close

Cerita Si Kabayan Udud Bulan Mulia

Si Kabayan Udud Bulan Puasa

Dina hiji poe, pabeubeurang wanci rek solat lohor dina bulan ampunan Si Kabayan dibere surutu sagede jempol ku babaturanana meunang mawa di kota.Kabayan tah jang engke lamun buka puasa, ceuk babaturanana.
Nuhun euy, tembal Si Kabayan.

Sanggeus babaturanana indit, Si Kabayan ngalung-ngalung surutu anu sagede jempol jeung seungit tea. Jorojoy nafsuna hayang ngudud eta surutu harita keneh. Tapi sieun kanyahoan ku batur. Tuluy manehna indit ka saung tengah sawah.

Keur jongjon ngelepus udud surutu, torojol mitohana gegeroan :

KABAYAN … KABAYAN !!!!

Naaa ari gebeg teh Si Kabayan reuwaseun bari rampang-reumpeung, teu talangke deui tergesa-gesa surutu nu keur hurung teh diselapkeun dina kopeahna anu keur dipake. Tibatan dipiceun ka sawah lebar.

Mitohana reuwaseun, ningali haseup anu kaluar dina sirah minantuna.

Kabayan naon eta anu hurung dina kopeah maneh?

Si Kabayan tambah nervous jeung kala, namun buru-buru nembalan : Eheh, Eheh, ieu Bah, surutu, urut saur tadi subuh. Poho teu dipareuman.

Cing kami ngasaan ngeunah teu surutu teh ? ceuk mitohana saruana. 
  Cerita Sunda Si Kabayan Nyapih Nu Pasea