Carita Ti Banten Jaman Baheula


Tukang moro di Malingping Banten 1941. Cibaliung Banten dina taun 1927 masih kénéh primitip (kabaheulaan) dina sagalarupana. Sumpahna gé matak rareuwas: “daék dilebok maung ngaing mah dak, da teu rumasa !” Éta téh dina sagala rupa, sautak saeutik téh daék dilebok maung, dijeun lalab rumbah.

Carita Maung Cibaliung Banten Jaman Baheula 

Ari Cibaliung téh hiji distrik tungtung pulo Jawa anu pang kulonna, kabawah ka kabupaten Pandeglang, ngabawah Ujung Kuwung. Anu kaasup kabawahan Cibaliung lelegana leuweung luwang-liwung paselang jeung tegal manjah, pantes pisan panglayungan maung pangulinan rino jeung banteng téh.


Dina taun 1927 masih kénéh primitip (kabaheulaan) dina sagalarupana. Sumpahna gé matak rareuwas: “daék dilebok maung ngaing mah dak, da teu rumasa !” Éta téh dina sagala rupa, sautak saeutik téh daék dilebok maung, dijeun lalab rumbah.

Hiji mangsa ditanyakeun ka sesepuh di dinya:


“Eh Amang, kumaha eta téh aya sumpah ku rohaka kitu, asa rareuwas kula mah ! Eta baé di kawasan maung, bet aya basa kitu, bet sararieun !”


“Jéh Nyai ! Da geus biasa di dieu mah, sieun kénéh ku banteng manan ku maung” derekdek panjang lebar nyarita:


Ku sabab sapopoé hirup di leuweung, rék kahuma, rék néangan pangan nu séjén, apan leuweung baé nu ka sorang téh jadi kudu ulah sieun. Geura baé lamun ngahuma, pan sok mulan-malén tah dihuma téh, nungguan pakaya. Eta téh pan sok aya nu ngabaturan, marilu siduru.


Jeungna deui di dieu mah aya dua karajaan, di Manciung jeung di Ujungkulon. Di Manciung kasultanan, di Ujungkulon karajaanana. Geura baé Nyai, ari bulan mulud, mani lidig anu kaliwatan mah, ku nu rék saréba ti mana-mana ka kulonkeun.


“Aéh enya nya Mang, béjana baheula jaman ramé maung téa nepi ka béak opat désa na enya ta téh?  Cing kumaha dongéngna?


“Ih, atuh puguh da kula gé geus bujang leutik harita téh, malah mah jarona gé aki kula”.


“Tah, tah ! kumaha ta téh dongéngna kula mah hayang nyaho”.


“Ari béjana mah, aki nu ngadongéng téh, da ngalaman. Asal muasalna aya Tuan naon teu nyaho ngaranna. Amang mah Kuntulir-kuntulir kitu, ti Menés cenah ngadon moro ka bawahan Cibaliung. Ari tina balikna jaba loba beubeunangan téh jeung manggihan anak maung dina dungus tuluy dibawa rék diingu.


Indungna néangan, tuluy nyusud tapak, da seukeut ambeu atuh anu kitu mah, nya nepi ka Menés. Atuh gagauran meureuén nyalukan anakna. Atuh anu aya di kota téh kacida gudjrudna. Meunang tujuh peuting kituna téh.


Dina hiji peuting diintip dibedil, ngan teu keuna. Tuluy baé ngiles teu datang-datang deui.


Heunteu sabulan ti harita kas Cibaliung aya nu jualan kokopong (peda). Biasa di dieu ari aya nu jualan téh sok pada ngarogrog. Ku sabab langka aya nu jualan nu kitu téh, tara nitih sabulan sakali, atuh ramé ti unggal imah daratang pabéja-béja.


“Dak kokopong ! Dak kokopong !”


Atuh pada ngariung-riung ribut itu meuli ieu meuli, aya anu cubuk- cabak baé meuli hanteu, matak ngariweuhkeun nu dagang. Lila – lila bawaning ribut paheula-heula nu dagang téh nyereng nyarék ulah ribut teuing, tapi teu digarugu. Tuluy baé paséa jeung nui jualan , nepi ka tuluy daganganana dibawa bari ngaléos indit, ngungkung bari ngomong: “Rasakeun diya isuk atawa pagéto ngaing ngabales !”

Tah, diantara samulud, geus poho-poho acan saréréa ogé, ana geletek téh di desa kula pisan, di Sudi Manik.


Dina hiji peuting, Aki ogé rék sasaréan, aya sora geblag-geblig jeung sada lobaan, atuh saréréa pada ngadaréngékeun, gebligna lain geblig jelema.


Carék Aki: “Cing dak, toong tah aya naon di luar?”


Kakara gé bapa kula ngabengakeun panto, geus gebrug deui dipeundeutkeun, bari tuluy lumpat ka tengah imah, bari haruhah-haréhoh ti popolotot.


“Bapa aduh, maung! Bapa maung loba nanakeuran!”


“Eh, ehh, ré aya naon ieuh ?” Tulakan baé panto, pageuhan kabéh jandéla-jandéla deui !” Tuluy Aki mah ka kobong teu nyaho rék naon bubuhan kurang pandai baheula ieuh !”


Teu kungsi lila Aki kaluar deui bari kunyam-kunyem, tuluy mukakeun panto hareup, kaluar sedih naon nu dicaritakeun, da kadéngé ngagerendeng, tuluy baé asup deui, bari gogodeg nangkeup harigu.


“Cilaka dak, geus teu beunang di kitu di kieu ! Ayeuna mah urang ngadago kumaha engké baé, Jeung ulah kaluar nepi ka isuk !”


Ari teu kungsi lila, kadéngé aya anu ngadarongkéak jeung tingjarerit, tingjorowok mént tulung, meni ramé teu puguhdengékeunana, anu aya di jero imah mani teu puguh rarasaan nya ngadégdég nya watir, sieun tapi teu mampu kukumaha, da lain lawan-lawaneun.


Jeungna deui atuh di Cibaliung mah éstu tara aya kajadian naon-naon biasana tengtrem ayem nu matak aya kajadian kitu téh éstu matak geumpeur pisan.


Barang geus subuh, jep jempé teu kadéngé naon-naon deui, tuluy Aki téh kaluar, dianteur ku bapa.

Gusti, éstu matak ngerik katénjona téh, Imah pasoléngkrah getih ngabayabah ting alacret.

Duka kumaha bet aya saurang anu hirup kénéh kapedak kitu ogé mani leuleus, sepa sakedapan mah teu kenging ditanya. Lila-lila nyarita, cenah mah anu katénjo jeung kaalaman, kadéngé  disadana, aya dua tiluanana, tapi anu asup ngan hiji, datangna ti luhur, ti para, anu sawaréh deui ti tukang hiji, di hareup hiji.


“Da anéh Ki Jaro, tadi ngaing héés tiluan, budak di tengah, tah ! anu dicokot budak dipanggul ka luhur, tuluy indungna, ari ngaing teu nyaho kumaha, da teu datang deui. Ngaing hirup kénéh !”


“Da éngké mah penting, diaplus ku ngaing “.


Ari imah-imah di Cibaliung mah éstu wawayagon pisan. Suhunan teu maké lalangit hareupna ku kirasy, bilik tara dipaku sapageuh-pageuhna ku ditalian.


Atuh harita kénéh laporan ka wadanan tuluy ka nagara. Ari lilana laporan téh tara téréh-téréh paling gancang 7 poé. Atuh heunteu gancang-gancang meunang pertulungan.


Satungtung ngadago putusan atawa pertulungan, sabisa-mampu satékah poleh saakal-akal urang Distrik baé. Ku digarogolan, nyieun piluang, disentég, namun ongkoh-ongkoh baé. Eta kituna téh aya kana 3-4 bulanna. Béak lembur ieu pindah lembur séjén, kitu jeung kitu baé, nepi ka béak sababarah lembur.


Jeung nya kitu, dicokotanana téh nungtut unggal peuting, bodoh budak dibarawa ka leuweung, euweuh nu dihakan di dinya.


Sanggeus sumpingna pangagung ti nagara, nya biasa sakal-logika deui dijaralankeun. Jeung deui dina waktu harita arang langka anu boga bedil, atuh lolobana téh ngandelkeun akal baé.


Didatangkeun tukang moro, paburu anu ulung, anu kamashur bisana, anu kumaha baé satona tara nepi ka teu beunang, Hih da di Cibaliung mah, tong boro-boro maung, teu meunang mencaek-mencek acan. Estu matak taak manéhna téh di dinya mah, boboléh nepi ka mulangna.


Bawaning ku geus béakeun logika, tarékah sagala geus dijalankeun nya jalmi-jalmi téh, rayat nu sakur anu deukeut ka lembur anu keur digaksak, disina ngeuli, dikudukeun teu meunang henteu. Aya nu ka bawahan Menés, aya nu ka Malingping, ka Labuan, anu katimbang jauh ti dinya.


Kakara jempé kondusif deui, tiis deui nepi ka ayeuna euweuh kajadian deui cara waktu harita.


“Tah kitu dongéngna téh. Lain cerita da enya kajadian. Nu matak urang dieu mah, sanggeusna harita teu nyaho kumaha tara sarieuneun deui, malah mah sok aya nu mantuan ngajaga huma, lamun digalaksak ku sato séjén.


Lamun urang rék ka Muara Binuangeun atawa ka Cikeusik kaliwatan urut-urutna. Tangkal kalapana, palataranana jiga pisan urut lembur gedé téh. Ku: R. Salsiah M. Dicutat tina: majalah Sunda Mangle No. 327 Juni 1972

  Dongeng Sunda Sasakala Situ Bagendit