close

Akhlak Suku Baduy Dina Bahasa Sunda

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda

Sumpah Orang Baduy

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul, dina hirup kumbuhna masih pageuh dina pribadina jeung pageuh nyekel akhlak ka biasaan karuhunna. Urang Baduy kacida jujurna, lamun ngomong terus terang, teu aya nu didingding kelir, teu aya nu disumput-sumput.


Upama urang carita jeung urang Baduy ku urang karasa geteran hatena terus terangna. Sanajan urang Baduy teu sarakola, tetapi dina campur gaul henteu dusun malah wanter.

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda


Kuring kungsi maca dina buku, hiji Pamuda Baduy anakna Puun Cikeusik dibawa ka Jakarta sarena ngagoler tapi ngarendeng opatan jeung nu sejen. Isuk-isuk waktu hudanng manehna kageteun iketna euweuh, teu salah deui aya nu maling. Tapi ieu Pamuda Baduy keukeuh teu ngartieun naha sababna eta iket leungit, pok na teh da sidik pisan ieu iket digolerkeun dina deukeut sirah. Moal enya aya iket indit sorangan manehna keukeuh teu ngarti yen di dunya sok aya tukang maling.

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda


Carita hiji deui, kuring ngadenge ti mahasiswa anu nyaba ka Baduy. Kabeneran keur waktu manehna aya di Baduy, Jaro (Lurah) nampa laporan yen peuting tadi aya hiji imah Baduy kadatangan rampog, rampogna urang luareun Baduy  pakeanana dicokot jelemana dipestol, pelorna nu hiji keuna kana deukeut halisna nu hiji deui kana dada deukeut susuna. Pelor nu keuna deukeut halisna rag-rag, ari kulitna nu keuna ku pelor ngan ukur bared. Ari pelor nu hiji deui nyangsang dina deukeut susuna, tatuna henteu jero, pelorna beunang dicokot. Pamuda mahasiswa tea keukeuh teu ngarti naon sababna eta pelor henteu tembus.

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda


Kajurung ku panasaran ku kuring ditanyakeun ka Jarona naon sababna bisa kajadian kitu, Jaro ngajawab pokna : “eta mah acan pastina bae manehna kudu maot harita”.

Sawatara taun katukang sim kuring geus nguping yen aya ihtiar di Baduy rek ngadegkeun sakola, tapi urang Baduy nolak. Ku sim kuring ditaroskeun ka salah saurang urang Baduy, naon sababna rek ngadegkeun ditolak, jawabna kieu:  “Ayeuna urang baduy mah sok sakola, ngan sakolana henteu saperti sakola anu lazimkapanggih di saluareun Baduy. Di Baduy mah sakolana teh di kolot-kolot anu mere pituduh bag-skema hirup. Sakola nu ayeuna ngajar-ngajar rupa-rupa elmu anu ngajurung kana kapinteran, tetapi elmu hirupna teu diajarkeun,ari lamun pinter tea wungkul mah sok ngajurung kana jahat tibatan jahat mah anu matak ngarugikeun sasama jeung masarakat, mending keneh henteu sakola.

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda


Eta matakna matak di Baduy mending ulah aya sakola. Kitu omongan  Ki Baduy sawatara taun katukang. Manehna neruskeun caritana pok na teh : “Aing tadi ngaliwat ka kantor Kotamadya, diburuan kantor loba jelema ngariung. Ku aing ditanyakeun riungan naon ? Jawabna ieu teh poe senen para pagawe sumpah satia dina ngajalankeun gawena.

Ki Baduy ngomong deui : ” Aing mah sumpah teh ngan sakali keur saumur hirup. Ari nu palinter mah sumpahna unggal poe Senen bari teu apal-apal”.

Jumlah rayat Baduy teh kurang leuwih aya 5000 (lima rebu) jelema. Makara meh teu aya pangaruhna kana hirup kumbuh moderen. Katurug-turug lembur matuhna mencil pisan ti Banten Kidul. Mun hayang nyaho wewengkon Baduy oge kudu leumpang.
Upama baduy nyaba, babakuna Baduy Jero. Tara make tutumpakan, cukup ku leumpang bae.

Baduy teh urang Sunda keneh anu hirupna mencil di Banten Kidul Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda

Dina jaman Walanda hirupkumbuh urang Baduy kacida ditangtayunganana. Adat kabiasaanana henteu dirobah. Pikeun materi sajarah mah ieu teh perelu pisan minangka tugu hirup, tegesna nu beunang dijieun bahan sajarah. 

Pikeun ngumpulkeun bahan sajarah,ayeuna nu dina jero taneuh oge diteangan, malah dikali lamun perelu. Ari Baduy mampu dianggap materi panalungtikan sajarah jeung kabudayaan anu henteu ngaganggu masarakat lega. Sabalikna, upama dipaksa kudu milu jeung masarakat moderen, maranehna oge bakal ngarasa teu senang, malah asa diteungteuinganan. Sanajan teu dipaksa ayeuna oge geus loba robahna sabab kapangaruhan ku lambakna jaman ayeuna. Artikel Dicutat tina: Koran Sunda Kujang Juma’ah 1975 Kenging : NKS 11 Agustus 1975

  Filosofi Si Kabayan

“Samemeh ngomean diri batur, hade kacida lamun ngomean diri sorangan heula.”