak : Awewe nu boga tingkah kawas lalaki.
  • Jarambah : Resep ulin atawa resep indit-inditan jauh.
  • Janglar : Bisa nandangan kasusah, teu dipake nguluwut.
  • Jatmika : Alus budi matak kayungyun.
  • Jatnika : Mulya, senang.
  • Jeceh : Reeus, agul, mindeng nempoan atawa ngilikan barang nu keur dipake, atawa mindeng nembongkeun barang kaboga( dilarapkeun kana kalakuan budak).
  • Jengle : Budak awewe nu teu daek cicing, loba tingkah bari gumeulis.
  • Joledar : Lalawora nyumponan kawajiban, teu tulaten ka nu jadi baraya atawa terbelakang.
  • Jete : Gumeulis, teu daek cicing, biar meunang perhatian.
  • Jucung : Migawe hiji hal tepi ka rengse, beres tamat.
  • Jujur : Tara nyumput-nyalindungkeun hiji pasualan, tara milampah serong, teu kagoda ku ruruba.
  • Judes : Kucem, goreng kecerdikan, resep sesentak.


  • Karooh : Mikahayang barang teu pira, barang saeutik, atawa nu eweuh pangajina.
  • Kancolah : Loba tingkah.
  • Kecing : Borangan, kasieunan.
  • Kedul : Tara daek barang gawe.
  • Kesit : Tangginas, gancang tur beres dina milampah pagawean.
  • Keukeureuweut : Terus akses ngadongsok, ngolo, hayang kana barang nu aya di tangan batur kalawan satengah maksa.
  • Kodomoyo : Boyot, sagala nu kendor (leumpang, digawe), henteu tanginas.
  • Koret/Kumed : Medit, tara daek barang bere.
  • Kuuleun : Taya guam, eweuh kadaek.


  • Lalawora : Gagabah, teu ati ati, teu gumati.
  • Lancang : Kurang latih, teu sopan ka saluhureun.
  • Lanca-Linci : Laca-lece, luncak mulang, teu tigin kana jangji.
  • Lelewodeh : Lalawora.
  • Leleda : Kendor, alon alon dina milampah hiji pagawean.
  • Leukeun : Daek ngeureuyeuh digawe
  • Leumpeuhyuni : Babari kapangaruhan, teu tahan gogoda.
  • Lihay : Pinter kodek, loba akal bulus.
  • Limpeuran : Pohoan ( nu geus bodoh)
  • Linglung : Limpeuran loba poho.
  • Linyok : Kalakuan nipu atawa ngabohong.
  • Liwar : Notorekkeun maneh, teu ngagugu kana parentah atawa pepeling.
  • Luhung/Linihung : Luhur kebijaksanaan, mulya hate sarta luhur elmu panemu.


  • Mencedel : Moyodok, goreng gawe, tara kabubuatan.
  • Medit : Koret, tara daek barangbere.
  • Melid : Kedul, mumulan, tara daek barang gawe.
  • Melencing : Kedul, mindeng teu datang ka pagawean.
  • Merewedeng : Kekeuh mawa karep sorangan.
  • Motekar : Ngalampahkeun rupa rupa usaha pikeun nambahan kanyaho atawa pikeun ngomean nasib.
  √ 21 Ngaran Kadaharan atau Kuliner Tradisional Orang Sunda Baheula


  • Nalaktak : Budak nu resep ujlan ajlengan, tataeka jeung sajabana. Nu matak nyilakakeun.
  • Nakal : Bangor
  • Ngekrek : Koret, medit, tara daek barang bere.
  • Ngeleyed : Nyabudi ucing, kawas nu lungguh tetapi mun bongoh ti batur sok milampah pagawean nu teu uni.
  • Ngulet : Resep hudang beurang, padahal geus nyaring.
  • Nurustunjung : Notorogan, teu boga kaera matak cua.
  • Nirca : Nista, nyimpang tina papagon agama jeung darigama.


  • Owah : Gelo, kurang ingetan
  • Owel : Ngarasa lebar ku barang nu teu sabaraha hargana.


  • Pangeretan : Awewe atawa lalaki tukang tipu, ngarah duit atawa banda ti jalma nu didiekuetna.
  • Pasagi/Masagi : Sagal bisa.
  • Peupeuleukeuk : Nonjolkeun maneh kawas nu pinter loba kabisa, jajagoanan, padahal henteu.
  • Pertentang : Capetang, bisa nyarita, gandang.
  • Poksang : Wani nyaritakeun kakurangan atawa kasalahan batur dihareupeunana tir tara didingding kelir.


  • Rapekan : Daekan digawe migawe rupa rupa pagawean.
  • Rancage : Cakep, rea kabisa.
  • Rancingeus : Tanginas, cakep.
  • Rewel : Loba omong anu matak pikapusingeun.
  • Rewog : Gembul, daharna gancang tur loba.
  • Ririwit : Geringan
  • Rucah : Resep ngalajur napsu.
  • Rucita : Binangkit, rea kabisa.


  • Sabar : Tawekal dina ngarandapan kasusah atawa bencana alam.
  • Saliwang : Sok salah denge atawaa salah harti.
  • Singer : Hade gawe, hideng, tara nunggu parentah.
  • Sombong : Gede omong, ngagulkeun maneh, takabur.
  • Someah : Akuan tur bacin akal, darehdeh ( ka semah ).
  • Sompral : Kawas nu eweuh kasieun, meh sarua jeung angkuh, nyarita sangeunahna.
  • Sonagar : Wanter, teu eraan dina pasemon, wani nyanghareupan saluhureun bari tetep make tatakrama.
  • Songong : Heuras genggerong, teu nembongkeun hormat ka saluhureun dina cacarita.
  • Suhud : Saregep, enya enya ngajalakeun pagawean.


  • Tangginas : Rikat, cepet ngagerakkeun awak atawa anggahotana.
  • Taledor : Lalawora, teu tigin kana kawajiban.
  • Tambelar : Ngabaekeun kana kawajiban
  • Telenges : Gangas, resep nganiaya, teu boga rasa karunya.
  • Tulaten : Genten, titen, henteu lalawora dina ngurud gawe.


  • Wacis : Binekas, pinter atawa binangkit.
  • Wandu : Awewe nu tingkah lakuna siga lalaki.
  • Wani : Sanggup nyanghareupan sarupaning masalah.
  • Wanter : Sonagar, teu eraan sarta teu dusun.
  • Wijaksana : Pinter tur luhung, sagala rupa ucapan atawa putusanna hasil timbangan asumsi anu daria.