close

Sejarah Wayang Bahasa Sunda Volume 2


 

Sejarah Wayang ku Bahasa Sunda 

Kapercantenan nyembah ka bangsa lelembutan teh kapungkur mah meh sagala bangsa, najan di Eropa oge nya kitu bae. Di urang tanah Jawa, babakuna pisan di Pasundan percanten, yen urang di deu meh campur pagaliwota sareng lelembut anu langlangbuana sareng lelembut anu matuh aya di padumukanana.

Anu langlangbuana tadi pagaweanana ngan kakalayangan bae ka ditu-kadieu neangan mangsana.
Anu tetep tadi aya anu kumbuh sareng aya anu mencil.


Anu kumbuh cara anu kieuna bae,make ngadegkeun karajaan:aya raja, patih,mantrina..sst,sapertos lelembut Onom, anu di Gunung koromong, Lawang Sanga … sst.

Dupi nu mencil caricingna dina batu-kerikil gede, tatangkalan,walungan … sst.
Kajabi ti eta aya deui lelembutan anu ngancik dina pakarang atanapi parabot,nya nu sok nimbulkeun kasiat, sapertos: Kujang, keris,gobang,goong.


Aya deui atuh ngancik dina sasatoan,sapertos ,maung, bagong, buhaya, manuk. nu mawi sok aya basa maung kajajaden bagong kajajaden, sareng kapercantenan : ngetek atanapi nyegik.

Badan manusa oge pangna tiasa kumelendang gaduh kahayang itu-ieu, kulantaran kaancikan lelembut tea,da upami lelembut nyingkah mah teu benten ti lisung,teu daya teu upaya.lelembut dina tubuh manusa ceuk kapercantenan bangsa urang, kapungkur, aya tilu, nyaeta : pangacian, lelembutan sareng nyawa. 

Pangacian,Kaluarna upama kajadian urang sieun teuing atawa reuwas pohara dugi ka teras teu eling,tah ieu teh ku lantaran pangacian kaluar (kabur, nanging tara lami). Lelembutan ieu mah kaluarna waktu urang sare, ngider ka mana-mana, nya harapan tea. Nyawa, ieu mah upami kaluar, nya maot tea,malah lelembutan sareng pangacian oge milu kaluar, marengan nyawa.  

Ieu anu tilu rupi upami kaluar,iwal ti lelembutan mah matuh dina kuburan jasadna, malah sakapeung indit tiba ka barayana, nangtayungan kulawargana nu masih keneh aya di kieuna,malah upami hayangeun ngedalkeun kapanasaran, malar kanyahoan, sok nyurup.

Ku lantaran Si-Lelembutan tea sok tiba ka imah jeung anggapanana bisa nyieun kasenangan kitu deui kasesahan ka kulawargana, saterasna dina waktu anu mustari  diayakeun sasajen, ku rupi-rupi kadaharan anu dipikaresep keur hirupna.

Upami kenging kererepet, lelembutan teh tiasa oge dihaturanan agar sumping : dina waktu ngahaturanan atuh kajabi ti disayagikeun rupi-rupi sasajen sareng parupuyan, osok oge diayakeun tatabeuhan sareng boneka, ieu pakeun eunteupna Si Lelembutan: tatabeuhan ngarah senangeun. Sasajen atuh keur katedaanana: dupi menyan tadi kanggo pangayuh supados enggal sumping.

Lami-lami tina boneka, supados sami langkung mikaresepna nya digentos ku wayang, malar tiasa disaluyukeun kana sipat Si-Lelembutan, anu kakalayangan.

Sakitu pamendak Bapa Akib Prawira Suganda (almarhum), dupi pamendak-pamendak anu sanesna urang guar kapayun. Tina : Mangle no.283 tahun 1971 ku : Sajudi  ..