Hirup mah Heuheuy jeung Deudeuh” width=”640″ />
Hiji mangsa si Kabayan jeung si Lamsijan arulin ngajugjug ka hiji daerah. Sapanjang jalan si Lamsijan teu weléh gogodeg sabab teu ngarti ku lalampahan si Kabayan. Unggal manggih tanjakan si Kabayan ngagakgak seuseurian siga nu manggih kabungah rongkah. Sabalikna, unggal manggih pudunan manéhna ceurik ngageunggeuik jiga nu kanyenyerian. Banget teu ngarti, tungtungna si Lamsijan nanya:
“Kabayan, kami mah teu ngarti, ku naon unggal manggih tanjakan silaing kalah seuseurian, padahal kami mah kacida susahna sabab nanjak téh capé ? Ari manggih pudunan, hayoh kalah ceurik jiga nu sulit, padahal kami mah bungah, sabab leumpang gé ngareunah teu matak capé. Henteu siwah mah silaing téh ?”
Ceuk Si Kabayan
“Ah, teu gelo teu sing. Silaing wé nu bodo. Ieuh Lamsijan, pangna kami seuseurian mun manggih tanjakan téh, kami mah nyaho mun geus nanjak niscaya manggih pudunan. Pan lain matak bungah éta téh? Nu matak kami kalahka seuseurian. Sabalikna mun keur leumpang dina pudunan, kami kacida sedihna, sabab percaya sanggeus béak pudunan, niscaya bakal manggih tanjakan. Na dikira ngeunah kitu leumpang di nu nanjak téh? Nu matak tong héran mun kami ceurik sajeroning leumpang mapay pudunan.”