Istilah Warna Dina Bahasa Sunda


 Keur ngalengkepan rupa ragam hias nu aya dina SSK  Istilah Warna dina Bahasa Sunda



Ku : Mamat Sasmita

Keur ngalengkepan rupa ragam hias nu aya dina SSK (naskah sunda kuna Siksa Kandang karesian), di handap dibéréndélkeun rupa-rupa warna nu aya di urang Sunda. Warna kacida raketna jeung ragam hias batik kitu deui jeung kaén kasang, keur ngawarnaanana. Béréndélan warna di handap téh meunang ngoréhan tina kamus basa Sunda LBSS jeung kamus basa Sunda Danadibrata, boa teu kabéh kapanggih ku kituna bisi aya nu kaliwat éta mah tambahkeuneun nu macana.


Hideung, hideung lestreng (biasana sesebutan ka jelema nu kulitna hideung pisan), hideung santen (sesebutan ka jelema nu kulitna hideung beresih, anggun kacirina), hideung lagedu atawa lagedu (sesebutan ka jelema nu kulitna sabalikna tina hideung santen), hideung meles (biasana sesebutan ka sato nu buluna warna hideung semu hérang tur teu kacampuran ku warna séjén najan saeutik), geunteul (semu hideung, biasana disebut kana biwir nu kabulusan atawa tirisan).


Bodas, bodas ngeplak (kacapangan kana warna bodas nu bodasna rata, teu kacampuran warna séjén najan saeutik), bodas nyacas (sarua jeung bodas ngeplak).

Konéng, konéng umyang atawa konéng omyang (konéng lir kulit cau nu geus asak atawa paré nu geus ndeso rék dipanén), konéng enay (konéng pisan), konéng konéas atawa konéng koléas ( warna konéngna méh rék leungit) atawa konéng sahéab, gedang asak(konéng siga gedang nu geus asak).
Beureum, beureum euceuy (beureum siga getih, beungeutna euceuy dipapandékeun ka jelema nu keur kacida ambekna), beureum ati (beureum siga ati atawa haté), beureum cabé (beureum siga cabé kurang pandai), kasumba (beureum ngora, kasumba atawa galinggem ngaran tutuwuhan, bixa orellana L, buahna sok dipaké nyelep), kayas (bodas semu beureum).
Héjo, héjo bagedod atawa héjo ngagedod atawa héjo binetot (hejo pisan), héjo daun (héjo siga warna daun), héjo pucuk cau (héjo ngora siga pucuk daun cau), héjo botol (héjo siga warna botol jaman baheula), héjo lukut (héjo siga warna lukut), héjo carulang(dipapandékeun kana kulit awéwé nu alus, carulang téh ngaran jukut), héjo tai kuda (héjo nu siga warna tai kuda), héjo tihang (sabenerna ieu mah lain ngaran warna namun babasan nu ditujukeun ka jelema nu resep pinpindahan gawé).
Kulawu (méh sarua jeung warna lebu, bandingkeung jeung kelabu atawa debu-abu dina basa Indonesia) atawa hawuk atawa dawuk.
Bulao atawa biru ( bulao mah asalna tina basa Walanda blauw, sigana biru téh basa Sunda sarua jeung biru dina basa Indonesia, lantaran aya patempatan nu ngaran biru misalna Cibiru di Bandung Kidul, atawa kampung Biru di Bandung Kalér deukeut Cisitu. Bandingkeun jeung kecap putih atawa mirah/ mérah asa mindeng kapanggih dina transkripsi naskah Sunda kuna). Paul (warna biru nu katingali ti kajauhan).
Gading (warna siga gading gajah, gedang gumading, gedang nu warnana siga gading atawa satengah asak, ari warna gedang asak mah méh sarua jeung warna konéng).
Bungur atawa wungu atawa gandaria (ungu, sabenerna bungur teh ngaran tutuwuhan, lagerstroemia anisoptera, ngan kembangna warna wungu), gandaria ( ungu voilét, gandaria ngaran tutuwuhan bouea macrophylla Griff, siki gandaria warnana wungu), gandola (ungu, violét, gandola ngaran tutuwuhan, basella rubra L, sikina nu geus asak warnana ungu violét).
Tarum (warna nila atawa indigo, tarum ngaran tutuwuhan, indigofera tinctoria, warna indigo tina daunna, sok dipaké nyelep).


Warna nu séjén kayaning carambang (warna bulu hayam nu hideung totol-totol bodas laleutik), colat (warna bodas saeutik rada manjang dina tarang sasatoan nu warnana lian ti bodas), borontok (Warna bulu hayam, hideung atawa beureum campur totol-totol bodas), bulu hiris (warna bulu ucing nu udat-udatan cara cangkang hiris).

  Pendidikan Orang Eropa Jaman Belanda