Raporna aya angka beureuman. Ngagambarna meunang lima. Tapi ngitung jeung maca meunang tujuh.
Barudak teu lila di sakola. Sanggeus Pa Penilik mulih, sakola tuluy bubar.
Umi buru buru balik.
Ti buruan kénéh geus gegeroan.
“Ma … Ma naék …… naék !”
Emana norojol ti dapur.
“Sukur naék mah.”
“Ku maha Udi naék deuih?”
“Duka, da teu papendak, cios ka Bandung téh, Ma ? “Da abdi tos naék.”
“Heug, bari mapagkeun Nana. Tapi Umi jeung Udi kudu ka Ua heula di Sirnagalih. Kudu ngéndong, saurna. Pakaulan naék. Tuh di dapur geus aya piwarangan Ua. Ngahaja mapagkeun.”
“Ari ka Bandung iraha ?”
“Engké balik ti Sirnagalih. Isukan ka ditu jeung Udi. Mana raporna Mi ?” “Geuning ngagambar ngan lima. Nu séjénna mah alus.”
Umi nyéréngéh: “Sesah ngambar mah, Ma !“
“Diajar atuh ka Kang Udi !“
Tuluy Umi ka dapur mukaan lomari, tetapi can aya nanaon.
“Sangu mah can aya. Itu wé sangu ketan dina méja. Opak dina kaléng. Ti Ua, keur Udi jeung Umi.” *** Dicutat tina Umi jeung Udi 1975 Tarate Bandung – Kenging R. Momon Wirakusumah dkk