Dina waktu ieu carita dituIis, kaayaan lebah dinya geus kacida bédana jeung baheula, lantaran jalan heubeul mah (tonggoheun jalan nu ayeuna) geus teu dipaké, tina sabab nanjakna netek teuing. Ayeuna mah nanjan nanjak kénéh oge, beunang diliwatan kendaraan beroda empat, tur sisina make gili-gili beton, teu matak inggis tiguling kana jurang Cipelés nu sakitu gurawésna.
Baheula mah dina jalan heubeul tea taya petana beunang diliwatan mobil. Kira-kira dina taun 1900 waktu tacan aya kendaraan beroda empat di Pulo Jawa, lolobana nu ngaliwat ka dinya téh leleumpang baé. Mimiti tanjakan netek di lebah Pamucatan. Nu ngarakit ieu buku rada mindeng ngaliwatan ka Pamucatan jaman Harita.
Biasana indit ti dayeuh Sumedang subuh-subuh. Ari nepi ka Pamucatan kahar téh eureun, kudana sina ngareureuh. Nu tumpakna sok tarurun, sasarap heula, boh wajah bebekelan boh barang beuli di warung. Inditna deui ti dinya kahar téh sok didayung, nyaéta disorong ku dua jelema; pangdayungna kénca katuhu dipaké nahan kikiping, agar rada kateueul, jadi matak rada hampang karasana ku kuda sajeroning ngadeger kahar bari luut-leet kesang.
Lamun engké geus méakkeun tanjakan, kahar téh eureun deui, dayungna dilaanan. Nu ngadayung diburuhan, saketip saurangna. Masana maranéhna sok ngadaragoan kahar nu ti Bandung rék ka Sumedang, sabab mudun ogé kudu didayung, sangkan kikiping rada katahan di hareup, jadi kuda teu asa disurungkeun ku kahar.
Ari népi ka Pamucatan, kakara dayung dilaan (dipucat), supaya kahar bisa ngagorolong deui, tur ku dana bisa lumpat sakarepna. Ku carita nu geus kasebut di luhur, urang geus bisa ngajawab ka nu nanya, naon sababna nu matak lembur di lebah dinya dingaranan Pamucatan. Ari kareta Pangagung, komo kahar pos, tara didayung ku jelema cara kahar nu teu sakumaha beuratna. Èta mah di Pamucatan kudana sok diganti ku munding, nyaéta nu leuwih bedas tur leuwih bisa nanjak mudun.
Tadi di tonggoh (di tungtung tanjakan tea) sabot kahar urang eureun, lamun urang ngareret ka segi jalan, dina cadas nu nangtawing, tangtu awas kana marmer nu ditaplokkeun di dinya sarta ditulisan kieu:
Teu kudu dijujut deui, éta marmer jadi katerangan, naon sababna nu matak éta tanjakan ditelahkeun Cadas Pangeran, nyaéta pangemut-ngemut ka Kangjeng Pangeran Kusuma Dinata, nu gedé jasana. Ari panjangna carita, sakumaha nu ditulis di handap ieu:
Ti jaman baheula pisan antara Sumedang-Bandung geus aya jalan, tetapi jalan leutik baé, henteu beunang disorang ku kahar. Rajeun aya tutumpakan, jaba ti kuda ngan ukur tandu atawa joli. Waktu Tuan Besar Daendles meréntah paras jalan pos ti Anyér ka Banyuwangi, Cadas Pangéran kudu dibobok, najan cadas sakitu teuasna ogé kudu didungkar, kudu diratakeun sangkan beunang diliwatan ku kahar pos.
Jaman harita taya lembur nu deukeut-deukeut ka dinya, karena sapanjang jalan ngan cadas baé, taya tanah pikeboneun, sumawonna pisawaheun, da teu aya caina, aya ogé walungan Cipelés téa, lain unggah-unggahkeuneun, tina sakitu handapna, sasat aya di suku punting. Ari éta Tuan Besar kacida pisan kerasna tur barangasan, malah nelah Jendral Masgalak, asal tina Marsekalek, reh anjeunna kungsi meunang pangkat Maarschalk di tanah Prasman.
Para bupati nu wewengkonna kasorang ku jalan pos anu kasebut di luhur geus diparéntah, kudu ngeprik rahayatna, migawé éta jalan, bari diancam ku hukuman, mun teu anggeus dina waktuna dironda ku Tuan Besar.
Kangjeng Pangéran Kusuma Dinata geus nimbalan abdi-abdi nu jarauh, bubuara ka lebah Cadas Pangeran, satungtung migawe jalan. Ku anjeunna kauninga, yen éta pagawéan téh kabina-bina beuratna, wantuning cadas teuas, ari parabot ngan ukur pacul jeung linggis, turug-turug hésé dahareun hésé inumeun, katambah ku loba maung. Henteu kurang nu maot ditekuk maung. Aya oge nu maot langlayeuseun atawa karena gering teu diubaran.
Najan kitu Kangjeng Pangeran teu rasa majar kumaha, da kumawula téa. Abdi-abdi nu dikerid ka dinya téh di lemburna ninggalkeun anak pamajikan jeung ninggalkeun pakaya. Sawaréh mah sawahna nepi ka gamblung, henteu kagarap. Cindekna wajah jalan téh meubeut niculit nyusahkeun ka saréréa.
Kangjeng Pangéran ku anjeun saponggawa remen kapaksa kulem di leuweng, waktu ngaronda jeung bari ngagumbirakeun abdi-abdina.
Kocap dina hiji poe Kangjeng Pangéran diiring ku papatihna Radén Demang Mangku Praja katut Priyayi nu séjén, geus sayagi baris nampi Jenderal Masgalak alias Jenderal Guntur, nu ngersakeun ngaronda. Ti kajauhan kénéh Tuan Besar geus kaciri merengutna, rehing jalan tacan ngabulungbung, tacan nyumponan kahoyongna.
Saenyana Kangjeng Pangéran geus kenging wartos, yen geus réa para bangsawan anu geus meunang sesendu ti Tuan Besar, kitu deui tina nal kabengisan Tuan Besar disarebut Ranggawayang, urat ngangkang dina tarang, pangaruh jelema bedang, ambekna sakulit bawang, sakecap kadua gobang. Èta kabéh Kangjeng Pangéran geus uningaeun tetapi anjeunna teu gimir, barang amprok tuluy manggut tanda hormat aya di lebah nu aya marmer téa. Tuan Besar nyodorkeun panangan tengen maparin tabé, ari ku Kangjeng Pangeran ditampi ku panangan kiwa, sabab panangan tengen mah dianggo nyepeng landéan keris, nu geus digilirkeun ka payun.
Harita téh jep sarérea jempé; lir gaang katincak baé, carék wiwilanganana ngambekan ogé teu kadengé. Para bangsawan Sumedang haténa ratug lir tutunggulan, mangrisikeun mangreuwaskeun ku ketak Kangjeng Pangeran. Ieu-ieu geus teu samar, yén sakurang-kurangna gé bakal aya gelap saleser, nya éta gentra Jendral Masgalak, da nembé meureun aya nu ngunghak.
Tuan Besar teu teras maparin tabé, teras baé merong ka Kangjeng Pangéran. Tungtungna paperong-perong, semu hoyong silih jug-jugan jajatén. Kangjeng Pangéran katara dina rarayna, yen pinuh ku kayakinan, niat ngabélaan bebeneran. Anjeunna rumaos geus nohonan kawajiban samistina, tur kagungan raos wajib ngabélaan rahayatna. Tapi sajeroning kitu, anjeunna hoyong mintonkeun kahormatan salirana.
Kebeneran Tuan Besar emut kénéh dikajatnikaan salira. Anjeunna teu teras bendu, lir keuna ku pileumpeuhan Kangjeng Pangeran. Pok anjeunna mariksa:
Kangjeng Pangeran henteu, galideur, jongjon baé mencrong kana pameunteu Tuan Besar. Pok anjeunna ngawalon :
Tuan Besar beuki ririh. Dawuhanana:
Paralak ku Pangawulaan dicarioskeun, sakumaha banggana nu garan cadas anu sakitu teuasna, ari parabot ngan ukur pacul jeung linggis, katambah lebah dinya téh taya jelema nu matuh, jadi kapaksa ngadatangkeun nu digawé ti nu jarauh, cul anak-pamajikanana jeung pakayana.
Sanggeus nibankeun paparéntahan Tuan Besar nyodorkeun deui pananganna, maparin tabé. Ayeuna mah ku Pangawulaan ditampanan ku panangan tengen, rengkuh sakumaha budpekerti umumka pangagung saluhureun.
Saparantos tatabéan teras baé Tuan Besar jengkar deui rék ngaronda ka Cirebon. *** Dicutat tina: Dongéng-dongéng Sasakala II karangan R. Satjadibrata.