close

Biografi Oto Iskandar Dinata Bahasa Sunda


Biografi Oto Iskandar Dinata Si Jalak Harupat
Kiwari urang boga salam nasional nu mangrupa pekik Merdéka bari nonjokeun peureup ka luhur. Salam anu ngagedurkeun sumanget para jagoan bangsa dina mangsa revolusi fisik, enggoning ngarebut kamerdekaan bangsa Indonesia. Eta salam nasional téh diciptakeun ka Oto Iskandar Dinata, salasaurang pahlawan nasional nu asalna ti Tatar Sunda.

Tangtu baé, jasa Oto Iskandar Dinata téh lain ngan sakitu-kituna. Perjoangan jeung ketakna dina ngabéla bangsa jeung lemah caina, natrat katembong dina lalakon hirupna. Umpana baé dina mangsa anjeunna jadi anggota Volksraad (Dewan Rayat). Di dinya sora Oto Iskandar Dinata harus kadengena, ngabongkar sagala kateureugeujeugan pamarentah kolonial Walanda. Bagian pidatona anu kawéntar nyaéta basa anjeunna nyabit-nyabit kamerdekaan bangsa Indonesia teh rék karana dipaksa atawa henteu, teu saeutik gumantung kana sikep Walanda sorangan. Tapi kuring percaya, bangsa Walanda cukup sadar. Tangtuna oge moal hésé milih hiji ti antara dua: mundur atawa diusir.

Reaksi lazim kana pidato Pa Oto teh hebat. Umumna bangsa Indonesia mah asa dipangedalkeun kereteg angenna, anu salila-lila dikemu. Nya ti harita mimiti nyebarna jujuluk ” Si Jalak Harupat ” pikeun Oto Iskandar Dinata téh. Dipapandekeun kana hayam laga asal Ciparagé nu garung tara asor di mana-mana. Kongas berpengaruh teunggeul, asak dina ulin, tara kongkorongok salah mangsa. Tapi ana neunggeul matak ngarumpuyuk lawan.

Oto Iskandar Dinata téh pituin urang Sunda. Dilahirkeun di Bojongsoang, Dayeuhkolot, Bandung Dina tanggal 31 Maret 1897. Mimiti sakola ka HIS, terus ka Kweekschool Bandung, sarta namatkeunana di Hogere Kweekschool Purwerejo taun 1920. Ti Dinya anjeunna jadi guru HIS di Banjarnegara, terus pindah ka Bandung, ka Pekalongan jeung pamungkas di Jakarta. Jiwa kaguruanana di ahir bakal medal dina darmabakti anu jembar, mimiti katangenna mah waktu di Pekalongan.

Harita, Oto iskandar Dinata kapilih jadi anggota Gemeenteraad (Dewan Kota). Nya di dinya wawanén, jajatén, katut wewesénna mimiti tembong téh. Kacatet dina sajarah perjoanganana, hiji insiden anu katelah Peristiwa Bendungan Kemuning. Hiji pacogregan antara nasionalis Oto jeung Tuan Kontrak Wonogiri nu boga panyindekelan Residén Pekalongan.

Keur ukuran harita mah, hebat atuh aya bangsa urang, pangkat guru HIS geus wani-wani ngalawan Kangjeng Residén. Tapi kateuneung jeung kaludeung Guru Oto nu dibarung ku kajujuran jeung kaiklasan, geus bisa ngéléhkeun kakawasaan Residen Pekalongan. Malah Residenna sorangan anu dipindahkeun ti Pekalongan. Ngan ti saprak éta kajadian, ngarang Oto Iskandar Dinata dicatet dina buku hideung alias daftar jalma-jalma anu sawaktu-waktu mampu dibuang ka Digul.

Jaba ti insiden Bendungan Kemuning téh, jasa Oto salila di Pekalongan, di antarana baé ngabéla rahayat tina langkah-langkah pulisi kolonial anu teu adil jeung taya rasrasan. Terus deuih ngungkab kajahatan – kajahatan léntah darat nu nyeuseup getih rahayat pribumi nu hirupna geus katalangsara.

Ti Pekalongan, tugasna dipindahkeun ka Batawi, anu ayeuna katelah Jakarta. Di Batawi, Pa Oto asup jadi angota Paguyuban Pasundan, taun 1928. Malah terus jadi katuana. Nya dina mangsa kapamingpinan anjeunna Paguyuban Pasundan téh leuwih katembong kamajuanana, utamana dina widang ekonomi, pendidikan, jeung pulitik.

Salaku pajuang nu mibandu sipat bruk-brak, anjeunna mikaresep tokoh Werkudara alias Bima dina pawayangan. Lain pédah gagah gandang, tapi lantaran gandang, tetapi lantaran teuneung ludeung dina ngabéla bebeneran, jujur sahinasna, sok eksklusif kana tujuan. Dina nyekel pancén, teu seja sosorah menta salamet, namun wani ngorbankeun naon baé asal tujuan kahontal.

Dina Jaman Jepang, Pa Oto ogé nyekel kalungguhan salaku Direktur Surat Kabar Cahaya, pingpinan Jawa Hookookai, pingpinan Badan Panulung Korban Perang, anggota Cuo Sangi In, sarta anggota Panitia Persiapan Kemerdékaan Indonesia (PPKI).

Dina jaman kamerdekaan diangkat jadi Mentri Negara. Anjeunna anu ngadegkeun BKR téh, anu engkéna jadi Tentara Nasional Indonesia.

Henteu kungsi lila ngalaman kamerdekanana téh. Dina ahir taun 1945, Oto Iskandar Dinata keuna ku pitenah nepi ka ditelasanana. Layonna ngambang di Basisir Mauk, Tangerang. Nepi ka ayeuna can aya kapastian, saha saenyana anu boga pokal ngaleungitkeun nyawa Oto Iskandar Dinata téh. Anu terang mah, jalma – jalma anu teu mibanda rasa tanggung jawab. Diropea tina: Biografi Pahlawan-Pahlawan asal Jawa Barat.