close

Cerita Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang


Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang Dongeng Sunda Sasakala Situ Cikuda Gunung Manglayang


Sasakala Situ Cikuda

Di tutugan gunung Manglayang aya situ harieum jaba jauh ti lembur baréto mah matak langka pisan kasaba. Cinyusuna aya sababaraha liang. Caina hérang ngagenyas, tara kungsi saat sanajan halodo ogé. Tatangkalan anu aya di lebah tonggoh tara diganggu, sabab éta mah sumber cai.

Dina hiji poé aya nu rék ngamandian kuda, kuda tunggangan alus pisan. Jigana mah nu nungtunna malaweung. Kuda téh leupas, berengbeng lumpat ka kulon hihieuman. Tariking cilaka éta kuda tikoséwad di lebah lamping beulah kulon, gebrus waé. Jelema daratang, namun ari ancrub mah taya nu wanieun. Sabab lebah dinyamah jero pisan. Tungtungna éta kuda téh paéh titeuleum.

Ti harita éta situ dingaranan Cikuda. Malah lembur nu euyeub aya disabudeureun ogé katelahna teh lembur Cikuda. Dicutat tina buku Piwulang Basa 4c. Drs. Tatang Sumarsono-Drs. Taufik Faturohman. Gegersunten-Bandung 1991

  Dongeng Sunda Jaman Baheula Nyai Putri Punianjung