Alun Alun Ciamis Jaman Baheula

Kaayaan Alun-Alun Ciamis Jaman Baheula 1925-1933

Ngadaweung dina dingklik panjang Kantor Pamaréntah Daérah Kabupatén Ciamis. Nyawang alun-alun Ciamis katut adegan-adegan sakurilingeunana. Cangkeul diuk, pindah nangtung bari nyarandé kana panto beusi nu geus disérélékeun ka sisi. Kesel nangtung, gék deui diuk dina dingklik panjang. Mun, tadi mah bangku nu beulah kulon, ayeuna mah dina bangku nu beulah wétan paningal mah, boh bari diuk atawa bari nangtung ogé, tetep baé, ka alun-alun. Tuda atra, tétéla pisan titinggalan ka alun-alun ti palebah dinya téh.

Alun-alun rata tur jukutna papak, héjo ngémploh. Di juru kidul beulah kulon aya sababaraha, embé jeung domba keur nyaratuan. Aya nu dicangcang jeung aya nu diabur.
Ras jaman kuring di lembur resep ngingu domba. Ari tukang ngaritna gering. Bingung ka mana nja ngangon domba. Rék dikasawahkeun sina mapay galeng, jaba ti keur usum ngarambét téh, sok aya endrin deuih. Rék di ka kebonkeun. nu bogana geus nyangking paneunggeul. Mun diangon di sisi solokan, mantri irigasi meureun tada teuing ambekeunana. Antukna mah domba téh digiring-giring mapay segi jalan désa. Naha atuh anakna kagéléng délman, nepi ka sempal sukuna.
Ari domba jeung embé nu katingali harita keur nyaratuan di alun-alun mah, bangkit nu jongjon naker. Teu, henteu sieuneun aya nu neunggeul, sumawonna ku reuwas duméh kadupak kuda atawa delman mah, henteu. Padahal di tengah-tengah alun-alun harita aya nu keur ngajar kuda dua, jalmana tiluan. Nu duaan nyekel tambang kuda, ari nu saurang deui nyekel pecut dijegér-jegérkeun. Dibantuan deuih ku anjing ngagékgék satukangeun kuda. Barudak nu keur balbalan ogé sababaraha urang, beulah kaler-kulon alun-alun téh. Ih domba, jeung embé téa mah jongjon baé nyaratuan. Nu bogana mah duka teuing saha jeung di mana. Naha ari jorojoy téh asumsi, ah, engké mah mun nampa uang Mangle, rék dibeulikeun baé kana domba, keun baé leutik gé, sok di alun-alun, moal kungsi ngangon atawa ngarit, geus genep bulan meureun anakan.
Dina babancong di segi alun-alun beulah kalér, katembongna teh loba deuih barudak keur arulin. Ari sakuloneunana, handapeun kai katingal sababaraha urang nu keur maregat oplét ka Tasikmalaya tangtuna ogé. Di beulah kidul wétan mah kacida raména. Da puguh éta mah stanplat beus. jalmana pabaliut, calo-calona pating corowok, atuh beusna nu mangkat jeung nu tiba, lain hiji.
Kaléreun alun-alun ngajengléng gedong nagara, palinggihan Bapa Bupati Kepala Daérah. Baheulana mah éta téh daerah Asistént Residént. Atuh. sakuloneunana, pavilyunna dipaké Kantor Pemilu, terus ngulon kantor kaasisténan, ayeuna kantor Kodim. Atuh saméméhna kungsi dipaké Kantor Pangadilan. Beulah kulon Masjid Agung keur dibangun bab hareupna, mangrupa dua munara. Sakiduleunana Gedong Da’wah anu megah téa. Saterusna peuntaseun jalan ditumbu ku gedong BRI.
Di beulah wétan mah katémbongna téh tiiseun. Boh di Pagadéan atawa di Poliklinik Tentara anu dibarengan ku Kantor Golkar katut AMS. Tiiseunana Pagadéan, meureun pédah tara beunang dikejar butuh. Ceuk nu tutunggonna, teu aya atawa kirang artos. Da lain proyek pembangunan.
Di pavilyun wétaneun Gedong Nagara ayeuna mah dipaké ku Sturada. Katembongna di luarna mah tiiseun. Barétona mah éta téh kungsi dipaké Kantor Kabupaten. Méh, méh bae kaliwat. Lapang ténis pernahna di kiduleun alun-alun, Kuloneun kawasan kuring ngadaweung salila-lila.
Ngadaweung salila-lila bari diuk dina kursi panjang. Ras kana cacandran: Banagara sor ka tengah, Ciamis amis ku manéh, jeung Kawasén mulang ka asalna.
Kumaha bet jadi sor ka tengah ? Apan baheula ogé jaman Kangjeng Adipati Imbanagara, geus jadi puseurna nagara Galuh. Atawa ka tengah ti dituna kénéh kitu ? Ari ceuk Aji Kiswa, putra Imbanagara pangarang Carita jeung sajak nu geus ku Ajip Rosidi mah : Éta téh Kang, sor ka tengah, wiréh seueur putra-putra Imbanagara anu nyarongcolang, makalangan di nu tebih, cenah pokna ka kuring.
Ari Ciamis wangi ku manéh mah, tangtuna ogé alun-alun Ciamis pangnyahoeunana. Da puguh geus kolot, hirupna geus ngalaman sababaraha jaman. Jaman Kangjeng Dalem Jayengpati bukbak-bukbak, asal tina pakebonan pilemburan, jadi Ciamis nu jadi puseurna Nagara Galuh, manéhna mah geus nyahoeun. Pokna ogé, baheula Kangjeng Dalem Jajengpati kungsi miwarang, melak ampél konéng, tangkal lamé jeung gebang pikeun pangeling-ngeling diadegkeunana Ciamis. Kiwari mah taya dikieuna, tinggal urutna. Tangkal gebang teh, lebah pasar. Tangkal lamé, tuh lebah lapang tenis. Ari ampél konéng, kira-kira palebah bui kiwari. Geus euweuh ayeuna mah, tinggal urutna. Padahal éta téh cicirén pamageuh dayeuh.
Kuring mah sagala nyaho”, pokna deui, jaman raraméan jeung pépéstaan kuring nyaho. Jaman ririweuhan, malah jaman ngagantungan jalma ogé kuring ngalaman. Kuring téh geus dipakv Pésta Radja. Senénan”, berkelahi-aduan ngadu domba atawa jalma, pakuat-besar lengan berkuasa, pabedas-bedas. Mun teu kitu dipaké kawasan nyiksa, jalma-jalma nu bahula ka Raja. Kuring téh sok dipaké daerah upacara itu, upacara ieu, pidato itu pidato ieu. Ku jalma di tarincakan bari sakapeung dipaké kawasan caliweura. Atuh ku sasatoan dihakanan jukutna bari diarisingan …”
Enyana, gedé jasana alun-alun Ciamis téh. Tapi ku nu laleumpang tengah-tengahna ukur ditincakan. Ku nu laleumpang di jalan sakurilingeunnana, tampolana tara dirérét-rérét acan. Komo ku nu nyemprung tumpak mobil mah. Kawasna téh tara dipaliré samasakali.
Gede jasana jeung gedé kasabara nana deuih, alun-alun Ciamis téh. Abong-abong geus kolot, loba pangalamanana. Nu pait, nu peuheur geus kaalaman, jeung sok aya mangsana jadi kaagulan, ka megahan deuih, kitu-kitu sotéh.
Ari magar bau ku manéh kumaha ?” Enya, wangi tiba ti dirina, da diihtiaran”.Ari nu paitna ka mana ?” Hih, pait jeung amisna mah babarengan tara papisah,” Sugan téh nu paitna mah geus euweuh.” Mangka berhati-hati, nu disebut bacin téh Galuh, galeuhna hirup-hurip, galih nu wening. Nu paitna mah cangkangna …”
Sihoréng anyeun téh sagala nyaho, Alun-alun Ciamis ! Abong-abong geus kolot”. Lain pédah geus kolot baé. Apan kuring téh Tuguna Galuh”.
Cacandran Kawasén mulang ka asalna, éta mah karasa ku kuring sorangan. Asal teu boga naon-naon, jadi teu boga naon-nanaon. Ti baheulana ogé hirup téh ripuh. Nu puguh mah hutang baé raweuy. Hutang ka indung nu nga kandung, ka bapa nu ngayuga, ka bangsa nu geus jeung keur berjuang paéh poso, ka agama nu nungtun jeung ngaping sangkan ngahontal bagja lahir batin.
Ari ceuk Alun-alun Ciamis mah magar manéh : Bareto boga wewesén, kiwari boga wewesén deui.”

Enya, masing boga wewesén ogé, ari teu bener ngalarapkeunana mah, matak cilaka jeung riweuh ka saréréa. Ngan untungna téh, aya amisna Ciamis jeung aya galeuhna Galuh.
Ngadaweung salila-lila bari nyarandé kana panto beusi. Paningal parat ka satukangeun kantor Kodim. Bréh téh Gunung Sawal keur ngajéga, jiga nu keur ngajaga bisi aya bancang pakewuh. Dina lampingna beulah wétan, haseup bodas ngelun. Kawasna mah keur ngadurukan di huma. Éndah pisan kasawangna Gunung Sawal harita. Hanjakalna teu bisa ngadangding kawas Kang Salmun, atawa béh ditu na Juragan Kalipah Apo.
Ku teu poho-poho kana Guguritan Laut Kidul jasa anjeunna téh. Geura ieu dua pada anu panungtung :

Wantu sindir mah sasindir
wantu-wantu basa mah sabasa
ngan béda nu kariraos
catur Ki Juru Pantun
juru pantun anu berbudi
pantun ti Pajajaran
nu ti kun-payakun
nyaos pieusieunana
sindir hiji di mana waliwis mandi
mandi di pangguyangan.

Pangguyangan-pangguyangan kuring
panggujangan-pangguyangan urang
urang nu keur ngalalakon lalakon
nu keur ngalu
pada-pada boga pamanggih
pada boga carita pada boga galur
gok amprok jeung sasamana
mararantun aya nu pait nu bacin
baralik kari ngaran.

Éndah pisan katingalina Gunung Sawal téh. Komo ana rét ka béh wétanna, lempengan pisan Gedong Nagara, lapat-lapat katingal aya mucunghul méh saru jeung méga bodas, ngan itu mah semu-semu paul. Sihoréng téh puncak Gunung Ciremay, tonggoheun dayeuh Kuningan.

  Marak Lauk Atau Nyirib Budaya Sunda Yang Dilupakan
Cangkeul nangtung, gék deui diuk dina kursi panjang. Tuluy ngadaweung Paningal parat ka Alun-alun sarta brasna ka Gunung Sawal jeung kana puncakna Gunung Ciremay.
Damel naon Kang ?” Ari dirérét, sihoréng téh Pa Abu Bakar, Bupati Ciamis, mariksa bari imut ngagelenyu.
Kuring teu mampu ngajawab, tikoro sedih teuing dijejelan nanahaon. Ari asumsi museur dina wangkongan jeung alun-alun Ciamis.Tina: majalah Sunda Mangle No. 269 Mei-1971 Ku: Oot Hidayat.Judul orisinil: Alun-Alun Ciamis.