close

√ Contoh Teks Pembawa Acara Rapat Bahasa Sunda

wargamasyarakat.org, Salam Haneut! Contoh teks pembawa acara rapat memakai bahasa Sunda halus. Teks pembawa acara basa Sunda ini bisa pula dipakai oleh moderator diskusi, tinggal mengubah beberapa kalimat & susunan acaranya.

Pembawa program atau MC (Master of Ceremony) dlm bahasa Sunda disebut panata program. Sedangkan moderator bahasa Sundanya yaitu panumbu catur.

Berikut ini contoh teks pembawa program rapat menggunakan bahasa Sunda. Selamat membaca….

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Mukodimah basa Arab….

Puji syukur salamina dipanjatkeun ka hadirot Alloh SWT, anu teu kendat-kendat maparin ni’mat ageung tur ni’mat alit. Ku kersa-Na ayeuna urang tiasa riung mumpulung di ieu patempatan dina raraga rapat …….

Solawat sinareng salam mugia salamina dilimpah curahkeun ka paduka alam, jungjunan kangjeng Nabi Muhammad saw. Ka kulawargina, ka para sohabatna, tabi’in atba’ut tabi’in. Malah mandar urang diangken umat kangjeng Rosul kalawan kaleleberan rohmat sareng sapa’at ti anjeuna.

Bapa/ ibu ….. anu ku simkuring dipihormat.

Bapak/ ibu … anu ku simkuring dipohormat, dst.

Sim kuring asmana pembawa acara, langkung tipayun ngahaturkeun nuhun ka para pengunjung anu parantos sumping dina rapat ieu. Atuh sim kuring oge seja neda dihapunten boh bilih dina panyambutan bapa/ibu sadayana kirang nyugemakeun.

Dina danget ieu sim kuring kapapancenan ngatur waktu nata program. Nanging sateuacan simkuring nyebatan program nu baris didugikeun, sim kuring seja nguningakeun heula, maksad bapa/ibu diulem dina wangkid ieuteh teu aya sanes lintang ti bade nyawalakeun perkawis ……

Ku hal sakitu pamugi sadayana anu hadir tiasa ngaregepkeun pedaran ti kersana bapa …… Bapa/ibu oge baris dipaparinan waktos anu laluasa kanggo ngadugikeun pertarosan, usul, atanapi pangemutan-pangemutan ngeunaan perkara baris dibahas.

  √ Perbedaan Luhur dan Luhung dalam Bahasa Sunda

Salajengna, supados teu nyangkolong teuing kana waktos, mangga acara rapat ieu urang kawitan ku aosan basmallah… Bismillahirrahmanirrahiim..

Susunan program anu baris didugikeun dina danget ieu nyaeta:

  1. pembukaan, tadi parantos dibuka ku aosan basmallah.
  2. Sambutan ti ….
  3. Sambutan ti …. sakaligus medar perkawis ………
  4. Pandangan ti pamilon atanapi tanya jawab
  5. Do’a
  6. Tutup

Nincak kana acara anu kadua, nyaeta sambutan ti bapa …. Kalayan hormat, mangga dihaturanan…

Setelah selesai, ucapkan terima kasih.

Hatur nuhun ka bapa …. anu parantos maparin sambutan anu sakitu mundelna. Salajengna sambutan sakaligus pedaran pasualan anu bade dibahas dina danget ieu, baris didugikeun ku bapa ….. Mangga dihaturnan kalayan hormat.

Hatur nuhun ka bapa …. anu parantos medar perkawis …. panjang lebar kalawan eces tur jentre. Nembe ku Pa … disaurkeun yen …..

Salajengna, mangga bapa/ibu bilih aya hal anu peryogi didugikeun. Boh ajakan, pangemutan, atanapi naon bae patali sareng ………

Alhamdulillah acara ti kawit dugi ka tamat parantos rengse dilaksanakeun.

Kasimpulannana …………

Mugia kaputusan tina riungan ieu sing aya dina rido Gusti Anu Maha Suci, mangpaat dunya sareng aherat.

Sakitu anu tiasa kapihatur, hatur nuhun tina sagala perhatosan bapa/ibu sadayana. Hapunten bilih aya catur anu teu kaukur matak nyentug kana kalbu ibu-ibu, atanapi basa nu teu merenah kana manah para bapa.

Sateuacan ditutup, mangga urang sasarengan ngadu’a ka Nu Maha Kawasa.

(do’a)

Kalawan dipungkas ku aosan hamdallah. Alhamdulillahirabbil ‘alamin.

Billahi taufiq wal hidayah.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Baca juga: Contoh Teks Biantara Basa Sunda perihal Kebersihan

Itulah contoh teks pembawa acara atau pemandu acara rapat dlm bahasa Sunda. Semoga berfaedah.