Cerita Sunda Simpanse Maling Kopeah

Barang ngarèrèt ka luhur kai, bèh baè kopèahna kabèh katènjo keur dibarawa ku monyèt

Kacaturkeun aya hiji tukang jualan , urang dayeuh, ngaranna Junèd. Dina hiji poè manèhna dagang ngider ka lembur-lembur mawa pirang-pirang barang jualan kopeah, diwadahan dina dus kertas. Kira-kira wanci lohor Junèd ngaliwat ka leuweung gerotan nu réa monyétan. Barang nepi ka hiji enggon gèJunèd ngareureuhkeun capè handapeun kai. Dus kertasna dibuka, top manèhna nyokot hiji kopèah, tuluy dipakè. Bakat ku capè, turug-turug panas morèrèt, reup Junèd sasaréan bari nyarandé kana tangkal kai.

Sanggeus kira-kira sajam sarèna, bray Junèd beunta. Ari rèt nènjo kana dus kopèah tèa, bet geus kosong, kopèah taya hiji-hiji acan.

Ka mana kopèah aing tèh? Saha nu ngabadogna ?” Junèd gogorowokan, bari katatang-kotètèng, nèangan ngalèr ngidul.

Barang ngarèrèt ka luhur kai, bèh baè kopèahna kabèh katènjo keur dibarawa ku monyèt, aya nu dipakè, aya nu keur dialung-alungkeun jeung salian ti èta. Junèd kacida pisan ambekna, nyarèkan bari gogorowokan, “Monyèt kurang ajar sia! Naha sia wani-wani malingan kopeh aing? Ka dieukeun bisi ruksak, èta tèh barang dagangan, deuleu!”

Monyèt-monyèt jarongjon baè sapolah-polahna, da teungalartieun saeutik-eutik acan kana panyarèkanana nu boga, malah rarasaanana si monyèt mah asa diheureuyan, aya nu ngarindatan, aya nu nyekrohan jeung rupa-rupa tingkah lian ti kitu.

Junèd beuki ambek baè nènjo polah monyèt kitu tèh, hantem ku manèhna dicarèkan bari diténggoran ku watu. Monyèt beuki tambah resepeun baè nènjo polah Junèd ambek-ambekan tèh.

Lila-lila Junèd bèak akalna, nya capè, nya ambek, tina sagala polah taya paèdahna. Gèk manèhna diuk, nyarandè kana kai bari mikir kumaha piakaleunana, agar kopèahna beunang deui.

Barang rèt deui Junèd nènjo ka luhur kai, bet monyèt-monyèt kabèh dariuk, nyararandè kana dahan.

Ari Junèd luak-lieuk, monyètna nurutan luak-lieuk. Kitu deui ana Junèd nyuplak kopèah, monyèt-monyèt nu makè kopeah tèa narurutan, kopèahna dicaruplak. Ti dinya jung Junèd nangtung bari tungguh-tanggah, monyèt-monyèt kabèh ogè narurutan nararangtung bari tungguh-tanggah.

“Aèh-aèh!” omong Junèd di jero atina, “Kutan sapolah-polah aing téh diturutan kabéh, boa nya ayeuna pibeunangeunana kopèah téh. Ah! kieu piakaleun aing téh!”

Pék Junèd nyuplak deui kopèah, monyèt-monyèt kabèh nyaruplak kopèahna, nurutan JunèdKopèah Junèd pék dibeubeutkeun kana taneuh, kopèah nu dicarekel ku monyèt ogè pèk dibeubeutkeun, pluk baé ragrag kana taneuh. Monyèt-monyèt nu mareubeutkeun teu waranieun turun nyokot deui kopeh ka deukeut Junèd, sieuneun diteunggeul, meureun. Junèd hantem baè meubeut-meubeutkeun kopèahna. nepi ka kabéh kopèahkopèah kapulung deui.

Sanggeus kopèahna kumpul kabèh, kakara Junèd eureun meubeut-meubeutkeunana  kopèah. Geus kitu kop mulungan watu, monyèt-monyèt nu aya di dinya hantem ditènggoran, aya nu keuna kana huluna, aya nu keuna kana sukuna. Ramè tingkorèak bari laluncatan, brul nyalingkir kana tangkal kai nu sèjèn.

Junèd teu eureun-eureun gegelendeng handapeun kai bari mulungan kopèah, diwadahan deui kana dus. Sanggeus kumpul kabèh, gèJunèd diuk ngeureunan capè. Teu lila jung manèhna indit ti handapeun kai, leumpang neruskeun lalampahanana. ***