Cinyasag Ciamis Jaman Baheula

 Ieu beunang Abdi Gusti ti Abdi Gusti pun Ngabeui Saca di Nata Cinyasag Ciamis Jaman Baheula

Ieu beunang Abdi Gusti ti Abdi Gusti pun Ngabeui Saca di Nata, kuwu manten desa Cinyasag, sacariosna kaserat di handap ieu.

Waktu kaula bujang umur 15, masih ngaula ka Kangjeng Sultan Kanoman Cirebon. Saban bada Mulud sareng lebaran Puasa, kaula sok milu ka Cirebon jeung bapa kaula ngaran Dipa Santana. Kuwu Cinyasag.

Ari pernatana waktu jaman harita, saban bada mulud sareng lebaran puasa, kuwu-kuwu caos gerebeg.

Pakéan kuwu-kuwu ; Samping sarung poléng gula-geseng, baju sakelat beureum, calana beureum sipet tuur, kuluk bodas, nyorén keris : kuda bopng, parabotna abah-abah pasenénan calakatakan, sarta maké sodor.

1. Ari mulud nyalawatna ti peuting: final nyalawat lajeng hajat leuleutikan, babakuna ngan ngariung sangu dina Panjang-jimat baé, ari ti peuting mah.

Isukna kinten pukul 8, Kanjeng Sultan cengkar ka Gunung-jati, kuwu-kuwu ngiring tumpak kuda, leumpangna ti heulaeun kangjeng Sultan. Ari Kangjeng Sultan nitih karéta.

Dupi dongkap ka Gunung, Kangjeng Sultan sareng para pangéran lajeng lebet ka makam. ari kuwu-kuwu ngantos di lawang luar, teu lila mulih deui ; tatana keur mulih, sapertos tadi keur maju. Sarawuh-rawuh ti gunung, lajeng ka karaton, henteu lila mios deui ka masigit, hajat mulud wanci bedug. Kuwu-kuwu diparasihan haturan sangu kopi, tetapi teu maképiring, wadahna dina ancak baé. Ari geus hajat kuwu-kuwu tuluy sapton di alun-alun, ari geus sapton kuwu-kuwu budal baralik.

2. Ari lebaran puasa, turun kutbah, munjung ka Kangjeng Sultan di tutup munjung, Kangjeng Sultan jengkar ka Gunung Jati, kuwu-kuwu ngiring, tatana sapertos keur mulud baé.

3. Lebah harita, Cinyasag téh kabawah paréntahna ku Tumenggung Cikaso, tapi ari pajeg atawa pundut-pundén mah sarta tuguran ti désa Cinyasag téh torojog ka karaton.

4. Ari srah pajeg saban bulan mulud, nya éta bari caos gerebeg, tetapi lebah harita mah lain pajeg, ngaranna téh tataban bumi. Réana tataban bumi ti désa Cinyasag 5 real ; saréalna 14 gres. Ari duitna picis, nu kasebat saréal téh 2800 képéng. Uang pérakna rupia Banggala, rupana baruleud sagede-gede jaat, regana 2400 kepeng (sapérak).

  Sejarah Dan Foto-Foto Geologi Bandung Tempo Dulu

Ari pangiring pajeg téh henteu meunang henteu kudu maké munding hiji rega 4 keton, jeung kira 2 tanggungan. Ari kiras téh, béas dilulun ku daun cau, sagedé-gedé bitis, terus diparos ku daun kawung, betan paros gula. Teu aya jawi ti sakitu.

5. Ari jalma baku gawé anu dibawah kuwu, lebah harita di désa Cinyasag, ngan 31, ngaranna : sikep 20, purah tugur, sawahna 1 sikep lekeran 4 caéng. paréntah 10, purah ngurus, sawahna 1 paréntah lekeran 5 caéng.
Lebé 1, sawahna lekeran 5 caéng.
Kuwu, sawahna lekeran 20 caeng.

Ari tuguran téh ka karaton, jalma hiji gilir-ganti 10 poé sewang. Tedana anu tugur téh dipasihan teu ara mekel. Tapi anu rék tugur téh kudu dianteur ku tiluan, da sieun di jalan, arina balik kudu diala, bari nganteurkeun anu rék ngaganti : ari di jalan 4 sampe 5 peuting.

6. Ari narik tataban bumi, teu guru nu boga pakaya, ngaguru kuren nu boga imah baé, ngan ditaksir tina sugih, sedeng masaka : da ari kuwu mah, lebé, paréntah, sikep, tara barijil tataban bumi.

7. Ari aya jalma nu salah tina sabarang lampahna, dihukumna ku kuwu, didenda atawa dijarahan saboga-bogana digaradah.

8. Barang antara 18 taun, kaula milu ngalakonan ngaula ka Sultan, geus ibur beja nu ngaromong, pajah kangjeng Siltan sésérénan ka Walanda, sarta di Cirebon pajah geus aya pétor, malah bapa disaur ka Cirebon. Bareng kumpul kuwu-kuwu jeung Tumenggung di alun-alun Kerta-Basa lalinggih dina papanggungan. Didinya éta Tumenggung Kerta-Basa tawur ku béas maké duit pérak. Eta kuwu-kuwu marulungan tawur, bapa kaula meunang 12 bébék uang pérak. Ari geus areureun marulungan tawur, éta Tumenggung Kerta-Basa ngadawuh ka kuwu-kuwu, dawuhanana : “Kuwu-kuwu kudu pada mangarti, yén ayeuna urang téh ngaula ka Walanda, iyeu buktina anau dikaulaan téh Tuan Pétor ! haturan kuwu-kuwu sadaya : “Sumangga!” Ari geus kitu kuwu-kuwu barudal, baralik.

9. Di lebah harita ganti hukum, leungit ngaran tataban bumi, tuwuh lantang-palagantang. Ari gantang, paré, nyokotna ti sakur jalma boga pakaya, tina sacaéng 4 sangga. Eta paré gantangan sameunang-meunang  dijieun béas, diiangkeun ka Cirebon. Ari palagantang, uang narikna ti nu boga sawah atawa huma, pangluhurna ditarik 160 duit. Nu sedeng ditarik 80 uang, nu pangasorna ditarik 40 uang.

Éta uang pagalantang, jeung béas gantangan, serahna ka Cirebon tepung panén, nu narimana demang di Cangkol. Tapi kaula teu ingaet réana, nya uang nya béas, sakali-kalina serah.

Di dinya disebut, di sadésa Cinyasag aya sawah 10 jung, sajungna 8 bau, jadi 80 bau.

Tegalan aya hiji saparapat jung, hadi 10 busuk, jum;lah jeung kampung Sadéwata, Susuru, Cilimus, Sudimara, Sadapingan, masih jadi hiji ka Cinyasag.

Barang tas dicacahsawah jeung tegalan, teu kungsi lila kuwu-kuwu disalaur ka desa Darma, ku Tuan Pétor : nu maju ka Darma, kaula, disulurkeun ku Bapa. Anu rawuh ka Darma, Tuan Pétor jeung Tumenggung Cikaso, Tumenggung Kuningan.

Éta Tumenggung Cikaso ngadawuhan, dawuhna : Hij prakara, ayeunna désa Cinyasag kacupat Cikaso, pindah ngaula ka Kuningan. Ka dua prakara, leungit gantang-palagantang, timbul pajeg, réana pajeg désa Cinyasag, 87 keton, kudu srah ka Kuningan sataun sakali. TIlu prakara, kudu pada nyaraho, ayeuna teh taun Walanda, taun 1801. Gan (ngan) sakitu timbalan waktu Darma téh.

11. Ari pagawéan lebah harita, melak kopi. Tapi melak kopi téh henteu diatur dipétak dikiar-kiar, ngan padu melak baé. Sri ngajualna kopi ka Cirebon, regana sapikul 46 rupia. Nu tukang meulina Tuan Torongton. Jeung aya Walanda nu purah ngaronda kebon kopi téh ngarana Tuan Buis, ti Cirebon.

12. Tina taun 1 nepi ka taun 14 angger ngaula ka Kuningan: pareng taun 15 kacupat ti Kuningan, ngaula ka Kawali.

  Makanan Paling Favorit Di Indonesia

13. Taun 1815 Kawali eureun Tumenggungna, rendon ka Panjalu.

Taun 1816 Panjalu eureun Tumenggungna, rendon ka Ciamis.
Taun 1817 Tuan Pétor ngawilah wates kabupaté sipet Cilangkrang ngalér bagian Cirebon.
Taun 1817 Tuan Pétor ngawilah kabupaten, sipet Cijolang ngaler bab Kuningan.
Taun 1817 Tuan Pétor ngawilah wates kabupatén, sipet Citanduy ngalér bagian Galuh.
Taun 1831 Cinyasag melak tarum.

14. Bapa kaula diganti ku Suradiwangsa, Ki Suradiwangsa diganti ku Singawijaya.

Taun 1815 kaula jadi kuwu, ngaganti Ki Singawijaya, meunang  4 taun kaula eureun, diganti ku Ki Singawijaya deui meunang 9 taun.

Di taun 1928 kaula jadi deui kuwu, ngaganti éta Ki Singawijaya, meunang 3 taun, eureun deui. jadi Ki Singawijaya jeung kaula téh dua kali séwang, sarta kaula dina jadi kuwu ka dua kali dijenengkeun Ngabeui, tina margi mangartos kana hukum melak tarum.

Dina taun 1832 kaula eureun, diganti ku Singamanggala.
Singamanggala diganti ku Candrawijaya
Candrawijaya diganti ku Raksawijaya
Raksawijaya diganti ku Candradirana
Candradirana diganti ku Wiradinata
Wiradinata diganti ku Suradijaya.

Et kuwu nu sakitu réana, teu aya nu eureun sadrah kabé eureun dipvpéan.

15. Ari pajeg sabantaun owah-owah, aya maju aya mundur.

16.  Tataning menak-menak jaman harita mah séjén pisan ti jaman ayeun. Lamun aya kasalahan kuwu atawi aya kakirangan padamelan, ménak téh, ujug-ujug ngagebugan waé, atawi ngabelok nyagak.

17. Jaman ngaula ka Sultan mah taya pisan papakéan lawomn mori, ngan lawon bergairah baé. Ari papakéan awéwé di désa -désa, samping poléng bergairah, carang-carang anu maké samping batik, baju kurung hideung kasar, leungeunna simet siku, landungana gan (ngan) simet cangkéng, surweng lorong kuningan atawa tanduk munding, gedéna sagede curuk, panjangna 4 ramo, karémbong bodas ditungtungan beureum, atawa beureum ditungtungan bodas dudukuy pelentung nu cepak ti luhurna téa. Cag.

Cinyasag 8 Maart 1876

Gebal Gusti pun
Jayasantika
Pusaka Sunda 1924…