Didin Babalik Pikir
Peuting geus ngagayuh ka subuh. Angin mawa ciibun nyulusup kana sela-sela jandéla. Panon dipeureum-peureumkeun tunduh mingkin jauh. geus méh sapeuting jeput Didin teu daék saré. Sora jangkrik tambur sada peuyeuh, nambahan kagagas. Mingkin lila di rumah sakit lain mingkin betah. Haté Didin beuki montél ka lemburna sorangan.
Sakapeung Didin sok ngarasa héran, naha manéhna ngimpi, naha manéhna bet inget baé ka Ubén, Ubén téh lain dulur, teu bau-anyir sinduk acan. ubén téh bujang, jongos.
Basa tadi Didin ngerejep, manéhna ngimpi, najan ngan sakocepat. katémbong dina impianana, ubén tiba ngabesuk jeung indungna nu geus taya dikieuna. Solongkrong manéhna nyampeurkeun, song ngasongkeun leungeun, sasalaman, bari pok ngomong semu dareuda, Cép, abdi hapunten !” Ngan sakitu-kituna. Didin kaburu inget, ngagebeg.
Tapi éta keinginan téh bet pohara ngaganggu kana pikiranana. Ras Didin inget kana kajadian basa manéhna gering. kabéh kagambarkeun deui dina cipataanana.
Harita téh poé minggu, Ubén keur ngistrika. Tayohna istrikana panas teuing. Baju Didin nepi ka tutung, Didin teu antaparah deui jebét nampiling Ubén jeung nyarékan mani laklak dasar. Ubén boroboro ngalawan ngomong sakemék gé henteu. Ngan cipanonna mani rambisak jeung sisidueun nyekleuk nahan piceurikeun.
Harita mah nénjo Uben kitu téh Didin ambekna kalahka beuki ngagugudug. Béda jeung peuting ieu. Didin jumerit dina atina. ” Bén hampura Didin, Bén ! Lain Ubén nu kudu ménta dihampura mah, Didin !”
Kaduhung minuhan haté Didin. Kadudhung nampiling, kaduhung maké nyarékan. Padahal pira baju saragem geus lalayu sekar. Jeung baju téh loba kénéh deuih !
“Mun isuk bapa besuk isuk-isuk, Ubén rek sina dicandak besuk pasosoré. Rék ménta dihampura!” ceuk Didin dina haténa.
Poé minggu kira-kira tabuh sawelas. Langit lénglang baléngras. biru satungtung deuleu. Aya langlayangan pupuntiran sésérépétan. Ébréh kasawang ti kamar dua. Didin jeung Ubén ngagukguk paungku-ungku. Cag. Dicutat tina: Jaleuleu. karangan A.P 1975