Cerita Sunda Sasakala Kalapa Genep Tasikmalaya

dongeng sunda sasakala kalapa genep tasikmalaya Kacaturkeun di sisi Walungan Cim Dongeng Sunda Sasakala Kalapa Genep Tasikmalaya


Kacaturkeun di sisi Walungan Cimédang, aya hiji imah nenggang jauh kaditu kadieu, dicicingan ku hiji aki-aki. Geus lila pisan matuhna di dinya téh.

Manéhna téh geus teu dulur teu kadang, teu sanak  teu baraya, hirupna éstu nunggelis (sorangan). Ari pagawéan sapopoéna Si Aki téh kana ngahuma. Hasil tina tatanénna ukur cukup keur pangabutuh sasoranganeun waé. Jajauheun mun hirupna medah-meduh téh.

Pikeun nambah-nambah panghasilan, mun keur salsé Si Aki sok ngala lauk di walungan. Ngalana téh maké badodon, ditaheunkeun. Pasosoré diteundeun di kawasan anu sakirana loba laukan, isukna ditéang terus diangkat. Mun beubeu-nanganana keur loba, lauk téh ku Si Aki sok digaringkeun sawaréh, keur bikeuneun lamun aya nu nganjang ka imahna.

Si Aki getol pisan ibadahna. Sanajan keur gering ogé, tara kungsi ninggalkeun solat nu lima waktu. Lamun geringna keur ripuh pisan, dina sakalieun wudu ka pancuran di lebakeun imahna ogé kudu bari ngarandang heula.


Hiji mangsa, basa Si Aki keur gering ripuh, saentasna wudu téh teu kuateun balik deui ka imahna. Kabeneran waé peutingna aya nu ngobor manuk. Si Aki dipangku dibawa ka imahna, terus diubaran ku pahinum papagan lamé meunang ngaléob. Ti dinya mah Si Aki téh nya rada jagjag deui.

Hiji waktu, dina keur usum ngijih (hujan), lahan anu dicicingan ku Si Aki téh kacaahan. Cai mani léb-léban. Najan kitu, manéhna teu gancang-gancang ingkah ti dinya, namun kalah naék kana suhunan imahna, bari mawa kalapa meunang ngantétkeun, kabéhna aya genep. Ari maksudna mah, bisi imahna terus laput kakeueum ku caah, manéhna arék ngojay bari numpakan kalapa meunang ngantétkeun téa.

  Lutung Kasarung Cerita Rakyat Jawa Barat

Hujan taya eureunna, malah beuki gedé waé. Si Aki ogé tungtungna mah palid kabawa caah. Untungna téh ku sabab mawa kalapa téa, jadi awakna kabawa ngambang.

Si Aki tungtungna tepi ka muara Walungan Cimédang. Di dinya mah caina teu pati tarik. Da geus rada ngajumbleng. Manéhna bisa ngaboséh ka sisi, alhamdulillah salamet, terus diuk dina dahan tepi ka caina orot. Ari kalapa mah kabeneran ngait kana dahan di hiji nusa. Isukna, Si Aki ditarulungan, dihanjatkeun ka darat. Kantétan kalapa mah diantep waé, ditinggalkeun di nusa.

Heuleut sawatara lila, éta kalapa téh genepanana sirungan, jadi kitri. Ku sabab lahanna subur, kitri téh tumuwuh mani morontod, tangkalna marontok, daunna ngarémploh. Beuki lila, beuki lila, éta tangkal kalapa nu genep téh ahirna mah tepi ka buahanana.

Ti harita, éta tempat téh katelahna Kalapagenep. Ayeuna mah kaasupna ka Kacamatan Cikalong beulah wétan, tapel wates jeung Kabupatén Ciamis.