Carpon Sunda Irtasan Meunang Kuntul

 Irtasan teu burung bisa hirup rumah tangga Carpon Sunda Irtasan Meunang Kuntul

Irtasan Meunang Kuntul

Sanajan rada déglo (blo-on), Irtasan teu burung bisa hirup rumah tangga. Layeut runtut raut jeung pamajikanana. Ngaran Nyi Ikok. Pakasaban matuh Irtasan, nyéta kuli ari. Buburuh macul di sawah atawa di kebon. Nyi Ikok ogé tara cicingeun. Getol mantuan salaki nyiar kipayah, saperti derep, buburh tandur aawa buburuh ngarambet.

Selang-selang tina gawé, biasana pasosoré, Irtasan sok rajeun ngeuseupan kuntul. Carana teu béda ti nguseup lauk baé. Maké jeujeur, kenur jeung useup. Ngan jeujuerna pondok. Dicecebkeun pageug dina galengan. Dieupanan anak lauk. Cul baé ditinggalkeun. Tara didekul ditungguan, cukup diawaskeun baé ti kaangggangan.

Dina hiji poé, useup Irtasan disanggut kuntul. Teu kira-kira Irtasan bungaheunana. Saumur dumelah pasang useup, karék ayeuna kabiruyungan hasil.

Gancang diboro. Suku kuntul diparékos. Useupna ditalian.
Barang useup lésok, kuntul disana. “Kok !!!
Irtasan ngarenjag. Kuntul diperong sajongjonan.

“Geuning manéh nyaho ka pamajikan kami ?” omongna semu heran
Kuntul disada deui, “Kok !”
“Kabeneran !” Irtasan ngarénghap panjang. “Kami ayeuna masih kénéh boga kaperluan. Naheunkeun posong di lebak. Pasti nepi ka burit. Lamun manéh dibabawa tangtu matak ridu. Tah, lantaran manéh geus apal ka pamajikan kami, wayahna balik sorangan ka ditu, nya ! Itu tuh, imah kami téh, beulah kidul, deukeut randu kurung. Ieu péso sakalian bawa, pakéeun pamajikan kami meuncit manéh. Ambéh engké kami tiba, geus nyampak semur daging kuntul.

Sanggeus digantélan péso tikel, geleber kuntul dihiberkeun.
“Kadé tong sumpang-simpang heula ka mamana !”Irtasan ngagorowok ka kuntul nu geus kikiplik, mumbul ka luhur. Mimiti mah enya, katémbong kuntul hiberna maju ka kidul. Tapi teu lila ngoreleng ka beulah wétan. Léok ka kaler. Saterusna kebat ka kulaon.

  Carpon Sunda Budak Yatim

Gero-gero Irtasan ti handap,” Di beulah kidul imah kami mah, kuntul !” Di beulah kidul !”
Kuntul teu nolih. Laju ngawang-ngawang. Nepi ka lesna teu katembong.
“Emh, lebar ku péso tikel baé. hanas dibahankeun !  Sugan téh enya apal ka imah kami. Ari tadi nanahoanan atuh, maké nyambat-nyambat ngaran Si Ikok sagala rupa ?” Irtasan kukulutus bari teu eureun-eureun gégétrét. Manéhna keukeuh teu ngartieun, naon sababna kuntul nyahoeun ngaran Nyi Ikok. Cag. Dicutat tina:Oray Bedul Macok Mang Konod. Ku:Usép Romli HM. Penerbit : Rahmat Cijulang 1985.