Sejarah Tenun Majalaya – Bahasa Sunda

Opat Wanoja Rapékan nu Ngalantarankeun Majalaya Makara Kota Tinun

Lebah tungtung galengan nu brasna ka jalan jajahan, manéhna ngarandeg. Tuluy ngalieuk ka tukang, lir katarik ku hiji kakuatan gaib. Ari di jauhna, kahalangan ku kotakan-kotakan sawah, dina golodog imah panggung kaciri aya awéwé tengah tuwuh keur nangtung bari gugupay.

Sabot mikiran pihartieun, naha éta gupay indungna téh gupay pangjurung atawa nitah balik deui, manéhna kaburu kagareuwahkeun mantén ku sora batur-baturna nu geus keseleun balas ngajanteng ngadaragoan.

Tilu diantara opat penggagas tinun Majalaya. Kabéhanana mah aja opatan awéwé urang Kacamatan Majalaya nu harita, dina taun 1928, ngadon keurseus tinun di Kabupaten Bandung téh. Tapi kiwari ngan kari tiluan. Salah saurang di antarana, nya éta Nji Icih bin Warta, kiwari geus teu aya dikieuna. 

„Gancangan leumpang téh Icih, bisi kaburu panas mantén !” ceuk nu saurang. Heueuh. Apan jauh kénéh lalampahan urang téh !” ceuk baturna nu saurang deui. Pikeun ka sakitu kalina manéhna ngarérét deui ka tukang, tuluy nyarita dina haténa : “Neda pidu’ana, Ema. Muga-muga Nyai sing hasil maksud.

Rada teteg sanggeus nyarita kitu mah. Niatna buleud. Aya rasa gumbira sajeroning manéhna ngaléngkah nyampeurkeun batur-baturna nu ti ta di geus ngadaragoan téh. Kabungah ngadadak minuhan dadana. Bungah lain pédah ukur rék indit ka dayeuh, namun bungah pédah manéhna sabatur-batur geus bisa meruhkeun kasabilan nu kungsi nyangkaruk dina haténa. Geus bisa ngayakinkeun ka tatanggata-tanggana nu kungsi ngageuhgeuykeun jeung nyeungseurikeun, yén niat manéhna sabatur-batur téh mangrupa niat nu dijurung ku tékad pikeun enya-enya rék milu sakola. Taun 1928 hari ta téh. Puguh wé pikeun alam harita mah éstu matak hélok upama aya awéwé nu niat rék ngadon sakola ka dayeuh nu jauh ti udik téh. Tug sakolana gé teu pira, ukur rék diajar ninun. Tapi saupama euweuh maranéhna, tangtu Majalaya Kota Tinun téh ukur mangrupa harapan.

  Sejarah Bandung Bahasa Sunda Part. Ii

Wartawan Manglé ngahaja ngajug-jug ka Majalaya nepungan maranéhanana pikeun ngayakeun wawancara.

Kabéhanana mah aja opatan awéwé urang Kacamatan Majalaya nu harita, dina taun 1928, ngadon keurseus tinun di Kabupaten Bandung téh. Tapi kiwari ngan kari tiluan. Salah saurang di antarana, nya éta Nji Icih bin Warta, kiwari geus teu aya dikieuna. Nu jarumeneng kénéh téh nya éta Nyi Suhaénda bin M. Sinta Diredja almarhum alias Nj. Ruja’i Natamihardja pebisnis pabrik tinun NV. Nji Siti Marjam bin Suwarta Diredja almarhum alias Nj. H. Ondjo Argadinata pengusaha Pertenunan ‘Pusaka’ sarta nu ka tilu Nji Siti Rohaja bin H. Abdulgani alias Nj. Entang Djamaga usahawan firma ‘Tawekal, Kinten-kinten juswa limalas-genep belasan basa ngadon diajar ninun di Kabupatén téh” Ceuk Ibu Suhaenda nu kiwari geus jadi pengusaha tinun nu mibanda 100 mesin. Ari tustélna mung aya hiji kanggo sa Kabupatén téh” pokna bari ngarérét ka Ibu Maryam jeung Ibu Oya nu diuk gigireunana.

„Tangtu wé kareseleun keur nu hayang téréh mampu mah” ceuk Hadji Ondjo nu djadi ‘djuru-bitjara’. Ku lantaran maranéhna ngarasa kesel, nja tuluy mapay-mapay raratan mana nu mampu ngajar ninun. „Harita téh nguping wartos majar di Cibeunying aya” ceuk Ibu Haji Siti Marjam, „teras wé dijugjug. Leres wé aya. Atuh ti Kabupatén téh ngalih we diajar ninun téh ka T.I.B. di Cibeunying.”

Lantaran karasa jauhna upama di dugdag ti Gang Ijan kawasan panganjrekan maranéhna ka Cibeunying mah, tuluy parindah. Kabeneran di Cipaéra aya dulur, nya parindah téh ka darinya” ceuk H. Ondjo bari eundeuk-eundeukan dina korsi goyang.

„Meunang tilu bulan sarakola di T.I.B. téh, Bulan September taun 1928 lalulus. Nya lulus kitu wé, da puguh tanpa diploma, teu katerangan-katerangan acan.”

  Kendaraan Beroda Empat Kuno Di Bandung Tempo Dahulu

Reyod. Sanggeus lulus keurseus ninun dina taun 1928, tuluy meuli tustel dua siki. „Tustel T.I.B, ATBM mun ayeuna mah” ceuk H. Ondjo netelakeun. „Hiji tustel hargana tudjuh-puluh perak, ditambahan ku pisarungeun dua kodi” pokna.

„ Aya kenéh di gudang asana mah, ditumpukeun” ceuk Ibu H. Maryam basa ditanyakeun aya henteuna éta tustel nu pangheulana-dipimilik téh. „Ku Bapana mah dititah diduruk, ngan ku Ibu wé disimpen, kanggo pangéling-ngéling” pokna bari tuluy cengkat ngajugjug ka gudang.

Nu meuli tustel harita téh ngan duaan. Nyi Suhaenda jeung Nji H. Siti Maryam. Ari nu saurang deui ku karena ramana irit” ceuk ungkapan H. Ondjo, nya henteu meuli”. Lantaran nganggap mahal teuing, nu sa urang deui mah nyieun tustel sorangan ku sanintén jeung jamudju. „Ari geus djadi téh hayoh reyod” tjek H. Ondjo Argadinata bari nyakakak,atuh tangtu wé tinggaleun ku nu duaan. Batur mah geus meunang sakitu kodi, ieu mah acan prak kénéh wae” pokna bari nunjuk ka Ibu Siti Rohaya. „Kakantunnae’ aya kana sataunna” hambar Ibu Siti Rohaya dina nada sora nu pinuh ku kahanjakalan. Tandes.

Urang Majalaya anu ,biasa na ngagunakeun tinun kentreung, barang ningali aya tustel anyar téh puguh wé haréraneun. Tepi ka unggal poé taya towongna ku anu ngadon lalajo.

H. Onjo harita tacan mampu nanaon, jorojoy aya niat hayang diadar ninun. Mimitina mah dicarék ku Bapa na téh „pamali aya lalaki ninun” cenah. Tapi lantaran kahayangna keyeng nya tuluy indit ka Cibeunying ngadon diajar. Sanggeus tamat tuluy balik deui ka Majalaya.’ Atuh nu bisa ninun téh jadi nambahan.

Bati tina ngajualan sarung beunang ninun, dipaké meulian deui tustel. „Tuluy ngawarah dulur” ceuk H. Ondjo, „beuki lila nu bisa ninun téh jadi beuki loba, atuh tustelna beuki ngaréaan deuih.” Tepi ka lila-lila mah Majalaya téh jadi daerah tinun.

  Sejarah Pendidikan Di Kota Bandung

„Majalaya moal jadi Kota Tinun cara ayeuna upama henteu aya jasa ti opat awéwé nu jadi peloporna” acuh taacuh H. Onjo Argadinata tandes. ** Tina: Majalah Sunda Mangle No. 215. Juli 1971.