close

√ Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda dari Siswa dan Kepala Sekolah

wargamasyarakat.org, Salam Haneut! Setiap konferensi niscaya ada perpisahan. Begitu pula di sekolah, murid-murid yg selama tiga tahun bahu-membahu sebuah hari akan berpisah. Siswa simpulan akan berpisah dgn sahabat-temannya & meninggalkan guru serta adik-adik kelasnya.

Khususnya di sekolah, suka diadakan program lepas pisah dengan-cara seremonial. Biasanya serentak dgn program peringatan kenaikan kelas. Orang Sunda menyebut program perpisahan & kenaikan kelas itu dgn ungkapan samen.

Acara samen biasanya diisi dgn hiburan atau pertunjukan seni siswa-siswi. Sebelum hiburan dimulai, di Jawa Barat umumnya dibuka dgn upacara etika lengser, sambutan-sambutan, sungkeman, & pidato perpisahan dr siswa selesai.

Di bawah ini acuan sambutan dr Kepala Sekolah, guru atau wali kelas & pola pidato perpisahan dr siswa kelas 6, 9, atau 12 dlm bahasa Sunda.

Contoh Sambutan Kepala Sekolah, guru, atau wali kelas

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Puji kalih syukur mangga urang panjatkeun ka Dzat Alloh Anu Maha Gofur. Solawat sinareng salam mugia salamina dilimpah curahkeun ka paduka alam jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad saw, ka para kulawargina, para sohabatna, para tabi’in atbatuttabiin. Malah mandar dugi ka urang sadayana sing kaleleberan sapa’at ti mantenna. Amiin Ya Alloh Ya Robbal Alamiin.

(Nataan anu dipihormat)

Langkung tipayun simkuring asmana Kepala sakola/ madrasah/ guru/ wali kelas ….., ngahaturkeun nuhun ka panata acara anu parantos masihan waktos ka sim kuring kanggo sasanggem dina raraga kanaékan kelas sareng perpisahan murid kelas 6/ 9/ 12.

Sim kuring ogé ngahaturkeun rébu nuhun laksaketi kabingahan ka Bapa kalih Ibu sepuh-sepuh murah kalih sareng tatamu anu parantos kersa rurumpaheun ka sakola kanggo nyakséni paturay tineungna marurangkalih. Hapunten anu kasuhun wiréh sakieu kaayaannana, seueur pisan kakirangan dina penyambutan Bapa Ibu sadayana.

  √ Contoh Biantara Basa Sunda Tentang Kebersihan

Para pengunjung anu ku sim kuring dipihormat.

Peryogi kadugikeun yén dina taun ayeuna jumlah murid kelas 6/ 9/ 12 teh sadayana aya 100 jalmi, pameget 50, istri 50. Alhamdulillah, sadayana lulus kalawan nilai anu nyugemakeun.

Tilu taun kapengker Bapa Ibu nitipkeun marurangkalih kadieu. Tah dina danget ayeuna pisan simkuring nyanggakeun deui marurangkalih ka Bapa Ibu. Hapunten bilih salami sakola didieu, putra putri Bapak Ibu sok digurah geureuh, kasentak atanapi kagitik ku guruna. Numawi kitu ogé bakating ku nyaah sareng ngaraos tanggel waler dina ngatik sareng ngadidikna.

Sajabi ti éta, sihapunten anu kasupun bilih harepan Bapa Ibu nyakolakeun palaputrana ka dieu téh teu kawaler ku sim kuring saparakanca. Anu aya sareng anu tiasa mah insya Alloh tos diketrukkeun, mung bilih hasilna anggang tina kapalay, sakali deui atas nami guru-guru sim kuring neda dihapunten.

Salajengna, sim kuring nyuhungkeun widi badé peupeujeuh heula ka murangkalih.

Ujang, nyai anaking! Bapa téh ngarasa bungah campur jeung nalangsa. Bungahna hidep geus tamat nungtut élmu nyuprih pangarti di ieu sakola bari meunang nilai anu pikabungaheun. Ari nalangsana sakeudeung deui hideup bakal ninggalkeun ieu sakola.

Tapi teu bisa kukumaha. Cunduk waktu ninggang mangsa, Bapa Ibu Guru kudu paturay sareng hidep. Ngan samemeh hidep ninggalkeun ieu sakola, bapa arék peupeujeuh heula.

Kahiji, bapa titip ka hidep. Teruskeun sakola ka paguron luhur, sakurang-kurangna sing nepi ka meunang gelar sarjana. Pinuhan diri hidep ku élmu panemu jampé pamaké, boh élmu agama, boh élmu darigama. Jeung sing inget, nyiar élmu mah euweuh tungtungna, salila ngarenghap kénéh mah urang wajib nyiar élmu anu mangpaat pikeun hirup di dunya jeung ahérat.

Kadua, jig ka mana-mana ogé sing bisa mihapékeun diri, mampu ngajaga tata titi duduga peryoga. Hidep kudu bisa ngajaga tékad, ucap, jeung paripolah ulah nincak kana jalan salah. Sing nyaah ka diri jeung ka indung bapa.

Katilu, baktikeun diri keur lemah cai katut agama. Ulah loba nungtut namun kudu loba méré kahadean ka batur. Buktikeun yén hidep téh generasi anu pinunjul. Di mana waé kudu mawa parobahan kana jalan hadé.

Kaopat, ujang kasep, nyai geulis anaking! Guru mah euweuh urutna. Bisi isuk pageto papanggih di jalan pasampangan, ulah disaha-saha. Bisi Bapa Ibu Guru harilapeun deui ka hideup, da ma’lum hidep mah pan maju da gedé, piheulaan tanya ku hidep. Lain ka Guru hidep nu aya di dieu waé, tapi ka guru-guru hidep boh di sakola saméméhna, boh di pangajian.

Pamungkas ti Bapa. Bral hidep gera miang! Ku bapa jeung ibu guru didu’akeun, hidep salawasna sing aya dina rohmat Gusti, ginulur rahayu tinekanan sapaneja, hasil maksud jeung kahontal keinginan. Elmu saeutik anu ku bapa ibu guru geus dibikeun ka hidep sing mangpaat dunya ahérat. Sing jadi saksi jaga di payuneun Gusti yen urang kungsi babarengan ngalaksanakeun sapalih kawajiban ti Mantenna, nyaéta nungtut élmu.

Sateu acan ditutup, sim kuring seja nguningakeun ka sepuh-sepuh anu badé ngadaptarkeun palaputrana kanggo taun pedoman énggal. Pendaptaran parantos dibuka. Daptarna tiasa online atanapi eksklusif sumping baé ka kantor.

Sakitu anu tiasa kapihatur, hapunten bilih langkung saur bahé carék. Mugia Bapa Ibu tiasa ngamaphum.

Billahi taufiq wal hidayah.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Pidato Perpisahan dr Siswa Akhir (Murid Kelas 6/ 9/ 12)

Assalamu’alaikum Wr. Wb.Sadaya puji kagungan Alloh SWT. Solawat miwah salam mugia salamina dikocorkeun ka jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, para sohabatna, para pengikutna tug dugi ka urang sadayana. Aamiin.

Bapa sareng Ibu Guru hormateun sim kuring.

Dinten ieu sim kuring sareng réréncangan badé ngantunkeun ieu sakola anu kalintang dipikacintana. Tadi Bapa/ Ibu parantos ngadugikeun amanat, ku sim kuring dipusti-pusti, ditampi kalayan kabingahan.

  √ Contoh Biantara Basa Sunda Tentang Kesenian Tradisional Jawa Barat (Wayang Golek)

Sateu acanna sim kuring sareng réréncangan amit mungkur, widian heula sim kuring ngadugikeun sababaraha rupi perkawis.

Kahiji, sim kuring sareng rerencangan seja ngahaturkeun nuhun kana kanyaah, atikan, sareng didikan ti Bapa kalih Ibu Guru salami ieu. Salami tilu taun sakola di dieu seueur pisan élmu katimu sareng pangalaman anu kapendak.

Keuna kana paripaos sepuh, beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. Kanyaah sareng kadeudeuh Bapa sareng Ibu Guru ku sim kuring tangtos disimpen dina emun-emunan.

Sawalerna ti abdi sadaya, teu acan tiasa mulang tarima kana jasa-jasa Bapa sareng Ibu Guru. Mugi-mugi Alloh SWT ngabales sagala rupi kasaéan Bapa sareng Ibu Guru.

Kaduana, sim kuring badé nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genteng belokeun. Ti kawit lebet dugi ka ayeuna sim kuring sareng réréncangan rumaos seueur kalepatan ka Bapa sareng Ibu Guru. Sering ngajengkelkeun sareng ngajaheutkeun manah Bapa Ibu Guru.

Mugi Bapa sareng Ibu Guru leah mana wening galih luntur kalbu ngahapunten kana sagala kalepatan, kahilapan, sareng kakirangan abdi salami sakola di dieu.

Anu katilu, sim kuring sareng rerencangan seja mundut restu Ibu neda pidu’a ti Bapa.

Bapa… Ibu…

Du’akeun abdi sadaya sing junun nungtut elmu kalawan kahontal impian. Upami teu aya restu sareng du’a ti Bapa sareng Ibu, lalakon abdi kapayunna biheung kumaha.

Rai-rai Aa/ Tétéh..

Pileuleuyan bageur. Sapu nyéré pegat simpay paturay patepang deui. Du’akeun aa sareng tétéh sing kahontal impian. Kadé hidep di dieu sing garetol sakola. Hapunten aa sareng tétéh bilih salami ieu teu tiasa jadi lanceuk anu sae keur aranjeun.

Mung sakitu anu tiasa kapihatur. Bilih aya kalimah anu matak nyugak kana manah Bapa, catur anu nyentug kana kalbu Ibu, neda agung cukup lumur sihapunten anu kasuhun.

Billahi taufik wal hidayah.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Baca juga: Contoh Biantara Basa Sunda ihwal Kebersihan

Demkianlah, gampang-mudahan berfaedah.