Nyaba ka Puser Dayeuh
Pasosore sabada asar pa Aman saanak bojona ngabring pelesiran di puseur kota.
Mimitina mapay jalan anu lalega sarta raresik, namun harita mah teu tutumpakan, da resep cenah jalan-jalan bari rarat-rérét néndjoan gedong anu saligrong.
Barang nepi kahareupeun Istana Merdéka, Aman ngarandeg bari nanya ka apana :
” Kapan nya
éta nu disebut istana Merdéka téh, panglinggihan Presiden Republik Indonesia.”” Dupi nu di sebat gedong arca t
éh mana pa ?”Pa Aman saanak bodjona bring arindit ngajugjug ka gedong arca.
” K
énging pa urang lalebetka dinja ?” ceuk Aman. ” Abdi mah hajang jelas kaayaanana.”” Atuh geus tutup ajeuna mah.”
” Langkung sa
é urang kaditu ajeuna mah pa, ka Pasar Baru,urang mapay- mapay toko anu arageung,” omomg Isah.Emana n
émpas:” Ih ari Ema hojong terang waé kumaha raména Pasar baru Djakarta.” tembal isah ‘ sareng eta abdi mah sok resep téh pasang-petana nendeun barang-barang dina étalase.”
” Naon étalase téh tju ?” ceuk Aman.
” Ari étalase téh pamidangan barang-barang di toko bagéan hareupna.”
” Atuh kudu tumpak oplét atawa taksi ari rék ka Pasar Baru mah, da rada djauh, Adé bisi mopo.” omong pa Aman.
” Sumuhun pa ” ceuk Adé. “Adé mah parantos capé, langkung saé kana polet waé.”
Pa Aman tuluy ngeureunkeun oplét, clak sararéa tarumpak oplét, dius ka Pasar Baru. Teu lila geus nepi kanu dijugjug.
Pa Aman saanak bodjona tuluj gabring mapay-mapay toko anu galedé, barang-barangna marodél tur pasang-petana neundeun barangna matak narik kana haté, matak moho anu nenjo, da puguh beunang nyusurup, mani jiga aralus kabéh.