close

Bahasa Sunda Nu Aya Hubunganna Jeung Nyawah

Kenging : Budi Rahayu Tamsyah
Omongan Ngawuluku – Kawih jang Munding

kiya = maksudna méré nyaho ka munding sangkan lempeng leumpangna.
kalén = biar wuluku asup kana urut tadi, jadi maréntah ka munding supaya ngiser saeutik leumpangna kana urut tadi.
arang = hartina munding leumpangna anggang teuing ti urut tadi, dititah ngiser saeutik semoga deukeut kana urut tadi.
mider = nitah munding agar muter.
luput = maksudna wuluku henteu keuna, nitah munding leumpangna rada tungkul.

Ngagarap Taneuh

malik jarami = malikkeun jarami sawah anu anyar. dipibuatan, upama rék nyawah dua kali atawa tilu kali.
nyambut = ngagarap sawah atawa ngawuluku.
ngawuluku = ngagarap sawah maké wuluku, pikeun nyungkal taneuh.
motong = maculan taneuh anu teu keuna ku wuluku.
ngawalajar = macul ngamimitian.
malik = malikkeun taneuh anu geus dipacul mimiti.
mindo = ngeprék, macul mindo ngancurkeun taneuh anu. masih kénéh tingguruntul.
nganglér = ngaluluh taneuh semoga jadi ancur pisan atawa jadi leutak.
ngacak = miceunan jujukutan jeung anu barala.
ngalelep = ngalelepkeun jujukutan jeung babalaan.
ngararata = ngaratakeun taneuh anu geus dipacul téa.
ngagaru kambang = ngagarap maké garu pikeun ngararata taneuh.

Melak Pare

ngaléan = mimitian mipit paré pibiniheun.
mitembeyan tebar = mimiti ngawurkeun paré kana pabinihan.
tebar = ngawurkeun binih kana pabinihan.
babut = ngarabutan binih paré tina pabinihan tandurkeuneun.
nyaplak = ngagaritan taneuh anu rék dipelakan paré ku caplak.
tandur = melak paré di sawah.
mitembeyan tandur = ngamimitian tandur.
ngarambét = miceunan jujukutan anu jaradi antara tangkal paré.
ngarambét ngabaladah = ngarambét ngamimitian.
ngarambét mindo = ngarambét ngadua kalian.

Kaayaan Pare

sumihung = kaayaan binih paré geus saperti sihung, kira-kira saminggu ti tebar.
bubuni tikukur = lamun aya tikukur nyumput bakal buni, kira-kira umur binih tilu minggu.
béar = binih anu dibabut téh teu loba mawa taneuh. binih nu alus.
ngompol = binih anu dibabut téh akarna loba taneuhan.
lilir = hartina hudang, paré katémbong hirup, kira-kira saminggu ti tas tandur.
gumunda = duanna héjo saperti daun gunda, kira-kira tilu minggu ti tas tandur.
mapak daun = daunna katémbong rata, kira-kira dua bulan ti tas tandur.
nyiram = paré saprti rék reuneuh, kira-kira sapuluh poé ti papak daun.
reuneuh = paré geus katémbong pibuaheunana, kira-kira tilu bulan ti tandur.
celetu = paré geus aya hiji dua anu bijil humutna, kira-kira sabulan ti celetu.
rampak = geus katémbong kabéh humutna, kira-kira sabulan ti celetu.
tungkul = paré mimiti ngeusi, anu matak kaayaanana tungkul.
beuneur héjo = paré geus katémbong beuneur tapi héjo kénéh, kira-kira tilu minggu ti rampak.
sumurawung = paré geus asak namun can meujeuhna dipanén, kira-kira sapuluh poé ti beuneur héjo.
jujumaahan = paré ngadagoan wanci anu mustari pikeun dipanén, kira-kira sapuluh poé ti sumurawung.

Panen

dibuat = ngala paré.
derep = gacong, buburuh dibentuk; diheulakeun anu milu babut, tandur, jsb.
gacong = buburuh dibuat, buruhna sasangga tina sapocong.