Nganjang Ka Baduy Jaman Baheula

 Kangaraning nganjang ka hiji tempat anu r Nganjang ka Baduy Jaman Baheula

Kangaraning nganjang ka hiji kawasan anu réa, kabéjakeunana, anu ceuk dongéng bala réa mah loba pisn hal-hal anu anéhna, méméh naon-naon téh tangtu hayang nyaho kumaha cara-carana urang baduy nampa sémah. mangkaning kabéjakeunana mah, cecenah sagala kudu prak sorangan sémah jeung, pajar urang Baduy sok ngadalahar angeun hiris maké bacem lutung sagala rupa.

Tur padahal anu saenyana mah boro-boro angeun hiris, da apan ngangeun téh buyut pikeun urang baduy mah. Atuh lutung boro-boro didahar, da apan iwal ti sato-sato anu meunang diala dina rék kawalu mah, teu meunang ngdahar daging sato anu séjén. Daging téh ukur mencek atawa uncal jeung buut (tupai). Mun teu meunang nya osok ogé peucang. Kitu ogé anu geus jelek mah: bating ! cenah.

Di Baduy luar Sémah teh teu petot disuguh dahar jeung lauk hayam. bener hayam mah kudu dipencit ku sémah, tetapi ngasakanana mah barisaeun. Malah réa anu mangkokodokkeun sagala di Ciujung. Nu kapanggih mah, kadaharan urang Baduy mah euweuh nu pikarujiteun.

Ari di Baduy jero susuguh nomer wahid téh nya éta wayu.
Buktina mah lahang geus rada haseum. Ngeunah jeung matak mabok. Ditéma ku lahang biasa, ci duwegan, cau asak jeung cau beuleum. Mun dahar, sanguna (tangtu) sangu huma. Ngan di cibéo mah teu meunang sina pulen, kudu sina morolok baé. Ngahuapna gékudu dibaheuman. Minangka deungeun sanguna, cengék di pékprék atawa diréndos. Lalabna : reundeu, pohpohan, boros cemrang atawa dikulub, humbut, uyah peuteuy beuleum sarérab (sahéab). nginumna mah umumbaé cai entéh, ngan entéhna meunang moé sorangan (téh héjo). Ari laukna sapopoé mah: tarasi, teri atawa peda dibeuleum.

  Sejarah Berdirinya Sekolah Kautamaan Istri Dewi Bagian 2

Da puguh ogé ngan ukur nganjang. Ukur dua poé sapeutingsakali indit téh. Atuh dina dua kali nganjang téh ukur ukur meunang titimuan saliwat baé. Ieu mah ukur oleh-oléh nganjang, lain beunang studi husus. Lumayan keur anu panasaran wungkul. Dicutat tina majalah Sunda Sipatahunan.