Tepungan taun ka taun, nyérélék henteu karasa. Unggal taun pancegna. Tanggal 4 Désémber, kaum wanita miéling poé karamat, poé dilahirkeunana pendekar Nasional wanoja Sunda Radén Déwi Sartika.
Tandes dina usaha, Sartika téh mikahayang kaumna maju, bisa satata jeung lalaki. Awéwé té ualh dulang tinandé, sagala sumuhun dawuh kumaha pangersa carogé. Tapi Sartika henteu boga impian hayang ngalawan pria, atawa hayang ngungkung kumalungkung, mampu ngaleuwihan lalaki. Nu dipiharep awéwé téh bisa satata, bisa gawé babarengan dina naratas kamajuan nagara jeung bangsana.
Mojang Bandung putra Patih Bandung Radén Somanagara, jeung Nyai Radén Ayu Rajapermas téh, turunan kénéh Bupati Karanganyar.
Mojang Bandung putra Patih Bandung Radén Somanagara, jeung Nyai Radén Ayu Rajapermas téh, turunan kénéh Bupati Karanganyar.
Kaayaan kahirupan basa Sartika burey kenéh, keur dina suasanan feodal kenéh pisan, kitu deui di jero kulawarga Sartika. Sartika mimiti meunang pendidikan di Sakola Belanda, tetapi henteu tepi ka akhir, naha ?
Sakola Kautamaan Istri Dewi Sartika di Jalan Ciguriang Bandung baheula |
Basa ramana jadi kénéh Patih, aya kajadian anu mitenah Radén Somanagara. Dina hiji karaméan di Tegallega kapanggih bom handapeun panggung balap kuda Tegallega Bandung. Heug luhureun téh hémpak caralik para pangagung Walanda, anu bakal bareng ngadu kuda. Cenah éta bom téh bakal dibitukeun keur raramean balap kuda engké.
Barang diusut, bet Radén Somanagara anu katempuhan téh. Panalungtikan diteruskeun, nepi ka ragrag kaputusan ramana Sartika dituding nu salah. Anjeunna dibuang ka Ternaté dugi ka pupusna.
Kulantaran kitu Sartika teu mampu neruskeun sakolana. Lantaran taya hiji gé sakola nu wanieun narima anak pemberontak, anu niat ngarebut kamerdekaan ti bangsa Walanda.
Sartika dirawat ku Uana di Cicalengka. Di dieu mimiti ngagedur sumanget bajuangna. Kahirupan sapopoé di Uana némbongkeun yén didikan ka budak awéwé mah leuwih diutamakeun sangkan bisa jadi hiasan imah jeung ngalaksanakeun peran sapopoé. Sartika remen dipéntaan tulung maca jeung nulis surat ku alo-alona. Jol waé anggapan Sartika, kacida bahayana lamun kaayaan tetep-tumetep kieu. Awéwé téh ukur dulang tinandé, kumaha pangersa carogé.

Jeung enyana perjuangan Sartika kahontal kalawan aya jengléngna sakola beunangna. Sakola munggaran diadegkeun tanggal 16 Januari 1904 dingaranan Sakola Istri, ngan sakelas, anu jadi guruna Raden Dewi Sartika ku anjeun. ◙ Dicutat tina: Majalah Sunda Mangle nomor 886 (2-8 Desember 1982)