Carita Ti Bandung Jaman Baheula

 Iwal ti Tegallega nu dibagi jadi sabaraha lapangan bal Carita ti Bandung Jaman Baheula
Si Magrib
Tepi ka taun 60 mah réa kénéh tegal di Bandung téh. Lapangan bal ogé loba deuih. Iwal ti Tegallega nu dibagi jadi sabaraha lapangan bal, aya lapang GB (tukangeun Gedong Saté), Gasibu, Jatayu, Cicéndo, Dokter Rum, Brombek (Sukajadi), jeung sajabana.
Ari tegal nu sok diparaké arulin barudak mah, di antara Taman Maluku, Kebonkawung, Merbabu, jeung sajabana. Merbabu teh saenyana mah ngaran pabrik kuéh, ayana di Jl. Arjuna. Aya dua tegal di dinya téh, beulah wetan Jl. Bima, jeung beulah kulon, segi Jl. Rama. Ngaréndéng saenyana mah najan kahalangan ku walungan Citepus. Nu sok dipaké kasti jeung maén bal ku barudak mah tegal di segi Jl. Rama, da rada gedé.
Nu beulah wetan mah ukur dipaké kitu wé, saresépakan, ucing baledog, babalapan, atawa diparaké maén langlayangan. Ongkoh deuih, tegal nu beulah wétan mah sok dipaké miceun runtah. Pabrik karét nu sok miceun runtah ka sisi Citepus téh. Ngunung-ngunung, malah réa nu mawur kasusukan ogé. Barudak mah sok pa boro-boro ari aya roda runtah kadinya téh. Ngahaja marulung karét pamupus, paranjang, sisirihan, urut neukteukan pamupus.
Aratoheunana pisan mah, mun pareng nimu eusi bal baliter. Giak diacung-acungkeun bari patinggorowok, surak. Barudak Jatayu, Telukbuyung, Baladéwa, Pamoyanan, jeung Kebonkawung mah arang meuli setip, da aralus setip meunang mulung oge. Kitu deui bal baliter, ukur udunan keur meuli bal luarna wé, bal jero namah kari daék paboro-boro mulungan di Merbabu.
Di tegal Merbabu téh aya munding jarah. Ngadon nyatu. Tara aya nu wani ngaganggu. Badag pisan mundingna téh, ngaranana Si Magrib. Tandukna jangkrak, pikagigiseun. Buluna hideung meles, leucir. Tapi heunteu ari galak mah, malah ku barudak mah sok di hareureuyan, ditarumpakan. Sohor pisan Si Magrib téh. Éta wéh da urang Sukajadi gé da loba nu nyahoeun yén di Merbabu aya Si Magrib. Mun aya budak ceurik ogé, ku kolotna téh sok di singsieunan, “pék siah, di bikeun ka Si Magrib!”. Malah sok dipaké ngalandi jelema nu awakna lintuh.
Euweuh nu boga Si Magrib téh. Tara aya nu néangan deuih di mana sok héésna, da ari reup magrib mah, tara aya di tegal. Beurang wungkul, ti mimiti meleték panonpoé. Mun teu nyatuan di tegal, sok tembong ngahakanan keretas di hareupeun lawang Sirnaraga, di Ciroyom atawa di Jatayu.
Loba nu boga anggepan, Si Magrib téh lain munding samanéa. Pajar téh kajajadén. Bisa jadi éta munding téh kakaburan ti pajagalan. Apan di Ciroyom téh, teu pati anggang ti Merbabu, aya pajagalan gedé, bogana pamaréntah (haminteu). Teu pati kapaliré, meureunan, aya munding peunciteun kabur. Tina: Basa Bandung Halimunan- Us Tiarsa R- basa taun ’50 – ’60an.