Kacaturkeun di hiji nagara, anu nelah Nagara Galih Pakuan kaceluk nagara adil tur ma’mur, kawéntar murah sandang murah pangan. Rajana anu wijaksana sarta adil palamarta, kakasihna Sang Permana di Kusuma. Kagungan dua praméswari, anu sepuh jenenganana Naganingrum, anu anom Déwi Pangrenyep jenenganana. Hanjakal, Sang Raja teu acan kagungan putra, sanaos teu kendat neneda ka Nu Kawasa. Nanging weléh teu acan dikabul baé. Sakitu anjeunna kagungan praméswari dua, ditambih ku pirang-pirang selir gareulis.
Ari ponggawa anu diasih ku Sang Raja, nyaéta Mama Léngsér nu jadi sesepuh karaton, jeung hiji mantri anu nelah Arya Kebonan, kapetengan sareng kapercantenan Sang Raja.
Ningali kaayaan Kangjeng Raja nuju kitu, ngadeuheusna kandeg, pok baé humandeuar, “Bener, ngeunah jadi ratu mah, teu cara aing hirup tĕh taya kasenangan. Matak naon, lamun aing jadi raja !”
Sang Raja ngadawuh deui, ” Omong manéh kadéngĕ kabéh ku kami Lamun enya manéh hayang jeneng raja, sarta mampu ngalaksanakeun papancénna, ku kami rék dicoba. Ayeuna kami rék tapa. Nagara Galih Pakuan saeusina, ku kami rék dipasrahkeun. Tapi inget kudu adil palamarta, sarta manéh ulah ganggu ka praméswari. Kumaha manéh sanggup ?”
Arya Kebonan ngahuleng sajongjongan, geus kitu cong nyembah, pok unjukan, “Nun Gusti, bendu disuhun duka disangga, abdi Gusti neda sih hapuntenna. Upami abdi Gusti badé dijantenkeun wawakil Gusti, kateda kasuhun pisan, ditampi ku asta kalih.” “Sukur atuh ari sanggup mah,” dawuh Sang Raja, “Salila kami tapa, manéh anu ngawakilan, jeung ayeuna ngaran manéh dilandi, Radén Galuh Barma Wijaya Kusuma.”
Raja anyar, Radén Galuh Barma Wijaya Kusuma, ujug-ujug pudigdig rasa manéh jadi raja, teras linggih dina korsi karajaan. Pok nimbalan ka Mama Léngsér, “Hé Léngsér, manéh kudu nakol bendé, uarkeun ka abdi-abdi yén Kangjeng Raja, Sang Permana di Kusuma ayeuna anom deui, nya kami buktina. Lamun manéh kumawani, nyaritakeun kajadian nu saenyana, ulah sambat kaniaya, tangtu ditugel jangga.”
Léngsér henteu ngeunah haténa, tina urut batur sakulah-sakolih, ayeuna kudu disembah-sembah, turug-turug sakitu kumalungkungna. Méméh indit manéhna nyembah, tapi nyembahna ku suku lain ku leungeun. “Hé Léngsér, naha nyembah ku suku ka Ratu?” Walon Léngsér, “Ih, bawaning ku suka haté, Raja Sepuh anom deui, tur kasép taya bandingna.”
Saur Raja, “Sukur atuh ari atoh mah.” Gancangna carita, Léngsér nabeuh bendé, bari awong-awongan di alun-alun, nguarkeun ka sakabéh abdi-abdi, yén Sang Raja ayeuna anom deui. Teu kungsi lila éta béwara geus nerekab, sumebar ka suklakna ka siklukna. Abdi-abdi nagara Galih Pakuan percaya. Wantuning Sang Permana di Kusuma téh, kaceluk ratu sakti mandraguna. Ari éta Raja Anyar beuki kumagungan baé.
Ngadangu piunjuk praméswari kitu, Sang Raja ngaraos hélok, tuluy aya karep hayang nyoba-nyoba, kana wewesén jeung kasaktén Ajar Sukaresi. Praméswari duanana didangdanan siga bobot, anu saurang dipiwarang ngandung kawali, anu saurang deui kedah ngandung bokor emas.
Praméswari duanana didangdanan siga bobot, anu saurang dipiwarang ngandung kawali, anu saurang deui kedah ngandung bokor emas. Ajar Sukaresi disaur ti Gunung Padang. Barang jol ogé Ki Ajar, dipariksa ku Sang Raja. Saurna, “Coba Ki Ajar sebutkeun, ieu pawarang nu dua bobot atawa henteu?” Walon Ki Ajar, “Sumuhun bobot.” “Ari budakna awéwé atawa lalaki?” “Sumuhun, putrana téh pameget duanana ogé.”
Sang Raja bendu teu kira-kira. Bokor jeung kawali dipiwarang ditémbongkeun, maksudna ngabohongkeun kana piunjuk Ki Ajar. Bokor emas disépak, ragrag di Pulo Sumatra.
Éta sasakalana nu matak di Sumatra loba emas. Kawali ogé disépak, ragragna di lebah lembur, anu nepi ka ayeuna nelah Kawali. Sang Raja wuwuh benduna, énggal nyabut keris, ditewekkeun ka Ki Ajar, tetapi keris kalah ka ngeluk.
Kakasihna ditelahkeun Aria Banga. Harita kénéh ngayakeun pésta, wiréh raraosan Sang Raja lir ka putra pituin, malah terus digadangkeun mangku kaprabon.
Kira-kira heuleut sabulan, Sang Raja nyumpingan Naganingrum, duméh anjeunna ngaraos hémeng, aya nu bobot sapuluh bulan tacan brol. Naganingrum kasondong keur nangis baé. Ku Sang Raja diupahan dilelemu, malah terus anjeunna ébog, ébog dina pangkonan Naganingrum, bari mundut dipundayan, nepi ka kulemna.
Kacaturkeun barang ngaraos rék babar, Naganingrum miwarang néang paraji, tapi unggal indung-beurang padasuwung, karena geus dijangjian ku Déwi Pangrenyep, kabéh kudu ingkah ulah araya di imah. Api-api niat rék nulungan, tergesa-gesa Déwi Pangrenyep ka hulu dayeuh, sumping ka nu rék babar.
Sasumpingna, énggal Naganingrum diurus, cepilna duanana dicocokan ku kapas, ari socana duanana dilampat ku malam, jeung panangan duanana dibarogod. Naganingrum kagét, pok sasauran, “Naha Nyai mana kaniaya teuing. Ieu Embok teu ngadéngé naon-naon jeung teu ningal naon-naon.” “Wayahna Embok,” walon Déwi Pangrenyep, “Kitu kedahna anu rék babar mah.”
Murangkalih kacida morontodna, yuswa tujuh poé geus kawas nu tujuh bulan, yuswa tujuh bulan geus kawas nu tujuh tahun, malah ahirna mah geus sawawa baé.
Ku Nini jeung Aki kacida dipikanyaahna. Kawantu murangkalih taya kuciwana. Keur kasép téh loba kabisana deuih, kabisa nu geus nyampak ti barang lahir. Tapi nepi ka harita mah éta murangkalih, can dibéré ngaran ku Nini-Aki Balangantrang.
Dina hiji poé, murangkalih ngiring ka leuweung. Ningali aya manuk aclog-aclogan dina tangkal. “Aki, manuk naon éta téh ngaranna?” “Éta téh manuk ciung,” walon Aki. Teu kungsi lila, ningal sato gugurayangan. “Ari itu, sato naon ngaranna, Ki?” “Éta téh ngaranna wanara,” walon Aki. “Kumaha Ki, mun ngaran kuring téh Ciung Wanara?” “Atuh, kacida alusna éta ngaran téh,” ceuk Aki. Ti harita, nelah baé ngaranna Ciung Wanara.
Dina hiji poé Ciung Wanara téh ngapung, ti awang-awang ningali karaton Galih Pakuan. Harita téh kabeneran Aria Banga nuju ameng, diaping ku paraménak, dipajengan ku pajeng bawat. Ciung Wanara ngentab manahna, ningali Aria Banga sakitu didama-damana. Ari salira anjeunna sakitu kasangsarana. Salamina hirup di lembur singkur.
Sanggeus lungsur deui ka bumi, jleg di hareupeun Aki Balangantrang, Ciung Wanara téh sasauran, yén hoyong kagungan hayam tabrak. “Di dieu mah teu aya hayam langgar.
Éta baé endog anu tina kandaga candak ka Gunung Padang,
nyuhunkeun disileungleuman ku Nagawiru.” Ciung Wanara henteu talangké, harita gé biur baé ngapung ka Gunung Padang.
Diunjukkeun ka Sang Raja, yén aya budak cucungah, kitu-kitu pandéna. Sang Raja nimbalan Léngsér néangan éta budak. Ari Léngsér geus terus rasa, geus nyahoeun lain budak samanéa, budak sotéh ngan warugana wungkul, da ari batinna mah dununganana, nyaéta Sang Permana di Kusuma. Nurutkeun itunganana, éta budak tangtu aya di alun-alun.
Ana béh téh henteu samar deui, itungan Léngsér henteu nyalahan. Gancangna Ciung Wanara dideuheuskeun ka Raja.
Dipariksa ku Sang Raja, ngajawab satarabasna, kieu pokna, “Abdi Gusti Ciung Wanara, anak Aki Balangantrang ti Geger Sunten. Ka dieu téh réhna gaduh hayam aben rada anéh.
Indung hayam lamina ngendog sataun, sayangna dina kandaga, méméh megar palid heula.”
Saur Sang Raja, “Hayam kami mah si Jelug, nyatuna gé sapoé satanggungan. Hayam manéh geus tangtu éléh. Naon ti manéh tumpanganana?” Piunjuk Ciung Wanara, “Saupami hayam abdi Gusti kawon, abdi nyanggakeun pati hurip.
Sawangsulna upami kagungan Gusti anu kawon, abdi Gusti nyuhunkeun nagara sabeulah, katut karaton sapuratina.”
Sang Raja geus ngarasa ujub, yén hayam Ciung Wanara nu bakal éléh. Sabab Si Jelug can kungsi asor di pakalangan.
Sanggeus maitkeun jangji pasini, prung baé ngadu hayam. Ngan sageprakan pisan, si Jelug geus paragat nyawana. Ciung Wanara ngibing tatandang, lir banténg néangan lawan.
Sang Raja nyaur, “Ka dieu Radén! Ama arék papasrahan nagara. Nagara Galih Pakuan dibagi dua. Beulah kulon bagian Ciung Wanara, beulah wétan bagian Aria Banga.” Aria Banga harita kénéh disaur. Disaksian ku paramantri ponggawa, dua putra lajeng diistrénan, sami-sami kénging gelaran Sang Prabu.
tuluy Ciung Wanara ngadamel panjara beusi. Ari panjarana geus anggeus, diunjukkeun ka Sang Raja, didakukeun cawis abdi-abdi nu jarahat.
Sang Raja taya kacuriga, malah teras ningalian éta panjara,
diiring ku Déwi Pangrenyep. Semu resep naringalianana téh,
nepi ka lalebet pisan naringalian jerona. Geus kitu mah ku Ciung Wanara, dipeundeutkeun panto panjara téh, jeprét disosi sarta dibaguded ranté beusi. Sang Raja jeung praméswari sasambat, ku Ciung Wanara henteu ditolih.
Aria Banga katéwak tuluy baé dibalangkeun, ngalayang nepi ka peuntas ti wétan. Kersaning Pangéran, Aria Banga dipaparinan émut. Pokna, “Ayeuna mah urang eureunan mumusuhan, pamali tarung jeung dulur, anggur urang pada-pada ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara. Kakang bagian ka wétan, adi bagian ka kulon. Ieu walungan jadi watesna, urang telahkeun Cipamali, sangkan jadi panginget-nginget keur urang, pamali bengkah jeung dulur.”
Sanggeus kitu, Ciung Wanara mulang ka nagara.
Ari panjara, harita kénéh disépak katut eusina, tuluy ragrag di palebah lembur, anu nelah Kandangwesi tug nepi ka kiwari. Dayeuh Galih Pakuan dipindahkeun ka béh kulon,
ditelahkeun Pakuan Pajajaran. Ciung Wanara jumeneng raja bari diaping ku ibu, lulus mulus teu aya cela cangcala. Dicutat tina: Sasakala Cipamali – Kenging Satja di Brata