Bahasa Sunda ” width=”640″ />
Bahasa Sunda
Nyawah di Tatar Sunda
Pa Tani ngamimitian nyambut sawahna téh dina mangsa mamaréng. Nu munggaran digarap (dipagawé) téh pabinihan, tempatna dina salah sahiji kotakan nu pangléndona. Tara kungsi sakotak mun sawahna teu pati lega mah, pabinihanana téh, matak sok dina babaladon gé nu deukeut kana sangapan (huluwotan) ngarah mudah ngocorkeun cai. Paré pabinihan diseleksi heula, bisi pacampur jeung céré atawa ketan.
Beunang milih, kakara diirik atawa dikerok, dipuragkeun bangsalna tina geugeusan. Saméméh ditebarkeun (disebarkeun), mudu dikeueum heula. Malah baheula pisan mah, nebarkeun téh sok ranggeuyanana baé teu kungsi di irik heula. Pawinian téh dikontrol diheuleurankeun dijadikeun sababaraha heuleur, tuluy disegég, malah sok ditanjeban bebegig sagala, minangka panyingsieunan manuk. Sarengsenatebar, kakara mitembeyan macul (ngabaladah atawa ngawalajar).
Sangkan riduh taneuhna mah, sok digoyor ku cai. Tina kotakan nu hiji kana kotakan nu hiji deui, maké kocoran, mun dina balong mah minangka palayangan.
Rajeun ogé ngagarap sawah teh ngagunakeun munding. Tapi pacul mah teu tinggaleun najan ku munding ogé, Sabab mudu aya nu ngajurukan, nya éta ngimeutan anu teu katepi ku singkal Sangkan kira-kira jujukutanana geus jelek katindiahan ku tai singkal atawa tai pacul, kakara dibalik. Mun geus riduh pisan taneuhna, tuluy dianglér atawa digaru sangkan taneuhna layur pisan. Jujukutanana sina jadi gemuk, bari dirarata sangkan kotakan rata kacaianana.
Nya harita galengan ditampingan. Sawah angar mah sok didangkal digemukan, komo sawah tadah hujan mah, atawa sawah geledug, perlu nakér digemuk téh, teu aran sawah nu léndo. Biasana sawah nu meunang cai hirup, paréna bahenol, arang nu keri, ngan hanjakal sok ayeuh, mun kiwari mah loba teuing gemuk oréa meureun. Sanggeus binih umur 40 poé tuluy dibabutan, dibeungkeutan ka tengah . Saméméh dialung-alungkeun katengah kotakan beunang nganglér, diteukteukan heula pucukna. Ngalungkeunana di rahcalkeun.
Sakapeung babut téh sok bareng baé jeung tandur mudu diwawadi an mudu apik ulah garewol, ulah omboy teuing, ulah céték teuing tandurna. Komo nu ngabedug mah, mudu aya nu ngajejeran baé da sok aya anu malalenting digarawena téh ari dikoncer mah. Biasana anu baluburuh magawé, tandu, babut jeung sajabanamudu baé disuguhan dahar jeung ngopi, aya ogé anu pur manuk
Sanggeus lima, genep poé ti tas ditanduran paré téh lilir, aya ogé anu paéh,mun kitu mudu gancang diayuman.
Mun geus gumunda, mudu geuwat dirabut dijambretan jujukutanana bari dilelep-lelepkeun ku suku sangkan jadi gemuk. Dina ngarambét mindo, mudu bersamajeung nyacar galeng . Teu kungsi lila nungguan, mun geus ngarambét mindo mah, sok tuluy papak daun, nyiram reuneuh, reuneuh beukah, celetu kumisi, rampak beuneur héjo harayhay, konéng, jujurahan asak baé. Waktuna dibentuk nu boga sawah geus sadia keur nyalin.
Saung sanggar dihias ku janur jeung sulangkar geus dibawa ka sawah.
Jero saung sanggar dieusian pangradinan rurujakan, kupat, tangtangangin, puncak manik jeung sajabana. Mangsa nurunan sok nyawén malah sok make umbul-umbul sagala. Sanggeus tarapti mah prak baé nyalin.
Anu derep atawa gacong mareunang babon, minangka upahna.
Mana disebut gacong ogé, pihartieunana tina sasangga sapocong upahna téh. ti teungahan eundan di kunjalan ka saung atawa ka lembur. Biasana saung diadegkeunana dina tétélar, sangkan teu ebrik sangkan tumaninah mun dipaké moé.
Sanggeus tuhur diangkut, nu diheulakeun ibu. Malah ngakut paré jaman harita mah, maké sok iring-iringan, raraméan maké rengkong sagala.
Dileuitna tara dielep di alunggé tara,jeung gogorontongna ditungtut digempel. *** Ciamis 14-8-1976 kenging Wiraguna Dicutat tina: Koran Kudjang Juma’ah 21 September 1976