Bobodoran Pa Ustad Jeung Surat Wasiat








Surat Wasiat
Mang Adun geus saminggu dirawat di rumah sakit. Kaayanana geus ngahariwangkeun pisan. 
Irung jeung sungutna geus dipasangan selang oksigen. Ceuk dokter mah panyakit jantungna geus parna (parah). 


Ningali kaayaan kitu, anak nu Cikal boga inisiatip ngageuroan Ustad. Geus ilahar (biasa) di lembur jeung di kota, lamun aya jalma kira-kirana kaciri geus deukeut wancina, cunduk waktu ninggang mangsana, sok ngageroan Ustad. Ngarah dilancarkeun jalan nitis balik ka Nu Maha Kawasa.

Teu kungsi lila pa Ustad norojol ka rumah sakit, dibarengan ku anak incuna nu geuring.

“Mangga urang kawitan ngadu’a teh, da kulawargina parantos karempel sadayana. Mudah-mudah nu teu damang dipasihan jalan nu hade pikeun urang sadaya” ceuk  pa Ustad . ” Manggaaa … “. ceuk nu aya di darinya.

Can ge lima menit ngadu’ana, ujug-ujug katingali Mang Adun teu bisa ambekan (napas). Beungeutna pias, awakna ngadegdeg. Leungeuna ngangkat, gupuy – gapay, tuluy mere isarat kawas rek tutulis.

Anakna surti (ngarti), tuluy mere kertas jeung pulpen. Mang Adun nulis surat, bari ambekan mah angger jiga nu eungap. Geus beres nulis, tuluy si surat teh dibikeun ka pa Ustad. Ku pa Ustad teu hese, eksklusif dipesakan, bari pok nyarita:

“Ayeuna mah lain waktuna maca surat wasiat, henteu pantes, pamali. Hayu urang tuluykeun ngadu’ana …”

Ngadenge kitu, der deui ngadaro’a. Nu gering mah angger cacalangapan, awakna kekejetan.

Teu kungsi lila, les weh Mang Adun teh maot. Atuh sa anak incu careuruik bari narangkeup mayat Mang Adun. 


Sorena jenazah teh di kurebkeun. Nu mingpin do’ana pa Ustad. 

Rengse ngurebkeun, pok pa Ustad nyarita :

  Kisah Sunda Si Kabayan Jajan Baso

“Sakumaha tadi urang pada-pada nyaksian, basa di rumah sakit, almarhum masihan surat wasiat, anu dititipkeun ka simkuring. Ayeuna, waktosna parantos merenah. Mangga Jang Eman, salaku putra nu cikal, dihaturan kanggo macakeun eusina. Sing tarik macana, supados kakuping ku balarea.” 

“Mangga, pa Ustad … ” Ceuk jang Eman.


Ku jang Eman si surat teh dibaca. Kieu eusina  : 

“Heh … Ustad !! Nyingkah sia teh … ulah nincak Selang Oksigen Aing … Modar atuh Aing … !!!