√ Dongeng Si Kancil dan Buaya Bahasa Sunda

wargamasyarakat.org, Salam Haneut! Dongeng Si Kancil & Buaya dlm bahasa Sunda berarti Sakadang Peucang jeung Buaya. Dongeng Sang Kancil & Buaya tergolong fabel atau dongeng hewan, dlm bahasa Sunda disebut dongeng sasatoan.

Dongeng fabel Sunda ini ialah lanjutan dr cerita sebelumnya. Silakan baca: Dongeng Sunda Sasatoan Sakadang Peucang (Si Kancil) & Pak Tani

Selamat membaca….

Sakadang Peucang jeung Buaya

“Gog…gog…gog! Dasar tukang tipu siah! Maneh nyebutkeun rek dijadikeun minantu ku Pa Tani, padahal mah rek dipeuncit!”. Anjing ambek-ambekan sabab geus ngarasa dibobodo ku sakadang Peucang.

Peucang mah leutik soteh awakna & uteukna mah encer. Lamun tuluy maksakeun lumpat tangtu bakal kaudag ku anjing. Antukna peucang nyumput dina rungkun, sedengkeun anjing teu nyahoeun kalah tuluy lumpat.

“Dasar anjing belegug!”, ceuk sakadang Peucang bari seuri.

Kalawan ati-ati si Peucang ngurungan tapak sukuna sangkan teu kanyahoan ku anjing. Bener we, anjing teh teu nganyoankeun tempat panyumputan Peucang.

Sanggeus ngarasa kondusif, sakadang Peucang kaluar tina panyumputannana. “Geus jauh jigana mah anjing teh lumpatna, ayeuna kuring arek kaluar.”

Sakadang Peucang leumpang ngeureuyeuh ka belah anu patukang tonggong jeung lumpatna anjing. Singget carita, manehna anjog ka segi walungan.

“Euleuh, kumaha cara meuntasna? Walungan teh jigana mah jero pisan.” Peucang ngahuleng sakeudeung neangan nalar.

“Ah kapanggih ayeuna mah!”

Manehna leumpang ka deukeuteun dapuran cau anu masih keneh laleutik. Tangkal cau disurungkeun satakerna nepi ka hiji-hiji nungtutan runtuh.

Tayohna sakadang Peucang teh rek nyieun rakit tina tangkal cau pikeun meuntas walungan.

Sanggeus rakitna jadi, tuluy digusur ka sisi walungan. “Aduh, beurat kacida ieu rakit teh!”, sakadang Peucang ngangluh.

  Kata Ucapan Selamat Berbuka Puasa Ramadhan Indah Modern 2018

Si Peucang teu sadareun yen di satukangeunnana aya buaya gede keur ngadodoho. Teu kungsi lila, gep sukuna dicapluk ku buaya.

“Aduh Buaya! dagoan sakeudeung…!”

“Dagoan rek naon deui Cil? beuteung kaula geus lapar yeuh”.

“Tong hariwang buaya! kuring moal mungkin bisa leupas ti anjeun, ngan ayeuna kuring oge sarua keur lapar. Makara idinan heula kuring neangan dahareun”.

Buaya ngagugu kana omongan si Peucang. Suku si Peucang dilesotkeun tina gegelan sungutna anu rangeteng.

“Jadi kahayang maneh naon Cil?”

“Batur anjeun loba, lain?”

“Enya, bener loba Cil!”.

Buaya ngageroan babaturannana, teu kungsi lila baturna geus marucunghul dina luhur cai.

“Salah saurang di antara aranjeun kudu nganteurkeun kuring ka peuntas. Kuring arek neangan dahareun sangkan awak kuring jadi lintuh jeung cukup keur dahareun aranjeun kabeh.”

“Cil, kade maneh tong wani-wani nipu kaula nya!” ceuk buaya.

“Teu wararani teuing atuh kuring kudu nipu ka anjeun mah!”

“Heug atuh mun kitu mah, ayeuna maneh rek dianteurkeun ka belah peuntas. Di ditu kudu neangan dahareun jeung bungbuahan sing loba.”

Sakadang Peucang meuntas bari numpak tonggong buaya. “Asiiiiik….!”

“Sok sing suka beungah heula sabab sakeudeung deui bakal asup kana beuteung kaula”, ceuk buaya.

Sanggeus sakadang Peucang nepi ka peuntas, buaya nungguan di sisi bari ngingetan deui, “kade sing inget Cil, tong main-main nipu kaula!”. Si Peucang tuluy neangan bungbuahan pikeun dahareunnana.

Teu kungsi lila sakadang Peucang balik deui. Beuteungna rada mutiktrik lintuh da puguh geus seubeuheun barangdahar.

“Buaya! sabaraha jumlah batur anjeun?”

“Loba Cil!”

“Loba teh sabaraha, itung atuh!”

“Duka teuing, can pernah ngitung Cil!”

  √ Patokan dan Contoh Pupuh Gambuh Sunda

“Ah kacida, atuh kumaha carana engke ngabagikeun daging kuring?”

“Lamun kitu mah, kuring nu rek mangitungkeun jumlah aranjeun. Sok ngajajar sing meres ti sisi nepi ka sisi jiga sasak nepi ka peuntas.”

“Satuju Cil! Tapi kusabab kaula pamingpin di ieu walungan, mangka kaula boga hak bagean pingping maneh!”.

Para buaya ngajajar meres jiga jambatan ti segi walungan nepi ka sisi deui. Sakadang peucang luluncatan dina tonggong buaya bari ngitung; hiji, dua, tilu, jeung satuluyna nepi ka nepi deui segi wahangan. Barang nepi ka sisi, sakadang Peucang ngadadahan ka para buaya.

“Nuhun buaya, wilujeng kantun…!”

“Eh, Cil maneh ulah indit kitu wae. Kaula can ngakan maneh!”

“Naon, arek ngadahar daging kuring? Hampura teuing!” ceuk Peucang bari lumpat.

“Dasar Peucang maneh mah teu beunang diandalkan!” ceuk para buaya kukulutus.

“Keun bae kuring nipu aranjeun oge & keur nyalametkeun diri!” tembal Peucang.

Buaya gogorowokan nitah sakadang Peucang balik deui. Tapi teu didenge, Peucang tuluy indit.

Bersambung ke dongeng sasatoan berikutnya: Sabuk Nabi Sulaiman.

***

Dongeng hewan bahasa Sunda di atas menceritakan seekor kancil yg akan menyebarang sungai untuk mencari makan. ia berusaha menciptakan rakit dr pohon pisang. Tetapi tanpa sadar buaya sedang mengintainya.

Buaya besar menggigit kakinya, namun kancil minta dilepaskan dulu dgn alasan akan makan dahulu agar tubuhnya jadi gemuk & cukup untuk makan para buaya yg ada di sungai itu.

Buaya baiklah dgn ajakan kancil. Diantarlah kancil ke seberang. Kancil mencari makan, sesudah kenyang ia kembali ke tepi sungai.

Kancil menanyakan berapa jumlah buaya di sungai itu. Pemimpin buaya tak tahu karena belum pernah menghitungnya. Kancil mengajukan diri untuk menghitungnya. Buaya pun oke.

  √ Macam Macam Majas Lengkap dengan Pengertian dan Contohnya !

Para buaya berjajar di dr tepi ke tepi sungai membentuk jembatan. Kancil meloncat-loncat di punggung buaya sambil berhitung. Setiba di seberang, kancil pergi meninggalkan para buaya yg akan memangsanya.

Para buaya marah, sebab kancil sudah mendustai mereka. Menurut kancil, ia mendustai para buaya alasannya adalah untuk menyelamatkan diri.

Sumber dr buku Kumpulan Dongeng si Kancil oleh Adhi Mulyono. Diterjemahkan & disunting sebagian untuk menyesuaikan dgn kosakata bahasa Sunda.