Buku Basa Sunda Taman Pamekar jilid 3 |
Isah jeung adina arindit ka Musium téh tarumpak beus DAMRI.
Ari matak tarumpak beus, kahiji ngarah murah ongkosna, kadua ngarah leuwih gancang.
Kira pukul 11 barudak téh geus tiba ka musium. Di gigireun lawang aya nu ngajaga nyanghareupan méja jeung buku daptar tamu ; saméméh asup, kudu ngadaptarkeun heula. Isah jeung adina tuluy ngadalaptar heula, geus kitu kakara arasup ka jero rohangan anu panghareupna, nya éta kawasan nyimpen rupa-rupa rorongkong.
Kira pukul 11 Aman Isah jeung Ade daratang ka musium |
Barang sup ogé barudak téh ujug-ujug bengong baé karagéteun nenjo rorongkong sato anu sakitu gedéna, malah Adé mah teu wanieun ngadeukeutan.
“Iy, sieun” ceunah bari undur-unduran.
“Naon éta téh ceu Isah, maké aya sihungan sagala mani sakitu panjangna ?
“Rorongkong gajah baheula ” walon Isah.
“Timana asalna étah téh nya, ceu ?” Aman nanya ka lanceukna.
“Kapanggihna ti jero taneuh dideukeut kota Ngawi, karesidénan Madiun,” témbal Isah.
“Kutan di Ngawi téh aya gajah anu sakitu gedéna?” omong Aman.
“Is, baheula aya sotéh, ayeuna mah teu aya,” tembal Isah.
“Ari éta anu hiji deui rorongkong naon ceu, tandukna panjang,” ceuk Aman.
Èta mah rorongkong munding baheula,” témbal Isah.
“Leuh tandukna ogé baplang nya panjang, nya ceu? matak sieun mun ayeuna aya munding sagedé kitu téh. Kénging timana éta téh ceu ? “
“éta ogé sarua baé timu dijeuro taneuh, deukeut Pati di Jawa Tengah.”
“Ari nu hiji deui rorongkong naon, nu teu aya tandukna ?” ceuk Adé.
“Euh rorongkong warak baheula éta mah,” jawab Isah.
“Sami sareng badak anu aya di Banten Kidul ?” ceuk Aman.
“Enya sabangsana kénéh, ngan nu Banten Kidul mah sahandapeun ieu gedéna.
“Kutan sasatoan baheula mah geuning langkung gedé batan ayeuna,” ceuk Isah. ” Geura yu urang ilikan itu tuh, tangkorak jelema anu dijajarkeun dina méja itu !”
“Ah alim sieun,” ceuk Adé bari undur-unduran.
“Naha, maké jeung sieun sagala, da moal nanaon!” omong Isah, pilakadar tangkorak !”
“Naha geuning benten sareng tangkorak anu aya di sakola, nya ceu ?” ceuk Aman ka lanceukna.
“Ieu mah bet kitu geuning tarangna heureut, tulang halisna nonjol pisan kahareup, tulang caréhamna ogé nyodor kahareup deuih, irung démes : méh sarua jeung tangkorak monyét éta mah !
“Enya, ngaran ogé Trinil éta mah, sabab kapanggihnati désa Trinil, sakalereun Solo.
“Ari itu naon ceu, anu sapertos dudukuy toroktok mang Aja ?” Adé nanya ka Isah.
“Euh cangkang penyu baheula éta mah, nu geus jadi kerikil,” tembal isah.
“Euleuh éta mah dinya méja, cangkang kerang geuning, sareng kewuk, mani rupi-rupi ceu!” ceuk Aman.
” Aya nu belang torotol, nu wungu, héjo, beureum kayas, saréa naker.”
“Ari itu batu naon ceu, tuh taringgul dina lomari beling !” ceuk Adé bari bari nunjuk kana daerah rupa-rupa kerikil.
“Euh, éta mah nu hideung, areng batu, ari nu semu hawuk, cadas nu ngandung timah, aya ogé anu ngandung perak jeung emas, malah diantarana aya nungandung batu permata.”
“Ari itu naon tuh, ceu nu siga saung ranggon ?” ceuk Adé bari nunjuk kanu pupusaran beusi.
“Ah, Adé mah, ceuk isah bari seuri. “atuh lain-lain sing saung ranggon éta mah, mumunaraan paranti ngebor minyak tanah.”
Sanggeus karalang -kuriling unggal kamar kapapay kabéh, Isah tuluy ngajak balik ka adina.
“Lah, abdi mah resep kenéh ceu, engké waé sakedap deui!” omong Aman ka lanceukna.
“Har, ari Aman, apan tadi ku apa dijangjian ulah beurang teuing, apan urang teras nyaba ka lapang udara téa.”
“Euh sumuhun,” omong Aman bari nuturkeun lanceukna kaluar.
Barang barudak kaluar ti musium, ti luhur aya nu ngaguruh, mana horéng aya kapal udara pancar ngaliwat.
Ade ngarenjag semu nu reuwas, tuluy tanggah.
“Euleuh ceu Isah, kapal udara naon nya, mana tarik-tarik teuing, tah sorana mani ngaguruh kitu, jeung anéh teu aya kolecéran, teu aya buntutan deuih ?”
“Euh kapal udara pancargas atawa jét éta téh, paranti latihan !” témbal Isah.
“Naha geuning teu aya koléceran, ceu ?”
“Enya, sabab majuna ku gas !” témbal Isah, “geura engké dilapang udara ogé aya sing jalugrug.”
Sabot barudak ngaromong kitu, jol beus-kota datang, reug eureun hareupeun gedong Dwi Warna.
Atuh gancang barudak téh tarumpak beus, rék baralik ka panganjreukan. Dicutat tina Buku Basa Sunda Taman Pamekar jilid III