Dibentuk

Ngala Pare Jaman Baheula ” width=”640″ /> Baheula mah ngala pare tèh makè ètèm 



Baheula mah ngala parè tèh ku ètèm. Ranggeuyan parè dipunggelan hiji-hiji. Biasana awéwé anu dibentuk téh, tapis pisan ngagunakeun ètèmna. Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen, anu matak dibuatna ogè kiwari mah makè arit. Baréto mah parè tèh tara diarit. Nu diarit mah bangsaning jujukutan, saperti jukut keur parab munding atawa domba.



Leuit paranti nyimpen parè nu geus digeugeusan


Parè beunang dibuat tèh barèto mah dieundankeun, dipoè ogè eundanan baè, dijèbrag. Engkèna tetep baè dibeungkeutan, disebutna dipangkèk, nya èta parè nu geus garing meunang moè tèa ditalian sapuna saeundan-saeundan. 



Ngageugeusan pare jaman beheula 

Ti dinya dua eundan dibeungkeut dihijikeun, jadi sageugeus. Tah, peta kitu téh ayeuna mah henteu kalampahan deui, da kapan paré beunang ngarit tèh tuluy digebot sina murag tina sapuna. Anu dipoè tèh bangsalna, ayeuna mah nyebutna ogè ku kecap basa Indonesia, gabah, cenah. Jadi, kagiatan mangkèk jeung ngageugeus ogè leungit. Kitu deui upacara ngakut parè, komo makè rèngkong sagala rupa mah, geus arang langka pisan, mun teu disebut geus euweuh ogè.


Nutu pare dina  lisung 


Nutu deuih anu geus leungit tèh, diganti ku ngahuler. Parabot nutu kayaning lisung, halu, nyiru, jubleg, geus ampir leungit. Lisung kaleungitan guna, henteu dipaké. Seni tutunggulan ogé leungit. Kuring mah keur budak masih ngadéngé dikieuna, di lembur osok aya tutunggulan, di daerah anu arék kariaan, upamana rék ngawinkeun, meureun itung-itung ngabéwarakeun. Ayeuna mah paling-paling di panggung, dina seni pintonan osok aya para mojang anu ngagondang. Lisung kari ruruntukna, dikumpulkeun tuluy dijual. Di sisi jalan ti Cianjur ka Bogor-keun, geuning, aya lisung dijagragkeun, jualeun meureun.


  Adat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda
 Meureun ceuk jaman ayeuna mah leukleuk temen Dibuat
</p>
<div class=