close

5 Contoh Puisi Bahasa Sunda Bermakna

Contoh Puisi Bahasa Sunda Pilihan – Apakah Sobat sedang mencari puisi bahasa Sunda yg bisa dipakai selaku referensi tugas sekolah ataupun peran kuliah? So, pastinya Sobat telah berada di blog yg tepat karena selain menyuguhkan contoh-pola puisi dr penyair-penyair kenamaan, kumpulan pantun yg berguna, cerpen-cerpen yg mempesona serta drama-drama opsi, blog ini pula mencoba menghidangkan karya sastra dr daerah ataupun suku yg berada di Indonesia.

Dibawah ini merupakan teladan puisi bahasa Sunda yg bisa Sobat simak. Buat sobat yg berasal dr tatar Pasundan pastinya bisa mengerti apa yg terkandung dr 5 puisi dibawah. Akan tetapi bagi sobat yg berasal dr Suku lain mungkin belum bisa mengetahui makna yg terkandung didalamnya. Untuk mampu memahami ke lima puisi dibawah, mungkin Sobat yg berasal dr suku lain mampu meminta dukungan dr sahabat atau kenalan yg berasal dr kawasan Pasundan.

Berikut 5 Puisi Bahasa Sunda yang bisa Sobat simak.

Hirup

Dihirupan lain teu ngahaja
Diciptakeun lain di aya aya
Teu hade katungkul ku sumoreang ka tukang
Teu hade katungkul ku ngagugulung udagan

Waas ku ngajul bentang
Tapi teu inget kana daratan
Reueus ku ngahontal kahayang
Tapi teu eling kana ageman

Poma eling mangka eling
Baheula kudu jadi pepeling
Ayeuna sing jadi panggeuing
Isukan tong ngagugu kapusing

Ulah ngukut nafsu kapegung
Kahayang moal manggih tungtung
Sing tarati tur gumati
Turut tinumut ukur ka Gusti

Hirup teh cita-cita
Ngudag ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh ibadah Rela ikhlas ngumawula



Angin Priangan

Seungit angin priangan

ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.

Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutanduh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.

Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.

Dengkleung déngdékdengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.



Malati di Lamping Tresnan

Teu kedah jungjunan ngaraos tidak yakin
margi diri tetep imut ngahaleuang
teu kedah panutan alum kumidangdam
margi rasa tetep asih jeung katingtriman

Peurih rasa ati pami imut teu deui ngagelenyu
jerit raga dada pami haleuang teu ngango rasa
endahna panineungan mangsa katukang
janten ciri kantos sindang rasa kasmaran
keun antepkeun mawar nu aya dimumunggang
cul tinggalkeun malati nu aya dilamping 

katresnandalah mawar moal kamana murag daunna

Inggis malati teu seungit sumeleber dina ati

Tong nyawang mangsa nukungsi kalakon
kingkin dina ati tingtrim carita cinta
teukedah ngagelar rasa nungagalura
margi katineung tetep ngamuara dina dada



Ngayuh Parahu Kanalangsaan

Hemm…
sanes Abdi teu percanten kanu Asih tur mika Heman,
nu nawisan palabuan kanggo panyinggahan,
mang taun taun balayar di tengah lautan kahirupan,
ngayuh parahu kanalangsaan,

Luak leok ka anginan
estu teu aya pisan pamuntangan,
sanes teu peryogi kanu ngamudi,
namung inggis nyuhunkeun balas kebijaksanaan,
rumaos seueur pisan balad nu nganti nganti,
nu janten tanggel waler diri…



Hareupeun Kaca

Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
roman alum gurat sedih atra narémbongan
hareupeun kaca sagala nu karandapan
lalakon katukang-tukang nungtut narémbongan.

Reueuk rumeuk dina eunteung
semu keueung semu nineung
jiwa awaking nyarita jiga nu nganaha-naha
duh ieung geuning jiga nu nganaha-naha.

  5 Contoh Puisi Anak SD Terbaik

Béjakeun deudeuh, bejakeun
rumasa geus katalimbeng.