Cerita Sunda Sasakala Pananjung Pangandaran



Dongeng Sunda Sasakala Pananjung Pangandaran Dongeng Sunda Sasakala Pananjung Pangandaran


Kacaritakeun jaman baheula mula dina abad ka-16 di Pangandaran. Aya hiji karajaan. Ngaranna Karajaan Pananjung. Nu jadi rajana Prabu Anggalarang. Karatonna henteu gedé-gedé teuing. Ngan kaayaanana asri pikabetaheun. Ayana di Cagar Alam Pananjung (ayeuna). 


Sateuacan janten raja, Prabu Anggalarang téh urang Galuh. Putrana Prabu Haur Kuning. Saparantos déwasa, ngalih ka pakidulan. “Ama, jisim abdi badé ngadegkeun karaton di segi bahari pakidulan,” saur Radén Anggalarang. Tapi éta harapan teu disatujuan heula.

Prabu Haur Kuning nyebatkeun. Nyieun karaton di ditu, ukur saumur jagong. “Moal lana. Sabab di pakidulan loba andar-andar nu néangan pangan,” saur Prabu Haur Kuning. Nu disebut andar-andar téh, para bajo. Nyaéta jalma jahat. Rampog mun ceuk basa kiwari mah.

Tina kecap “andar-andar néangan pangan” jadi hiji ngaran. Nya Pangandaran téa. Nelah tepi ka ka ayeuna. Nyaéta daerah pariwisata. Ramé didareugdeug ti mana-mendi. Sabab alamna éndah. Resik jeung pikabetaheun. Hawana ogé seger.


Prabu Anggalarang keukeuh. Anjeunna hoyong ngadegkeun karaton di wewengkon cagar alam kiwari. ” Tempatna éndah pikabetaheun. Matak tingtrim kana ati. Cocog jang bubuara. Sual aya andar-andar, keun urang tarékahan. Urang singlar urang jauhan,” saurna.

Wadyabalad dikerid peuti sina ngadegkeun karaton. Di sisi laut pisan. Sora lambak tingjelegur neumbag karang. Atra kadéngé. Teu sieun teu hariwang. Malah matak nineung.Ti papanggungan, neuteup ka jauhna. Amparan bahari satungtung deuleu. Èndah kabina-bina.

Prabu Anggalarang sakantenan nyandak geureuha. Déwi Samboja namina. Putri geulis camperenik. Geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Jaman harita taya anu nandingan. Loba putra raja séjénna anu sirik. Asa kapiheulaan. Ku naon beunangna ku Anggalarang?

Tapi da duanana nurub-cupu. Itu kasép ieu geulis. Lir Batara Rama sareng Déwi Sinta. Nu geulis jeung nu kasép, hirup sauyunan. Salihayunkeun kahayang. Taya pisan pacogrégan. Rahayat gé bungah mireungeuhna. Malah reueus boga raja jeung ratu nu runtut-raut.

Prabu Anggalarang hadé dina ngolah nagara. Ka amba rahayat bisa nyenangkeun. Nu jadi pamayang subur ku lauk. Nu jadi pahuma, subur ku paré. Kebon jeung palawija mah teu kaitung. Kabéh jadi pakaya nagara. Kabéh jadi pakaya rahayat. Hirupna subur mamur.

Kitu sababna. Ku jalma jahat mah dipikasirik. Pantes mun para andar-andar gé hayang néangan pangan. Tapi lain eudeuk singkil ku gawé motékar. Ieu mah hayang rerebut kana milik batur. Sababaraha balikan, bajo ngarurug. Datangna ti tengah lautan. Ngabringkeun parahu ka darat.

Atuh der perang campuh. Aleutan bajo bahari, dipapag ku samagréngna perjurit Pananjung. Gobang dilawan ku gobang. Tumbak dilawan ku tumbak. Aya anu ngagunakeun bandring. Aya anu nyéntangkeun ketepél. Nu kabeunangan tingjarerit. Tigubrag tina parahu.

Dina éta bitotama, aleutan bajo diélçhkeun. Èléhna ku sabab teu nyangkaeun. Pasukan Karajaan Pananjung baredas. Katambah-tambah dipingpin ku dua bébénténg. Patih Kidang Pananjung jeung Mamang Léngsér. Mamang Léngsér jalma sakti. Lain jiga dina pantun.

Pan dina carita pantun mah, léngsér téh jiga bodor. Gawéna banyol pikaseurieun. Beuteungna dayut. Awakna besekel pendék. Irung ngadungkuk. Kumisna baplang. Mun leumpang ngadigleu. Mun lumpat nereleng. Sakapeung tumpak kuda tibalik. Kuda ngalér léngsér ngidul.

Léngsér di Karajaan Pananjung mah, jalma bedas. Enya, tugasna relasi jeung rayat. Purah nepi-napikeun béja, ti raja ka rayat. Mun jaman ayeuna mah patugas humas. Tapi Mamang Léngsér ogé bedas ngabéla nagara. Mun aya jalma jahat, Léngsér milu ngayonan.

Léngsér Karajaan Pananjung hebat gelut. Hiji musuh hiji hayu. Hiji dirempug tujuh hayu. Harita gé dirempug dalapan. Malah bajo nu teu walakaya. Atuh angot Patih Kidang Pananjung mah. Teunggeulan Si Guntur Geni, matak soak para bajo. Neunggeul sakali, bajo sapuluh paéh.

Dina panarajang nu ieu, bajo bubar-katawuran. Kaburna ka tengah laut. Duka ka mana saterusna. Duka ka Pamotan. Atawa kaburna ka Cilacap. Nu écés, harita ngajauhan Basisir Pananjung. Da sieun diobrot tepi ka tengah bahari.

Urang Pananjung surak bungah. Surakna ambal-ambalan. Surak duméh bajo kalabur. Sawaréh aya anu nonggèngan ti segi laut. Nyiar-nyiar panas kana haté musuh. Nu matak teu mustahil aya nu neuteuli. Ngarep-ngarep rék males pati. Keun siah keun siah. Ngintip-ngintip bongohna.

Urang Pananjung jongjon deui. Tonggoy dina pangupa jiwa. Nu tani giak tani. Nu mayang giak ngamayang. Sawatara taun lat poho kana marabahaya. Nu dipikirkeun, kumaha sangkan hirup beuki ningkat. Sabalikna para bajo, tetep ngintip-ngintip.

“Kaula asa diunghak ku urang Pananjung. Hiji waktu éta nagara niscaya tumpur ku kaula,” ceuk bajo. Tina tadina hayang ngabégal jadi hayang meruhkeun. Leuwihna ti kitu, Raja Bajo ogé hayang ngarebut awéwé. Déwi Samboja sohor ku geulisna. Bajo bogoheun.

“Ulah sambat kaniaya. Si Anggalarang eudeuk dipaéhan. Pamajikanana eudeuk direbut!” Raja Bajo ngancam-ngancam. Jang ngalaksanakeun niatna, kakuatan bajo ditambah. Jumlahna sina loba. Pakarangna sina pepek. Saban poé latihan jeung nyuprih élmu.

Sabalikna jeung urang Pananjung. Ngarasa nagara kondusif, hirup kajongjonan. Ngarasa nagara subur, hirup gé beuki kajongjonan. Ceuk kasarna, keur naon kudu pinter. Da geus beunghar ieuh. Keur naon mampu gelut. Da euweuh pacogrégan ieuh. Urang Pananjung teu apal marabahaya.

Tepikeun ka dina hiji waktu. Sabot keur jongjon. Sabot keur tibra saré. Aleutan bajo datang ti tengah laut. Rerencepan tapi loba. Lobana teu kaitung. Ku loba-lobana, sapanjang basisir pinuh ku parahu. Lain parahu mayang. Tapi parahu bajo. Gereyek eusina.

Urang Pananjung dibongohan. Teu dibéré waktu jang ngasah bedog. Teu boga lolongkrang jang mesat gobang. Nyaho-nyaho, kabéh tempat diobrot dina waktu bareng. Loba nu teu apal. Nyaho-nyaho geus palastra. Nu salamet tina panarajang, ukur mampu ngejat ngajauhan.

Patih Kidang Pananjung anu tanghi mah. Tapi manéhna tetep kapalingan. Teu nyaho ti anggalna, lawan datang ngadadak. Ki Patih teu boga waktu. Pasukan teu kungsi kagero. Komo-komo kudu sayagi bitotama. Ki Patih ngalawan sosoranganan.

Mimitina hiji dilawan sapuluh. Nu sapuluh kabeunangan. Geus kitu hiji dirempug duapuluh. Kakara mampu ngimbangan. Malah Patih Pananjung anu kadéséh. Tapi Ki Patih hésé éléhna. Matak keuheul para bajo. “Pentang ku panah seuneu! Pentang!” ceuk Raja Bajo.

Ratus-ratus panah seuneu dipentang. Kabéh ditujulkeun kana awak Ki Patih. Saratus panah mampu ditakis. Saratus deui dicingcetkeun. Tingbelesat deui panah seuneu anyar. Saratus bisa ditakis. Nu saratus deui ranceb niruk awak. Banjir getih sakujur awak.

Patih Kidang Pananjung bébénténg nagara. Bobor karahayuan mertahankeun kahormatan. Ceuk sakaol, makamna aya di Cagar Alam Pananjung. Malah ngaranna diabadikeun jadi ngaran jalan, Jalan Kidang Pananjung, di Pangandaran. Tug ka kiwari.

Mamang Léngsér teu milu perang. Leuwih penting nyalametkeun raja katut praméswari. “Hayu urang kabur! Hayu urang kabur!” ceuk Mamang Léngsér. Prabu Anggalarang merod. Piraku kuméok méméh dipacok.”Rayat kudu dibéla, karaton gé sarua!”

“Henteu kudu. Karaton musna, rayat mah moal!” ceuk Mamang Léngsér. Cenah nu penting mah, raja salamet. “Aya raja tangtu aya nagara. Endén Putri ogé kedah salamet. Ulah dugika janten korban kasarakahan jalma jahat,” ceuk Mamang Léngsér deui.

Bari duka, Raja ninggalkeun karaton. Inyana émut. Ingkang Rama kantos ngadawuh.”Ulah ngadegkeun karaton di dinya. Umurna ngan saumur jagong,” saur Prabu Haur Kuning baréto. Maksudna, umurna moal lana. Moal lila. Da jeung enyana kitu.

“Hayu ulah telat urang lunta!” ceuk Mamang Léngsér da Raja sedihna kadalon-dalon. Atuh Raja katut praméswari, kabur kalunta-lunta. Tapi kabur ka wétan, diberik ka wétan. Kabur ka kulon, diberik ka kulon. Raja Bajo keukeuh panasaran. Hayang maténi Raja Pananjung.

“Mamang, kumaha mun aleutan dibagi dua. Mamang lunta ka kalér mawa Nyi Ratu. Kaula sarombongan, ngaleut ka kidul. Nu penting kudu aya anu salamet,” saur Raja. Déwi Samboja ngahuleng. Teu tips kudu pisah sareng carogé. Tapi Léngsér satuju.

“Bener ceuk salaki. Nu penting kudu aya anu salamet. Hayu Endén Putri, urang lunta ka kalér!” ceuk Mamang Léngsér. Atuh jadi paburencay. Sarombongan ka kalér. Sarombongan deui ka kidul. Rombongan Déwi Samboja, nyawang di hiji mumunggang. Panyawangan ngaranna.

Nya eukeur nyawangkeun rombongan Prabu Anggalarang. Keur dikepung-wakul buaya mangap. Ratus-ratus bajo ningker Sang Prabu di Pasireurih. Tingkolébatna gobang atra katingali. Nyehcer sésa balad Karajaan Pananjung. Sang Prabu gé kasambut di dinya.

“Hayu Endén neraskeun lampah. Ulah ditingali baé. Keun geus titis tulisna kitu …” ceuk Mamang Léngsér ngalimba. Atuh rombongan terus lunta. Mapay sampalan, ngeumbing jungkrang. Malah ahirna turun muru Citanduy. Geus kitu tumpak rakit. Anjog ka Tunggilis.

Tunggilis tèh ngaran ayeuna. Disebut kitu, nyokot kecap tina nunggelis. Nu geulis nangis, alatan capé jeung sangsara. Sakaol nyebutkeun, Tunggilis asal kecap tina “tangis nu geulis”. Sarua eusina mah. Nyaritakeun kasedihna Déwi Samboja.

Datang ka hiji gunung, Déwi Samboja milih tatapa baé. Sabot tapa kadéngé sora. Mapagahan. Pajah mun hayang salamet, kudu nyamur jadi ronggéng. Ngaran gé kudu ganti. Percaya kana sora gaib, nya ngadegkeun kasenian ronggéng. Katelah baé ronggéng gunung.

Tepi ka kiwari di pakidulan Ciamis aya ronggéng gunung. Puseurna di Pangandaran. Malah ronggéng gunung mah, seni has Pangandaran. Cenahna asalna tina lalakon Déwi Samboja. Ngalalana bari nyamur. Sabab hayang nyingkahan para bajo. Nu tetep nyusul-nyusul.

Ngaran Déwi Samboja gé leungit. Nu aya mah Déwi Rengganis. Nyaéta nu mingpin kasenian ronggéng gunung. Gawèna angkleung-angkleungan. Kaluar-asup lembur. Ngalalana nuturkeun indung-suku bari ngamén. Nu nyiptakeun seni téh Mamang Léngsér.

Prabu Haur Kuning ngutus Patih Sawung Guling.”Téangan anak kaula Si Anggalarang. Kaula hayang nyaho béjana,” saur Raja. Tapi Patih Sawung Guling ukur nampa béja goréng. Karajaan Pananjung bubar, rajana tiwas. Kari néang kumaha nasib praméswari.

Patih Sawung Guling nyusud tapak. Malah ahirna mampu manggihan. “Deudeuh teuing Endén Putri kadungsang-dungsang. Sawios jisim kaula seja janten bébénténg kana nasib salira,” ceuk Patih Sawung Guling. Tina tadina hayang bébéla jadi muncul asih.

Pamustunganana, Déwi Rangganis ditikah. Para bajo anu keukeuh nyusul, dilawan tepi ka bubar katawuran. Ahirna Déwi Rengganis bisa mulang ka Pangandaran. Karajaan Pananjung nanjeur deui kalawan rajana Prabu Sawung Guling. Pananjung ngadeg tumenggung deui. *** Kenging : Aan Merdéka Permana