close

Kaayaan Rawa Lakbok Jaman Baheula

Sejarah Rawa Lakbok Ciamis Bahasa Sunda  Kaayaan Rawa Lakbok Jaman Baheula



Kaayaan Rawa Lakbok Jaman Baheula

Buku Onom jeung Rawa Lakbok tèh dikarang ku R. Alla Danadibrata, penerbitna Pustaka Jaya – Jakarta, citakan anu munggaran, taun 1979, kandelna aya 92 beling (halaman), dipapaès ku lima foto hitam-putih.

Medar perkara Rawa Lakbok anu tadina daerah hara-haraeun jeung pikakeueungeun, nepi ka jadi daèrah pasawahan nu hèjo ngèmploh, subur tur makmur. Sarta nyaritakeun kajadian-kajadian anu arahèng nu aya patalina jeung kapercayaan urang Ciamis jaman baheula kana ayana dedemit (mahluk gaib) nu disebut Onom.

Biografi R. Alla. Danadibrata

R. Alla. Danadibrata dibabarkeun di Ciamis, ping 23 April 1905, lulus ti OSVIA taun 1925. Didamelna di PTT bagian Labolaorium di Bandung. Dina taun 1946 anjeunna ngungsi ti Bandung ka Ciamis, sarta dina taun 1947 ngalih ka kantor Kabupaten Ciamis. Satulyuna taun 1956 diangkat jadi wadana Kabupaten Garut. Taun 1963 dialihkeun ka kantor Kabupaten Bandung.

Sejarah Rawa Lakbok Ciamis Bahasa Sunda  Kaayaan Rawa Lakbok Jaman Baheula

Daèrah Lakbok tèh padataran handap, ayana di juru kidul-wètan Karesidenan Priangan sarta watesna ka Kabupatèn Cilacap.

Wawatesan alam daerah Lakbok di na taun 1924 (laporan algemeente Volk scredict Bank Ciamis taun 1924) saperti dihandap ieu:

Ti beulah kulon tungtung pagunungan Tanah Priangan, ti kalèr jeung ti wètan walungan Citanduy, nya èta salahsahiji walungan gedè nu ngamuara ka Laut Kidul.

Watès alam Rawa Lakbok di beulah kulon nyerong ti juru kalèkulon ka juru kidulwètan.

Hulu Citanduy aya di gunung Cakrabuana, ti dinya terus ngocor bulat -beulit mapay-mapay lebak pasir-pasir nu aya di kalereun Kabupaten Tasikmalaya, norobos pasir-pasir nu aya di kiduleun Kabupatèn Ciamis sarta sanggeus ninggalkeun Pagunungan Priangan kakara tiba ka Padaratan Banjar.

Ti Banjar ngocorna Citanduy ka wètan mapay sela-sela pasir nu aya di wètaneun Banjar. Sanggeus Citanduy nepi ka kalèreun halteu kareta api Cikawung, walungan Citanduy mèngkol ka kidul.

Di palebah Kacamatan Kalipucang, ngocorna Citanduy henteu lancar, sabab kapegat ku suku pasir-pasir nu ngujurngidul-ngetan nu jadi tungtung Pagunungan Priangan.

Padataran Lakbok nu beulah kalèr nu paling lega, terus mayakpak ka beulah kidul beuki mèncos saperti penggalan jambu aèr, sarta dipalebah Kalipucang nu pangmèncosna.

Sarta geografis katènjona Rawa Lakbok jadi saampar jeung rawa kuloneun Cilacap, di antara pasir-pasir Priangan jeung pasir-pasir kuloneun Banyumas.

Padataran Rawa Lakbok dibeulah ku Citanduy, kuloneunanan orisinil ngaran Rawa Lakbok asup ka Kapupaten Tasikmalaya waktu bareto jeung belah wètana ngaran Rawa Proah jeung Rawa Cibeureum asup ka kawasan Cilacap.

Di dieu di ditu di Rawa Lakbok anu pernahna kidulwetan ti Banjar, ting-arenclo pasir-pasir nu jadi tungtung Pagunungan Priangan. Di antara suku pasir-pasir aya dataran nu teu sarua legana sarta tuhur, aya nu di eusi cai ngajumbleng.

Diantara èta pasir-pasir tèa nu pangjangkungna Gunung Sangkur, luhurna 365 m.

Dina rawa aya deui pasir panjang nu ngujur ti kulon ka wetan, sambungan Pagunungan Priangan kènèh, ngaranna Pasir Cirèong sarta dina sukuna aya Kampung Cigobang.

Rèk mèh paeunteung-eunteung jeung Pasir Cireong aya deui pasir, ngaranna Pasir Sindangangin, angaangna kurang leuwih 1 km.

Ku Pasir Cireong jeung Pasir Sindangangin, sasat Lakbok dibagi dua bagian, bab Rawa – Lakbok Kidul jumlahna kurang leuwih dua kurang leuwih 30.000 busuk. Nu jadi sambungan dua rawa cikènèh, nya èta gupitan nu rubakna ngan kurang dua rawa cikènèh, nya èta gupitan nu rubakna ngan kurang leuwih sakilo meter.

Padaratan rawa kalèreun Pasir Cireong jeung Pasir Sindangangin, nya èta nu sabenerna disebut Rawa Lakbok, ngarupakeun kawasan wadah cai gedè nu dilingkung ti kalèr, kulon, kidul ku pasir-pasir, jeung ti wètan ku walungan Citanduy.

Ka Rawa Lakbok euweuh hiji-hiji acan walungan nu ngamuara ka dinya. Malidkeun cai anu ngajumbleng di dinya kudu ngaliwatan gupitan antara Pasir Cirèong jeung Pasir Sindangangin nu rubakna kurang leuwih 1 km, kitu ge lamun cai Rawa lakbok kiduleunana keur pareng leuwih handap manan kalereunana. Lamun cai di kiduleunana keur pareng leuwih luhur, cai jadi asup deui, ngocorna jadi sabalikna nya èta ka Rawa Lakbok. Hanca