Alun – Alun Banjaran 1880’an |
Goong Renteng di Batukarut – Banjaran umurna Geus Leuwih ti 500 Taun.
Ditingali saliwat mah teu matak narik, teu pira ngan ukur logam parunggu, kitu oge geus aya nu ruksak deuih. Tapi upama ditelek-telek aya hal nu matak narik tina ieu gamelan nu disebut Goong Renteng di Batukarut teh.
Ieu gamelan anu umurna geus leuwih 500 taun mangrupa Goong (2) Koromong gede (5), Koromong Leutik (12), Beri sapasang (rupana saperti katel), Ketcrek sapasang. Saron, 14 (opat belas lempeng), Kendang sapasang jeung Rebab (ieu dua rupa geus teu mampu dipake lantaran geus ruksak).
Ieu gamelan ti salian digunakeun panulak bala oge digunakeun waktu ngistrenan para Bupati dina jaman para Dalem Bandung.
Ieu gamelan loba narik perhatian boh ka ahli-jago karawiran jero nagara boh mahir karawitan jero mananagara saperti ti Australia,Pereanis,Amerika Serikat.
Mang bulan-bulan, ieu gamelan dtaluntik, dijujut katut ka asal-usulna. Anu jadi hanjakal teh kurangna bukti-bukti anu ditulis, jadi ukur tina carita turun-tumurun bae. Tapi diaku ari ieu gamelan kaasup hiji hiji pusaka anu pangkolotna di Indonesia nu masih keneh lengkep.
BERI (sapasang) jeung ketcrek kiwari kawilang langka ayana, ari gunana pikeun nguatan nada anu dikaluarkeun.
Ngeunaan larasna ieu gamelan nepi ka waktu ieu acan aya kaindekan ceuk sa urang laras pelog buhun. Aya deui nu nyebut Pelog Degung Buhun atawa mangrupa adonan laras pelog jeung salendro. Aya deui anu boga fikiran yen di jerona ngandung 7 nada dasar.
Tapi sok sanajan teu aya kasaluyuan dina netepkeun laras ieu gamelan, unggal pihak oge ngaku yen sora (nada) anu kaluar tina ieu gamelan teh mangrupa karuhuna (nenek moyang) nada-nada anu digunakeun ayeuna.
Asal muasal
Para jago nepi ka danget ieu acan bisa mastikeun sabaraha umurna ieu goong renteng, salian ti kulantaran teu aya cateta teu aya atetab resmi oge kulantaran para mahir waris anu mulasara ieu gamelan tara nembrakkeun sabalakana saolah-olah ditutup ngeunaan hal ihwal ieu gamelan.
Aya sababaraha katerangan nya eta tina kitab kuno nu dijeun tina kulit handeuleum ditulis ku Aksara Sunda Kuno jeung tina carita rayat di dinya anu turun-tumurun yen ieu gamelan teh jadi pamatri kakulawargaan antara dua karajaan jaman harita.
Ieu gamelan dibawana ti beulah Kulon (Banten?) di pake kado Ka Raja Tundungwangi, anu ngolah nagara nu museur di sabudeureun Lebakwangi, Banjaran ayeuna. Ari anu mawa mawana eta gamelan nya eta Bandrong Bandung Bandawasa (sandi asma) patilasanana aya diwewengkon Kabuyutan Batukarut Banjaran.
Sarumpingna lengkep jeung para pangiringna anu samakta mawa pakarang. Kulantaran katarik ningali kamakmuran eta tempat, terus bumetah teu mulang deui ka nagara asalna.
Karajaan Tunjungwangi ngadeg kira-kira samemeh waktu jaya-jayana Karajaan Pajajaran Raya,sabab harita mah karajaan-karajaan laleutik acan dihijikeun dina papayung Karajaan Pajajaran. Unggal karajaan bebas ngayakeun korelasi jeung nagara-nagara tatanggana. Salahsahiji buktina nya eta ayana kiriman gamelan tadi.
Salian ti barang pusaka nu mangrupa gamelan,di Batukarut Banjaran loba keneh pusaka-pusaka lianna kayaning pakarang perang, Kujang, teteken, seuseukeut tumbak, lubuk, pantrem, Condre jeung keris katut hiji kitab tina kulit jeung peta (kar).
Nepi ka kiwari acan aya panyalidikan anu jero ngeunaan ieu karajaan Tunjungwangi,sanajan kungsi aya salahsaurang anu nyangking eta barang pusaka, dina jaman Pa Mashudi nganjurkeun biar ngahaja aya nu nyukcruk. Tapi nepi ka ayeuna tacan aya jawaban Tina : Koran Sunda KUJANG Jumaah 12 September 1975.
Harita téh poe minggu, poé nu sakuduna mah dipaké reureuh sarta kumpul jeung kulawarga. namun pikeun rahayat Bandung mah, kalahka riweuh. Sapoé saméméhna, pamaréntah urang di Bandung meunang ultimatum ti pihak prajurit Inggris, eusina, pasukan-pasukan Tentara Republik Indonesia, katut nu séjénna, kudu ninggalkeun kota Bandung, paling elat tanggal 24 Maret 1946.
Sejarah Bandung Dalam Bahasa Sunda
Sawarehna jalma-jalma kiwari nu sapopoe nyeuseup hawa Kota Bandung, kawasna bae langka anu daek nyawang hese-beleke ngadegkeun jeung ngawangun ieu kota.
Buktina aya keneh, mun teu rek disebut loba oge, anu apilain kana aturan-aturan enggoning ngamumulena.
Padahal memeh aya teh euweuh heula. Memeh jadi kota, leuweung heula. Memeh rame, tiiseun heula. Jeung memeh resik, ramijud heula.
“Kuring rek ngabuktikeun bener henteuna, kabeneran di urang aya Walanda kesepakatan,”. ceuk Si Kabayan. Baca selengkapnya>