Kumpulan Paribasa Sunda Jeung Babasan

Kumpulan Babasan Sunda

  • Ari diarah supana, kudu dipiara catangna. Hartina : Naon baé anu méré hasil ka urang kudu diurus bener-bener.
  • Asa nyanghulu ka jarian. Hartina : Ngawula ka nu sahandapeun umur, pangarti atawa pangalamanana.
  • Asa rawing daun ceuli. Hartina : Teu ngeunah haté ku karena remen pisan ngadéngé omongan batur anu matak teu ngeunah.
  • Awak sampayaneun. Hartina : Maké pakéan nu kumaha ogé lucu baé, pantes baé.
  • Aya di sihung maung. Hartina : Ku karena loba kawawuh gegedén, dina aya karerepet atawa kaperluan anu penting téh, gampang naker meunangna pitulung.
  • Aya réngkolna. Hartina : Aya tulisanana.
  • Bluk nyuuh, blak nangkarak. Hartina : Kabina-bina rajinna, dina enggoning nyiar kipayah.
  • Bohong dirawuan. Hartina : Kacida rahulna.
  • Budi santri, légég lebé, ari lampah euwah-euwah. Hartina : Ari laku-lampahna mah kawas santri, namun sok daék cukat-cokot (ceceremed).
  • Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung. Hartina : Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku batur.
  • Carang takol. Hartina : Saeutik caritana. Nu diomongkeun téh dicokot perluna bae.
  • Deukeut-deukeut anak taleus. Hartina : Ari imah mah puguh oge padeukeut, ngan hanjakal henteu nyaho ti baréto, yen éta téh baraya.
  • Diguley ku taina. Hartina : Duit anu dijalankeun téh, beuki lila beuki gedé, lain ku karena modalna ditambahan, tapi ngagedéanana téh ku karena loba kauntunganana.
  • Dihurun-suluhkeun = Dikompét-daunkeun. Hartina : Saréréa disaruakeun baé. Mun salah, salah saréréa. Mun bener, bener saréréa.
  • Élmu sapi. Hartina : Samiuk (guyub) dina kagorengan.
  • Endog sasayang remek hiji, remek kabéh. Hartina : Kajeun cilaka babarengan ti batan ngan saurang anu salamet, ari nu séjénna mah carilaka kabéh.
  • Gedé gunung pananggeuhan. Hartina : Boga jago atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi gegedén. Dina urang aya kare­repet atawa butuh ku pitulung, éta jelema bisa nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaanana.
  • Gusti Allah tara nanggeuy di bongkokna. Hartina : Gusti Allah tara nangtayungan ka mahlukna anu salah atawa boga dosa ka papada kawula.
  • Hurung nangtung siang leumpang. Hartina : Eukeur mah beunghar, loba pakéan anu aralus, turug-turug resep ngaginding deuih.
  • Jati kasilih ku junti. Hartina : Pribumi kaéléhkeun ku urang ajaib, upamana : dina perkara nyiar kipayah.
  • Jauh tanah ka langit. Hartina : Pohara bédana, ngeunaan kakayaan atawa martabatna. Kahayang anu luhur teuing, pimohaleun kahontal.
  • Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran. Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.
  • Karawu kapangku. Hartina : Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus mampu nutup pangaluaran. Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
  • Kawas cai dina daun taleus. Hartina : Ngaléak-léak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.
  • Kawas hayam panyambungan. Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.
  • Kawas ka budak rodék hulu. Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.
  • Kawas nanggeuy endog beubeureumna. Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisi jelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.
  • Kawas nu mulangkeun panyiraman. Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh akhir hayat mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé, sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.
  • Kawas siraru jadi. Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
  • Kawas supa jadi. Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.
  • Langkung saur, bahe carék. Hartina : Sok gampang ngagelendeng atawa nyarékan.
  • Medal sila. Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, lantaran ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.
  • Naheun bubu pahareup-hareup. Hartina : Pahutang-hutang, si A boga hutang ka si B jeung si B ogé boga hutang ka si A.
  • Nanggung bugang. Hartina : Kapapaténan ku dulur sakoloteun atawa sangoraeun.
  • Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman. Hartina : Ngariung, rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
  • Nété semplék, nincak semplak. Hartina : Ninggang dina salah jeung rugi baé, turug-turug kasusah nambahan deuih.
  • Ngaliarkeun taleus ateul. Hartina : Ngucah-ngacéhkeun perkara atawa rasiah batur anu matak ribut jeung teu ngeunah ka saréréa.
  • Ngarawu ku siku. Hartina : Loba teuing anu disanghareupan ku karena hayang meunang kauntungan anu gedé, temahna teu meunang kauntungan naon-naon, sabab ieu teu kacabak, itu teu kapigawé.
  • Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan. Hartina : Nu keur sulit ditambah deui kasusah­anana.
  • Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. Hartina : Nu tani jeung nu jualan sarua ripuhna, euweuh nu mulia.
  • Nu titeuleum disimbeuhan = Nu borok dirorojok. Hartina : Nu keur nandangan lara jeung sulit, heug ditambahan kanyenyerianana deuih.
  • Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah. Hartina : Nambahan kauntungan atawa kakayaan ka nu geus beunghar.
  • Nyair hurang meunang kancra. Hartina : Sugan teh arék meunang kauntungan; kamuliaan atawa bagja anu leutik, manahoréng meunang kauntungan, kamuliaan atawa bagja anu gedé.
  • Nyaliksik ka buuk leutik. Hartina : Nyusahkeun, peperedihan atawa pépéntaan ka jelema anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
  • Nyalindung di caangna. Hartina : Ngahaja meres rahayat semoga meunang kauntungan anu leuwih gedé ku jalan ngajual ngaran pamaréntah, pangagung atawa dunungan.
  • Nyalindung ka gelung. Hartina : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana. Nu dipalar milu hirup bahagia, teu karana hésé jeung capé.
  • Nyanggakeun suku genténg belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang. Hartina : Sumerah, masrahkeun diri, rék dibeureum rek dihideung kari kumaha di dinya baé, tina rumasa geus salah atawa boga dosa.
  • Nyeungeut damar di suhunan. Hartina : Ku karena pupujieun, ari ka deu­ngeun mah daréhdéh jeung méré mawéh, tapi ari ka baraya atawa ka dulur sorangan mah sabalikna haseum kecerdikan jeung korét deuih.
  • Nyeungseurikeun upih ragrag. Hartina : Akey-akeyan nyeungseurikeun batur, duméh buuk geus bodas, huntu geus ompong, tonggong geus bengkung, turtaning ieu téh kahareup mah ku urang saréréa bakal kasorang.
  • Nyiar batuk piaraheun. Hartina : Nyiar pigujrudeun, pipaséaeun.
  • Nyiuk cai ku ayakan. Hartina : Pagawéan anu mubadir, moal ngahasilkeun naon-naon.
  • Nyuhun, nanggung, ngélék, ngégél. Hartina : Rébo pisan, loba naker babawaanana.
  • Pada rubak sisi samping. Hartina : Sarua bae pada loba- luangna, pada loba pangalamanana.
  • Pagirang-grang tampian. Hartina : Paunggul-unggul dina néangan pangupa jiwa.
  • Pakokolot supa. Hartina : Patungturun umur, bédana ogé teu sakumaha.
  • Pindah cai, pindah tampian. Hartina : Robah daerah matuh, robah budpekerti jeung kabiasaan.
  • Piruruhan dikatengah-imahkeun. Hartina : Nu dusun kurang didikan, dibawa kana médan (pasamoan).
  • Raweuy beuweungeun, rambay alaeun. Hartina : Loba dahareun, da loba pepelakan.
  • Rejeki maungeun. Hartina : Rejeki anu gede anu datangna bleg sakalian, ngan hanjakalna rejeki anu bleg-blegan kitu mah langka pisan kapanggihna.
  • Reuntas ku tingkah. Hartina : Turun harkat ku karena goréng laku­lampah.
  • Riung mungpulung. Hartina : Duduluran karumpul kabéh.
  • Rujak sentul. Hartina : Jelema nu teu ngartieun kana maksud omongan atawa carita batur.
  • Rusuh luput = Gancang pincang. Hartina : Migawé naon bae anu rurusuhan, temahna matak kaduhung, sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
  • Sabata sarimbagan. Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
  • Sagara tanpa tepi. Hartina : Euweuh anggeusna, euweuh béakna.
  • Samagaha pikir. Hartina : Bingung, poékeun haté, sulit pikir.
  • Sangsara di geusan betah. Hartina : Teuing ku miskin, teu boga naon-naon pisan ku karena geus embung digawé nyiar kipayah. Anéhna téh, ari hirup mah hayang kénéh.
  • Sapi anut ka banténg. Hartina : Awéwé nuturkeun ka salakina.
  • Sareundeuk saigel = Sabobot sapihanéan = Sabata sarimbagan. Hartina : Sauyunan, layeut, tara aya pacéngkadan.
  • Sari gunung. Hartina : Ngeunaan ka jelema anu ti kajauhan mah katémbongna teh kasép atawa geulis, tapi ari geus deukeut bréh baé yén rupana teh goréng patut.
  • Satru kabuyutan. Hartina : Musuh nu geus lila pisan.
  • Sawan geureuh. Hartina : Teu nrimo rék kawinna, boro geus loba nu nyarahoeun jeung nyaritakeun.
  • Sawan goléah. Hartina : Mondok teu milih heula tempat anu pantes; abong-abong geus tunduh, di mana baé dugna. Di dinya tunduh, di dinya goléah.
  • Sawan kuya. Ari naékna mah bisa jeung gampang, ngan turun­na teu mampu jeung hésé deuih. Gampang ari meunangna pagawéan mah, ngan hésé béléké pikeun kaluarna.
  • Sereg di buana, logor di liang jarum. Hartina : Ku karena loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu ramé, sabab sieun; karesepna teh di nu suni, nu euweuh jelema.
  • Seukeut tambang manan gobang. Hartina : Sakumaha gagahna, wanina jeung ngalawanna ogé, jalma jahat mah permulaan-ahir tangtu katangkepna ku pulisi.
  • Seuneu hurung, cai caah. Hartina : Keur amarah, keur ambek, keur napsu.
  • Seuseut batan neureuy keueus. Hartina : Hésé pisan.
  • Sieun bahé tuluy tamplok. Hartina : Sieun rugi saeutik, jadina rugi gedé pisan.
  • Sieuran. Hartina : Sapaliwat mah siga goréng rupana, tapi lamun diawas-awas bet tegep tur elok.
  • Sireum ateulan. Hartina : Teu rata gedéna, atawa teu rata leutikna; gedé sawaréh.
  • Sireum ogé katincak-tincak teuing mah tangtu ngégél. Hartina : Nu leutik, tur hina ogé, ari dikaya-kaya teuing mah tangtu ngalawan ngabéla diri.
  • Sirung ngaliwatan tunggul. Hartina : Darajat atawa milik anak, ngaluhuran bapa. Anak ninggalkeun paéh ka indung atawa ka bapana.
  • Situ kaliung ku taman. Hartina : Anu heubeul, éta nu kawentar atawa kamashur. Anu anyar mah henteu. Upamana : Ngeunaan imah jst.
  • Sosoroh ngadon kojor. Hartina : Kikiriman ku karena aya pangarahan, tetapi boro-boro meunang kauntungan, kalah ka meunang wiwirang jeung karugian.
  • Suku dljieun hulu, hulu dijieun suku. Hartina : Digawé nyiar kipayah, kalawan méakkeun tanaga jeung pikiran.
  • Tai ka hulu-hulu. Hartina : Teuing ku bodo.
  • Taman kaliung ku situ. Hartina : Nu anyar anu kawentar, lain nu heubeul. Ngeunaan barang, upamana : imah.
  • Tamiang meulit ka bitis. Hartina : Meunang wirang ku karena ngucah-ngacéhkeun rasiah batur.
  • Tamplok batokeun. Hartina : Béréhan teuing, nepi ka urang mah susah.
  • Tanggung rénténg. Hartina : Nginjeum duit ka Bank Ra’yat babarengan, nu jadi borehna lain imah, atawa tanah, namun anu ngarinjeum téa silih borehan.
  • Taya dunya kinasihan. Hartina : Ka saha baé ogé anu dipikaasih ku urang mah, euweuh hiji barang anu dikorétkeun.
  • Taya halodo panyadapan. Hartina : Taya eureunna digelendeng atawa dicarékan.
  • Témbong tambagana. Hartina : Katémbong kagorénganana.
  • Teu boga pikir rangkepan. Hartina : Teu curiga saeutik-eutik acan.
  • Teu dipiceun sasieur. Hartina : Sarua pisan teu aya bédana saeutik-eutik acan.
  • Tisusut-tidungdung. Hartina : Kumawula ka dunungan atawa ka anak-pamajikan kalawan popohoan teuing, nepi ka nyanghareupan rupa-rupa kasusah.
  • Titip diri, sangsang badan. Hartina : Mihapékeun diri.
  • Tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan. Hartina : Junun nyanghareupan pagawéan anu nuju dilampahkeun, teu kaganggu ku naon-naon.
  • Uncal tara ridu ku tanduk. Hartina : Jelema mah tara pusing atawa kaganggu ku élmuna anu loba.
  √ 22 Ngaran Samara atau Nama Bumbu Bahasa Sunda