Biografi Bahasa Sunda Soni Farid Maulana


Soni Farid Maulana jeung buku kumpulan sajak Sundana nu munggaran Kalakay Mega 

Soni Farid Maulana, lahir 19 Pebruari 1962 di Tasikmalaya, Jawa Barat. Sabada selesai ti Sekolah Menengan Atas Pancasila Tasikmalaya kuliah di ASTI Bandung jurusan teater. Taun 1986 kungsi diondang ku Déwan Kesenian Jakarta pikeun maca sajak-sajakna dina lembaga Temu Budaya 1986.
Taun 1987 diondang maca sajak dina lembaga Tiga Penyair Bandung babarengan jeung Acep Zamzam Noor jeung Nirwan Dewanto. Taun éta kénéh diondang maca sajak dina lembaga Puisi Indonesia 87.
Taun 1989 dina Forum Tiga Penyair Bandung, maca sajak babarengan jeung Acep Zamzam Noor jeung Beni Setia. Taun 1990 diondang ku forum Temu Sastrawan Asia Tenggara IV di Queez0n City, Filipina.
Sajak-sajak basa Sundana sumebar dina majalah Manglé jeung Galura. Ari sajak-sajak basa Indonesiana mah sumebar dina Pikiran Rakyat, Mitra Désa, Bandung Pos, Suara Pembaruan, Suara Karya, Pelita, Berita Buana, Horison, Citra Yogya, Amanah, Ulumul Quran, jrrd.
Kumpulan sajakna dina basa Indonesia nu geus medal; Bunga Kecubung (Gotongrojong Sastra Tasik, 1984), Krematorium Matahari (Kelompok Sepuluh, 1985), Para Penziarah (Angkasa, 1987), Matahari Berkabut (Pustaka, 1989) antologi Tonggak IV (Gramedia, 1987) jeung Malam 1000 Bulan (Forum Sastra Bandung, 1992). Kalakay Mega mangrupa kumpulan sajak Sundana nu munggaran medal. Tina: Kalakay Mega Kumpulan Sajak Soni Farid Maulana. Geger Sunten. 1997
  Biografi Novelis Sunda Tini Kartini