Etika Istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda

Adat istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda  Adat Istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda

Kapinteran Orang Baduy

Para Etnologi (elmu bangsa-bangsa) nyebutkeun yen sipat urang Baduy teh konservatip, nya eta kukuh kana etika-istiadat jeung tali-paranti buhun sarta ceuk sawareh deui mah maranehanana teh fanatik pisan. Contona bae maranehna lamun indit-inditan tara tutumpakan, ka mana-mana cukup leumpang. Kitu deui dina tatanen, maranehna teu daekeun make alat-alat hasil kabuyaan anyar kayaning pacul jeung wuluku. 

Meureun konservatip jeung fanatik tea mah ceuk istilah urang wungkul. Lamun dipikir saliwatan mah maranehanana teh barodo pisan. Tapi lamun urang daek leukeun nengetan alam fikiran maranehanana, lila- lila mah bakal breh bae kaharti pangna sikepna kitu teh.

Adat istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda  Adat Istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda



Ngomentaran kana maksud salah saurang Bupati Lebak, salah saurang tokoh Baduy kungsi nyarita kieu : “lamun diayakeun sakola di Baduy, tangtu batur-batur kuring teh bakal palinter. Kuring teu resep kanu palinter, bongan sok silih pinteran, silih tipu jeung silih jonglokkeun papada batur sorangan.

Tuh gening, kitu ceuk manehna mah. Lamun ditengetan mah adat maranehanana teh hade, lain ngan ukur ceuk maranehanana bae, kaalusanana ku urang oge bakal kajudi. Maranehanana ari ngomong sok satarabasna, tara aya anu dikilungan, jalujur sarta jauh tina maksud-maksud panipuan ari ngomong teh. Atuh daerahna, dikampungna, sepi paling towongrampog. Imah maranehanana lamun rek ditinggalkeun iinditan teu perlu dikoncian. Kayaan jeung katentreman masarakat maranehna lamun dibandingkeun jeung masarakat di urang kacida bedana.



Saha anu wani nyebutkeun kaayaan masarakat urang ayem tentrem, sepi paling towong rampog ? naha kaayaan masarakat urang teh geus adil jeung mamur? Makara lamun kitu mah alus mana, tengtrem mana, antara penduduk Baduy jeung masarakat urang ?

Memang matak kaharti jeung matak kapuji maksud hade Bupati Lebak rek ngayakeun sakola di Baduy teh, namun ieu maksud teh rupana can waktuna mampu dilaksanakeun ayuena-ayeuna sabab urang sorangan an mampu nembongkeun kaalusan asarta mangpaat hasil sakola teh kamaranehanana. 

Lamun akhlak-stiadat jeung kaayaan di urang leuwih alus tibatan di Baduy, tangtu urang Baduy bakal katarajieun, da maranehanana sanajan teu sarakolaa oge barogaeun asumsi, barogaeun jeujeuhan. Tapi salila kaayaan di urang masih ramijud kaya kieu mah, tong miharep urang baduy kabongroy ku hasil kabudayaan moderen. Maksud hade rek “Ngabudayakeun an waktuna digarap, leuwih hade urang bae ti ayeuna nembongkeun kaalusana masarakat urang, pangpangna dina widang mentalna, samemeh nyoba-nyoba ngaguruan ka urang Baduy.

Adat istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda  Adat Istiadat Suku Baduy Dina Bahasa Sunda


Urang ngarasa leuwih, pedah eta enah urang mah geus nyaho sarta ngasaan hasil-hasil kabudayaan jeung teknologi moderen, hal ieu teh kudu dijadikeun angkeuhan, sabab manusa moderen ayeuna mah lamun mentalna geus bejad (Sarta memang loba nu geus barejad) balukarna loba kajadian loba kajadian anu leuwih jahat batan sato. Silih tipu silih jongklokkeun  (fitnah), silih hakan jeung silih paehan, henteu di somah henteu di menak

Soal kajadian bae anu remen diambeng ku sawatara pamingpin resmi lamun ku urang rek loba dicaritakeun mah matak ngahudangrasa hayang utah, komo soal kamamuran anu bisa dirandapan ku sakumna rahayat mah lamun rek didagoan tea mah boa-boa kaburu manjing kubur manten samemeh mamur.

Ceuk kuring mah leuwih hade heulakeun bae ngomean anu ramijud di sadaerah-sadaerahna  samemeh urang ngalengkah kana widang sejen. Lamun aya uang mah, heulakeun bae ngomean sarta nulung anu balangsak anu kacida narampeuna hareupeun urang. (S.B) Dicutat tina: Koran Sunda KUJANG Jumaah 15 Agustus 1975.